Kamis, 30 Oktober 2008

BASA SUNDA ( Carpon ) "YANG DIATAS ITU......"

Poe Jumaah, meunang deui tugas, kudu ngajar ka Surabaya, teu wudu rada tihothat neangan karcis kareta api, lantaran geus biasa mun mangsa liburan saperti kieu, alamat moal kabagean kareta api.

Babaturan nu biasa jadi “partner” mun kabeneran ngajar ka luar kota, ngarurusuh ngajak ka Stasion Kereta api, neangan karcis keur poe Saptu, sangkan bisa tepi ka Surabaya poe Minggu isuk-isuk.

Teu jauh ti sangkaan, kareta api jurusan Surabaya, ti mimiti “Argo Wilis”, “Turangga” nepi ka kelas ekonomi pisan “Mutiara Selatan” pinuh kabeh, waktu nanyakeun ka petugas informasi, aya-aya deui nu kosong teh keur poe Senen-na, minggu hareup.

Tapi aneh, ari di calo mah, nu ngajual karcisna bari haharewosan tea, karcis “Argo Wilis”, anu harga resmina Rp 195.000,- ditawarkeun jadi Rp 300.000,- dijamin aya basana teh, oge karcis “Turangga” nu harga resmina Rp 165.000,- ditawarkeun jadi Rp 250.000,-. “Ditanggung berangkat”. Basana ge.

Terus terang we, harga karcis di calo mah teu wanina meulina, lantaran dina “Surat Perjalanan Dinas” ge ongkos teh ukur ditulis Rp 165.000,- ngan cukup keur tiket resmi “Turangga”, ganjor teuing kudu nombokkannana.

Beus malam langganan “Kramat Jati”, jurusan Surabaya mah sarua. Nepi ka poe Senen mah pinuh cenah, lantaran kabeneran liburan sakola. Disarankeun ku “petugas ticket”, cobaan cenah ka Jalan Kebon Jati, aya beus malam “Pahala Kencana” jurusan Surabaya, sugan aya keneh tempat.

Deregdeg balik deui ti Jalan Ambon ka Jalan Kebon Jati, neangan alamat agen beus malam “Pahala Kencana”. Kabeneran aya keneh tempat, kari duaaneun deui, korsi pangtukangna, kajeun teuing cekeng teh ditukang oge, asal kabawa we, buru-buru dibayar, ongkos beus ka Surabaya Rp 122.000,-

Isukna poe Saptu, ngahaja shalat Ashar ditarik, dihijikeun jeung shalat Dzuhur, bisi riweuh dina beus mah. Beres shalat, dianteur ku anak nu panengah, kana motor, lantaran kudu bari angkaribung, sagala dibawa, sajaba ti pakean teh, oge mawa buku materi, keur para siswa engke di Surabaya.

Jigana geus kitu we tariking cilaka, neundeun motor teu pati tarapti, mokahaan teuing deuih ongkoh. Asa geus ajeg rarasaan mah neundeun motor teh, tukangeun sedan nu keur parkir, tapi barang dilesotkeun lain cicing motor teh, kalah tigubrag ka lebah katuhu, setang motor nu lebah katuhu, persis ninggang lampu mobil sedan nu keur parkir tea, sedan weuteuh pisan, Honda City, taun 2000, katinggang setang motor teh bolong persis sagede tungtung setang.

Luak-lieuk neangan nu bogana, aya nu nuduhkeun, nu bogana teh cenah nu boga beus “Pahala Kencana”, sakalian lapor ka petugas ticket, nanyakeun menta papanggih jeung nu boga mobil sedan tea, si petugas ticket teh, kalah tetelepek sagala ditanyakeun, rek aya maksud naon cenah hayang manggihan nu boga mobil sagala, naha ngahalangan batur mobilna, atawa kunaon cenah.

Rada nyeuneu ari sagala ditanyakeun kitu mah hate teh, sakalian we ditungtun kaluar si “petugas ticket” teh, bari ditingalikeun lampu mobil nu bolong alatan katinggang ku setang motor, geus nyaho kitu mah buru-buru manehna lumpat, lapor ka dununganana yen mobilna ruksak, nu norojol teh kalah budak rumaja putri deuih, bari hariweusweus nanyakeun aya-aya naon.

Sakali deui budak rumaja putri teh ditungtun ka tempat parkir, ditingalikeun, sakalian disebutkeun yen lampu mobilna katinggang ku setang motor kuring, mun perlu digantian, rek digantian cekeng teh, teu ngajawab budak teh, kalah ngabecir, balik deui ka jero kantor, bari jamedud beak karep. Teu kungsi lila kaluar deui, sakalian dituturkeun ku indungna ayeuna mah, jigana teh.

Indung jeung anak sakali deui dituduhkeun ka tempat parkir, ngahaja make basa Indonesia, jeung nyebut Enci deuih, da yakin lain urang Sunda :”Mobil Enci ini, kesenggol sepeda motor saya, tidak sengaja memang, tetapi jika perlu akan saya ganti, berapa kerugiannya, silahkan hitung”.

Bari rada nyureng si Enci teh ngajawab : “Aduh Pa, harganya mahal”.

“Kalau mahal, dan tidak bisa saya bayar hari ini, saya bayar nanti setelah saya kembali dari Surabaya, minggu depan”. Cekeng teh.

Dina hate mah terus terang rada gimir oge, lantaran nyakuan duit dina saku, “Uang Perjalanan Dinas” teh kari Rp 400.000,- keur kaperluan sapopoe salila di Surabaya, lantaran geus dipotong ku indung “si kucrit” keur kaperluan di imah.

Katambah-tambah calon panumpang geus nungtutan daratang, kantor ngarangkep “ruang tunggu” teh, beuki pinuh bae, teu wudu keur aras-urus teh, pada ngalalajoanan ku calon penumpang sejen, Si Enci nyatet ngaran jeung alamat, anakna nelepon “Dealer Onderdil Honda” nanyakeun harga lampu mobil, supaya ngagantiannana puguh cekeleunana. Rengse nelepon budak teh bebeja, yen harga lampu teh Rp 1.050.000,- geus dikorting 5 % cenah.

Teu jauh ti sangkaan, duit nu aya dina saku moal pimahieun keur ngagantiannana, kesang tiis mimiti bijil, maseuhan awak, nu diinget wiwirang bakal kaalaman poe ieu, hate beuki tagiwur, Si Enci can puguh percayaeun, jigana, mun djijangjian dibayarna sarengsena ngajar ti Surabaya engke.

Bari neger-negerkeun maneh, ngomong ka si Enci : “Enci, terus terang uang saya nggak cukup, tapi biaya itu akan saya ganti, kalau percaya, beri saya tempo sampai pulang dari Surabaya, Senin depan saya baru pulang kembali ke Bandung”.

Ningali paroman si Enci, yakin teu percayaeun. Tapi encan ge ngajawab, ti tukangeun aya nu noel, bari nanya : “Kang Maman ! ada apa ini ?” Panasaran dilieuk katukang, bari teu percaya bet aya nu wawuh, sihoreng baraya keneh, Mas Gatot, kuring nyebut ngaranna teh, salaki adi misan ti pamajikan, urang Malang aslina mas, tugasna di PT. Timah di Bangka, keur nganteur adina nu rek ka Malang, ngadon cuti cenah di Bandung.

Hate beuki ngareunteut, wiwirang nu bakal kaalaman jeung si Enci, baraya bakal nyahoeun, bari rada geumpeur ngajawab teh : “Oh Mas Gatot. ini Mas, Kang Maman mau ke Surabaya, tadi kesini naik motor, taunya motornya jatuh, kena mobilnya Enci ini, harus mengganti, tapi uang Kang Maman nggak cukup, tadi dijanjikan diganti setelah pulang dari Surabaya nanti”.

“Sabaraha harus menggantinya ?” Mas Gatot nanya bari direumbeuy ku basa Sunda. Dibejakeun satarabasana, kudu ngagantian sajuta lima puluh rebueun.

Bari nyanghareup ka si Enci, Mas Gatot ngomong : “Sudah Ci, saya ganti semuanya”. Kusiwel nyabut dompet, ngaluarkeun duit ratusan rebu sapuluh lambar, rumpu-rampa kana pesakna, nyabut deui duit lima puluh rebuan, dientep, terus dibikeun ka Si Enci, bari ngomong : “Nih saya ganti semuanya, selesai kan ?”.

Kuring olohok, teu percaya, bari dareuda, ngan ukur ngomong : “Aduh, Mas, terima kasih”. Ngan sakitu-kituna, bisa ngomong teh.

Mas Gatot bangun nu surti, kana hate nu keur teu puguh rasakeunana, bari ngomong satengah ngajujurung : ”Sudah jangan dipikirkan, tuh beus yang ke Surabaya sudah datang, ayo Kang Maman mah berangkat saja, jangan dipikirkan lagi. Nanti ngajarnya, nggak bener lagi di Surabaya !”.

Samemeh naek kana beus, teu poho ngajak sasalaman ka Si Enci, malah aya salakina ayeuna mah, milu ngariung. Bari sakali deui ngomong, lain dihaja nepi ka lampu mobilna ruksak. Si Engko, salakina si Enci tea, bari sasalaman teh ngomong ngaharewos : “Terima kasih banyak Pak, padahal kalau Bapak tidak bilang pun, kan tidak ada yang mengetahui, bahwa Bapak yang memecahkan lampu itu”.

“Iya situ tidak tahu !, tapi “Yang Diatas Itu”, kan tahu !” Cek kuring, bari nunjuk kaluhur.

Nyangsaya dina korsi, bari ngadagoan beus maju, teu karasa cimata ngalembereh mapay pipi, bari peureum, hate leutik mah ceurik : “Emh……, Alhamdulillaah Gusti, ku pitulung Anjeun, yakin, dina waktu nu sekedet netra, sim kuring kaluar tina wiwirang, aya nu haat mangmayarkeun”.

Keur ngararasakeun kani’mat Allah nu karandapan harita, kadenge aya nu nyalukan, di tingali teh “petugas ticket” bari nyampeurkeun : “Pa Maman, itu Ibu nunggu dibawah !”.

“Ibu siapa ?” Ngajawab teh rada nyentak, keur ngararasakeun ni’mat Allah, asa kaganggu.

“Itu Ibu yang punya mobil, nunggu dibawah Pa !”.

Dihandap Si Enci jeung Si Engko, keur ngadagoan, disampeurkeun bari ditanya : ”Apa lagi yang kurang ?” rada tarik jigana nanya teh, katingali siga nu rareuwaseun, jeung ongkoh rada ambek nanyana ge, memang.

Si Enci na nu ngajawab teh : “Begini Pa !, sebenarnya mobil itu masih ada asuransinya, jadi kalau nanti oleh asuransi, kerugian itu diganti, uang yang tadi, ingin kami kembalikan lagi kepada Bapak, setelah Bapak pulang dari Surabaya nanti, silahkan telpon saya”.

“Kenapa Enci bilang lagi sama saya, kan untung sebenarnya, dari adik saya dapat penggantian tadi, lalu nanti dapat lagi penggantian dari asuransi !”.

Si Engko nu ngajawab teh : “Memang Bapak tidak akan tahu, kalau kami tidak bilang, tapi kan, “Yang Diatas Itu” tahu”. Bari nunjuk kaluhur, persis saperti kuring tadi.

Teu karasa babaturan, gigireun ngagerendeng : “Heueuh nya, da’wah teh teu kudu gogorowokan dina podium ge bisa. Asa Umar Bin Khaththab jeung tukang ngangon domba tea euy, waktu diolo sangkan ngajual dombana, pedah dununganana mah teu nyahoeun ieuh, cek budak angon teh geuning harita, “enya ari dunungan mah teu nyahoeun, tapi ari Allah mah nyahoeun pan ?”

Saminggu ti harita, kuring balik ka Bandung, panasaran si Enci ditelpon, enyaan ku asuransi digantian, duit dipulangkeun, dipotong dua ratus rebu, nu kudu dibayar ku sorangan.

Mas Gatot geus aya di Bangka, ngahaja ditelpon, duit rek dikirimkeun lantaran digantian ku asuransi, mun bisa menta nomer rekening bank na. Kumaha jawabna :”Teu kudu digantian, da lain ngahutangkeun cenah”.

“Nuhun Gusti”. Ukur bisa kitu, hate mah ceurik. Ceurik kabungah. Semester ieu si Cikal kabayar uang kuliahna.

Tidak ada komentar: