Sabtu, 08 November 2008

ATIKAN/BASA/DAKWAH : "WARISAN"

“Kang, cek batur mah ieu mah, ari bade diical ku harga sakitu mah, ngimpi cenah, moal aya nu kersaeun meserna oge, malah dina hate Enok ieu mah, aya curiga, boa-boa Engkang ngahargaan sakitu teh, pedah Engkang mah aya niat dina hate, moal rek ngical bumi eta”.

“Ikh….., ari Engkang mah satadina ngahargaan sakitu teh, lantaran teu nyaho sabaraha harga pasaran didinya, mun ngahargaanana leutik, bisi kamurahan teuing, ari ngahargaan sakitu mah, cek pangrasa ieu mah, pan mun aya nu niat meuli teh, bakal nawar, sabaraha panawaranana, Engkang ge moal keukeuh hayang sakitu, ilahar we jeung harga nu meuli, aya mah nu nawarna, harga mahal teuing cenah, urang turunkeun, matak naon”.

“Tapi karasana ku Enok mah, Engkang teh teu aya niat ngajual, padahal pan eta mah warisan, titinggal Apa, wariskeuneun pikeun anak-anakna, urang bagikeun buru-buru, terus terang Enok teh, keur butuh pisan ayeuna teh, jadi hoyong enggal-enggal diical, ngarah Enok bisa tereh-tereh mayar hutang”.

“Geus ngahutang deui wae, teu aya euih-euihna pisan, ari maneh, urut ngahutang naon deui maneh teh, mani jiga nu popohoan kitu hayang ngajual imah teh”.

“Terus terang Enok teh, ngagadekeun BPKB mobil nu Kang Iing, ku Enok teh digadekeun ka rentenir di gigireun imah, ari kamari Kang Iing nananyakeun bae, dikamanakeun cenah BPKB, itu mobil rek diperpanjang STNK-na”.

“Ke…. ke, naha maneh ngagadekeun BPKB teh si Iing teu nyahoeun kitu, nginjeum duit keur naon deui atuh maneh teh ?”.

“Keur modal ari duitna mah, tapi lapur Enok teh, modal ledis duit teu nyesa, ari ayeuna di gugujeg wae ku Kang Iing, da STNK na kudu diperpanjang, angkeuhan teh pedah aya harepan tina ngajual imah tea, matak Enok ngarurusuh ngajual imah teh, kitu tah dongengna mah”.

“Untung siah, salaki maneh teu nyabok ge, wani-wani ngagadekeun barang salaki, bari salaki teu nyahoeun, sakitu ge sabar salaki maneh mah, Enok”.
“Nu matak ge kitu, mana mun aya niat rek ngajual teh, ulah luhur-luhur teuing atuh hargana, sabaraha we harga nu rek meuli, tong keukeuh kudu sakitu bae”.

“Heueuh saha nu rek meulina, mun aya ge nu rek meulina, sina kadieu, urang padu harga, sabaraha kawani itu ? Sabaraha urang bisa nurunkeun hargana, ieu mah can aya nu nawarna, geus nyebut luhur teuing. Ieuh Enok, barina ge lamun tea mah laku, engke teh kudu we bebeja ka rai-rai Apa di Kuningan, jeung barina ge ngajual imah mah teu jiga ngajual pisang goreng, moal ujug-ujug laku, terus crung-creng, aya dangka heula, aya jangka waktuna, moal pok-pek kawas ngajual jaar”.

“Enya kaharti, tapi da Enok butuh pisan keur mayar hutang, malah mun bisa mah tulungan atuh ku Engkang lima juta mah, engke mayarna mun imah laku, potong tina bagian warisan Enok”.

“Ari maneh ku keukeuh sok ngabalanjakeun duit nu can aya, ieuh…. Enok, ngajual imah can puguh laku poe isuk, cik atuh ….. da duit sakitu teh, lain eutik-eutik”.

“Pedah we aya bejana, Engkang tas ngajual mobil, sugan bisa nginjeumkeun sakitu mah”.

“Yeuh Enok, enya Engkang teh tas ngajual mobil, eta teh keur ngabiayaan barudak sakola, da puguh Engkang teh teu jiga baheula deui, geus teu boga panghasilan naon-naon deui ayeuna mah, ngajual mobil ge dimurah-mareh teh lain bohong, asal keur bisa mayar kuliah barudak jeung kaperluan sapopoe, geus lila Engkang teh tara ngabalanjaan ka Teteh-na, ku euweuh panghasilan deui, nepi ka jujualan kitu teh, keur ancokeuneun balanja sapopoe, lain teu hayang nulungan, tungguan we dina waktuna laku mah imah teh, moal kamana. Malah mun laku imah teh, kade sing inget, kudu bebeja ka rai-rai Apa, lantaran Engkang mah rumasa anak tere Apa, atuh maneh Enok sing inget, yen Enok teh, anak angkat Ema jeung Apa, lamun tea mah ku rai-rai Apa diserenkeun ka Engkang, mun satuju mah urang bagi, antara anak lalaki jeung anak awewe we, lalaki dua pertilu, awewe sapertilu, ngan jaga teh, najan Engkang kabagian duapertilu, nu sapertiluna rek dibikeun ka Si Ono”.


-----mmd-----

“Engkang ! kamari teh Enok ngahaja ka Kuningan ngadongengkeun rencana Engkang ka rai-rai Apa diditu, sarerea ge pada nganaha-naha Engkang boga rencana kitu teh, malah pok pisan Mang Nandang mah, teu adil si Engkang teh upama boga rencana kitu mah, adilna-mah kieu yeuh cek Mang Nandang teh “Lamun imah teh payu lima puluh juta upamana, si Engkang duapuluh juta Enok dua puluh juta, sesana anu sapuluh juta bagikeun sing rata, karek adil”, kitu tah Mang Nandang mah yariosna ka Enok kamari.

“Aturan ti mana jiga kitu, tapi teu jadi halangan ketah, lamun kitu mah yakin weh aya nu teu satujueun kana rencana Engkang teh, kukituna rek diserenkeun we ka Rai Apa nu pang sepuhna, malah ayeuna pisan ge Engkang bisa kaditu, ka Kuningan, keur ngalelempengna”.



-----mmd-----

“Aeh, aeh…. Alo geuning, iraha ti Bandung ?”.
“Nembe we, ngahaja puguh ge ngabujeung kadieu, malih langsung ti Bandung teh, teu kamamana heula, kumaha daramang Emang sareng Bibi sapara-putra ?”.

“Alhamdulillaah, dina waktu ieu mah Emang jeung Bibi-na teh, nuju sarehat sakieu mah, sawalerna kuma Alo Istri sapara-putra di Bandung ?”

“Aya hibar sadaya ge dina wangkid ieu mah, mugi-mugi bae sing saterasna. Puguh kieu ieu teh Mang, digariduskeun we badaratna mah, meungpeung kempel sareng Bibi, tadi teh enjing-enjing kadongkapan ku Si Enok, kumaha ngadongeng awal ka sepuh-sepuh didieu mah teu patos dipalire tadi teh, nanging jejer cariosna mah saurna teh, sepuh-sepuh didieu di Kuningan, nganaha-naha abdi gaduh rencana anu didongengkeun ka si Enok”.

“Oooh…… leres kitu, malah Emang nu nyariosna. Kaliru si Engkang mun ngabagikeun jiga kitu mah, satuju Emang teh mun rek dibagi sapertilu jeung duapertilu mah, tapi waktu nu sapertiluna rek di bikeun ka Si Ono, asa kaliru cek Emang mah, naon hubunganana Si Ono jeung harta warisan, pira ge anak badega si Ono mah, teu hir teu walahir, kitu Emang teh ngadongeng ka si Enok, mangkukna…”.

“Hapunten Mang. abdi tos kumawantun, utang-etang jiga kitu sareng Si Enok teh, pedah aya ayat “Lidz dzakari mitslu hazh zhil –unsayain”, bagian lalaki dua kali lipet bagian awewe. Ari emutan harita nu aya dina sadirieun abdi wungkul, da bade nyoceng teh tina bagian abdi nu duapertilu tea, memang teu aya hubungan antawis warisan sareng si Ono mah, tapi ari nu duapertilu hak abdi bade dikamanakeun mah pan kumaha abdi, nu ngabalanjakeunana, malah bade dipiceun ka jarian cek paribasana saha nu bade ngalarang, kaleresan abdi teh nyaah ka Si Ono, najan manehna anak badega oge, sami jigana kanyaah Ema nalika jumeneng keneh ka indungna si Ono baheula, atuh ayeuna abdi nyaah ka Si Ono, asana teu pamohalan-pamohalan teuing”.

“Tah… tah…, duka atuh ari dongengna kitu mah”.
“Nanging sok sanaos kitu, teu janten pamengan kanggo Abdi mah Mang, yakin weh aya nu teu satuju kana babagi waris jiga kitu, saur Nabi bilih aya nu ngaraos katideresa, urang uihkeun we kana hadits ti Ibnu Abbas r.a anu disaluyuan ku Bukhari sareng Muslim :”Serenkeun bagi waris mah ka ahlina, mun aya nu katideresa, serenkeun ka kulawarga lalaki nu paling deukeut”. Ngemut kana hadits eta, abdi teh ngahaja ngabujeng kadieu, bade nyanggakeun ka Emang, rai Apa pangsepuhna, harta waris mangrupi tanah sareng bumina, kitu ijab qabulna, nanging bilih benten panampianana, abdi ngahaja parantos nyayagikeun Surat Segel, anu ngeceskeun yen abdi nyerenkeun mutlak harta waris mangrupi tanah sareng bumi, sareng sertifakat hak milikna ka Emang, ti wangkid ieu abdi moal bade ngagaduh-gaduh deui eta harta waris”.

“Emang nampi panyerenan ti Alo harta waris nu kasebat nembe katut sertifikatna, nanging tangtos janten kabeubeurat pikeun Emang, kumargi kitu engke kapayun Emang teh rek kumpul saparawargi didieu, matotoskeun eta harta waris, kumaha bule-hideung na engke, tangtos Alo ku Emang diwartosan dina waktosna”.

“Sumuhun kitu bae……., sanes teu sono abdi teh Mang oge ka Bibi utamina, bilih kapoekan di jalan, sok rada talag-tolog ari nyupiran wengi teh abdi mah, kumargi kitu hapuntenna bae, hoyong permios ayeuna we meungpeung siang keneh”.


-----mmd-----


“Nalika urang mayunan pasualan warisan anu nyangkut kana Hukum Faraidh, ngarengsekeunana henteu sesah-sesah teuing, upama sagala pasualan dina ngabagikeunana dilaksanakeun kalayan lantip, sistematis cek basa kiwari mah. Kumargi kitu, aya tahapan-tahapanana anu kedah diperhatoskeun, diantawisna :
Nu kahiji : tangtoskeun heula ahli warisna
Nu kadua : tangtoskeun masalah hijab-na
Nu katilu : tangtoskeun ashbah-na
Nu kaopat : tangtoskeun porsi bagianana atanapi “Furudhul Muqaddarah”-na
Nu kalima : ngabagikeunana
Nalika nangtoskeun ahli waris, aya golongan pameget, seueurna 15, sareng golongan istri seueurna aya 10, janten jumlah ahli waris teh aya 25, ti golongan pameget diantawisna :
1. Putra pameget
2. Putu pameget ti putra pameget
3. Rama
4. Eyang
5. Rai/Raka anu saibu-sarama
6. Rai/Raka anu sarama wungkul
7. Rai/Raka anu sa-ibu wungkul
8. Alo/suan ti rai/raka anu saibu-sarama
9. Alo/suan ti rai/raka anu sarama wungkul
10. Rai/Raka ti Rama, anu saibu-sarama
11. Rai/Raka ti Rama, anu sarama wungkul
12. Rai Misan/Raka Misan ti Rai/Raka Rama, anu saibu-sarama
13. Rai Misan/Raka Misan ti Rai/Raka Rama, anu sarama wungkul
14. Caroge
15. Pameget anu ngamerdekakeun mayit.

Sedeng ti golongan istri diantawisna :
1. Putra istri
2. Putu istri ti putra pameget
3. Ibu
4. Nini (Ibu-na ibu)
5. Nini (Ibu-na rama)
6. Rai istri anu saibu-sarama
7. Rai istri anu sarama wungkul
8. Rai istri anu sa-ibu wungkul
9. Geureuha
10. Istri anu ngamerdekakeun mayit.

Saparantos rengrengan ahli waris dirinci model kitu, jentre weh, yen anak angkat mah teu aya dina renrengan ahli waris, ayat nu janten rujukanana : Dina Surat Al Ahzab ayat nu ka 4 jeung 5, jentre disebutkeun : “Maa ja ‘alallaahu lirajulim min qalbaini fii jau fihii, wamaa ja ‘ala az waa jakumul lii tuzhaa hiruuna min hunna ummahaatikum, wamaa ja ‘ala ad ‘iyaa –akum ab naa –akum, dzaalikum qau lukum bi afwaa hikum, wallaahu yaquulul haqqa wahuwa yahdis sabiil. Ud ‘uu hum li aa baa –ihim huwa aq sathu ‘indallaahi, fa illam ta’lamuu aabaa –ahum fa ikhwaa nukum fid diini wamawaa liikum, wa laisa ‘alaikum junaa hun fiimaa akhtha- tum bihii walaa kim maa ta ‘am madat quluu bukum, wakaanallaahu ghafuurar rahiimaa”.
Allah henteu ngajadikeun hiji jelema ngabogaan dua hate di jero dadana. Jeung Mantenna henteu ngajadikeun pamajikan-pamajikan maraneh nu ku maraneh dizhihar teh jadi indung maraneh. Jeung Mantenna henteu ngajadikeun anak pulung maraneh jadi anak maraneh pituin. Nu saperti kitu teh ukur omongan sungut maraneh sorangan. Jeung dawuhan Allah teh bener sarta Mantenna maparin pituduh jalan. Calukan maranehanana make ngaran bapana, mungguhing Allah eta teh leuwih adil. Nya lamun seug maraneh teu terang ngaran bapana, pek calukan maranehanana saperti ka dulur maraneh saagama jeung maula-maula maraneh. Jeung maraneh henteu boga dosa ku ayana kasalahan maraneh ngeunaan hal eta tapi nu dianggap dosa teh kasalahan nu dihaja dina hate maraneh. Jeung Allah teh maha pangampura tur maha welas asih.

Tina dua ayat nembe, eces katingal yen putra angkat mah teu tiasa disamikeun sareng putra teges, sok sanaos disamikeun, numutkeun Allah mah ngan dina lambey wungkul, hal ieu teh henteu luyu sareng hate nurani, margi putra angkat mah mung gaduh hubungan warisan teh sareng ibu ramana pituin wungkul.

Tahapan anu kadua nangtoskeun “hijab”na, pipinding-na, anu mindingan pikeun kenging warisan, margi teu sadaya ahli waris anu dua puluh lima, sadaya kedah kabagi ku harta warisan, aya hijab-hijab, anu bakal mindingan ahli waris henteu kenging bagian warisan, margi upami lepat nangtoskeun hija-hijab ieu, kadituna kelapatan teh bakal teras manjang.

Aya dua golongan hijab :
1. Hijab Hirman : Nyaeta pipinding anu ngajantenkeun salah saurang ahli waris henteu kenging warisan tina harta warisan alatan ayana ahli waris anu sanes. Contona : Putu bakal kahijab upami si mayit ngagaduhan putra pameget.
2. Hijab Nuqsan : Nyaeta pipinding anu ngajantenkeun ngiranganana bagian ahli waris. Contona : Geureuha kenging warisan saparapat bagian, nanging upami gaduh putra janten saperdalapan.

Tahapan nu katilu nangtoskeun “Ashabah” nyaeta ahli waris anu henteu kenging bagian numutkeun porsi anu parantos dijelaskeun dina Al Qur-an atanapi hadits. Tegesna ashabah pameget anu kenging sadayana warisan, upami ngan anjeunna wungkul, tiasa nyandak bagian sesa saparantosna ahli waris anu sanesna nyandak bagian porsina masing-masing.

Conto ashabah : Putra pameget, putu pameget ti putra pameget, Rai/Raka saibu-sarama, Rai/raka ti rama anu saibu sarama, Rai/Raka ti rama anu sarama wungkul.

Seueur anu kalebet janten golongan Ashabah, diantawisna ;
1. Ashabah Sababiyah
2. Ashabah Nasabiyah, anu dibagi deui janten 3 :
a. Ashabah bi Nafsi
b. Ashabah Bil Ghair
c. Ashabah Ma’al Ghair.

Kapayun urang guar khusus ngeunaan Ashabah mah.
Tahapan nu kaopat nangtoskeun porsina masing-masing, dina Hukum Faraidh. Porsi masing-masing pikeun ahli waris aya 6 : nyaeta 1/8, 2/8, 4/8, 1/6, 2/6, 4/6.

Tahapan anu kalima, anu pamungkas, nyaeta ngabagikeunana. Upami tahapan-tahapan ieu dilaksanakeun insyaa Allah, kalepatan teh tiasa ditebihan, paling copel tiasa diminimalisir, upami nganggo basa kerenna mah panginten.

Ayeuna urang wangsul kana perkawis warisan anu nuju kaalaman ku urang sadaya, urang jujut ti awal, sertifikat tanah warisan teh atas nami ibu, kaleresan ibu gaduh putra ti carogena ti payun, nalika pupus mayunan teh, carogena kenging bagian warisan saparapatna, dumasar kana Surat An Nisa ayat nu ka 12 : “Fa in kaana lahunna waladun falakumur rubu ‘u mimmaa tarakna”, upama maranehanana boga anak, bagian anjeun saparapat tina harta anu ditinggalkeun ku maranehanana.

Dina Fikih Sunnah, ti Sayyid Sabiq :”Caroge nampi bagian saparapatna upami geureuhana gaduh putra atanapi putu ti putra pameget, ti anjeun, atanapi ti carogena anu lian”.

Dina Hadits, ti Bukhari disebatkeun : “Al hiqul faraa –idha bi ahlihaa, famaa baqiya fa li –aulaa rajulin dzakarin”. Bikeun bagian poko ka ahli waris anu hak narimana, sesana pikeun lalaki anu leuwih deukeut.

Janten bagian carogena kenging saparapatna, putrana kenging tiluparapatna, kalebet ashabah tea, putra istrina mah teu kenging nanaon, margi nu istri mah pan urang ge pada terang, mung ukur putra angkat, kalebet kanu disebatkeun ku Surat Al Azab ayat ka 4 sareng ka 5.

Saterasna nalika carogena oge pupus, warisan anu dibagikeun teh, mung ukur ti anu saparapatna tea, margi anu tiluparapatna mah tos milik putra kawalonna, janten nalika ngabagikeunana deui oge, tangtos kedah ditangtoskeun deui ahli warisna, kumargi mung gaduh putra kawalon sareng putra angkat anu istri, ahli waris kantun para saderekna wungkul, nyaeta rai-raina, anu saibu sarama.

Upami aya kaemutan ti anu janten putra pameget bade ngabagikeunana hoyong sapertilu kanggo putra angkat anu istri sareng kanggo anjeunna duapertilu, tos langkung ti sakedahna sakitu oge, nanging kedah leres ijab qabulna, margi upami ningal seuhseuhanana mah nu pameget teh kenging bagian tiluparapatna, nu saparapatna bagian emang-emangna, nu istri mah teu kabagean saeutik-eutik acan.

Bade dikamanakeun ngabalanjakeunana ku ahli waris, eta mah hak ahli waris, cek paripaos tadi, bade dikajariankeun oge, hak anjeunna, teu kedah aya nyisikudi.

Sakitu anu tiasa kadugikeun, upami aya kalepatan estuning kalepatan sim kuring wungkul, anu leresna mung kagungan Allah wungkul, upami masih keneh kirang sapuk, urang taroskeun ka para ahlina, urang antos waleranana.


-----mmd-----


“Lamun kitu mah, atuh meureun Enok teh teu kabagian saeutik-eutik acan, pedah Enok mah ngan saukur anak angkat, asa teu adil cek Enok mah, ti leuleutik, ti sabarang inget cicing di imah eta, ari ayeuna teu kabagean saeutik-eutik acan, padahal asa nu sorangan eta imah teh, bener-bener teu adil lamun kitu mah………Nu adil mah cek Mang Nandang kamari, mun imah payu limapuluh juta, Enok duapuluh juta, si Engkang dua puluh juta, nu sapuluh juta dibagi ratakeun, nu eta we nu leuwih adil”.

“Teu langkung, kumaha pamendak Enok, ari anu saur Mang Nandang mah ukur dilelebah cek manusa, bener cek manusa can puguh leres mungguh Allah mah, ari nu didugikeun tadi mah, puguh dasarna, upami aya kalepatan oge, rupina mung ukur kakaliruan salaku manusa wungkul, margi tahapan-tahapan bagi waris parantos dilaksanakeun sakumaha mistina, mun tea mah aya kalepatan, urang antosan bae saran sareng pamendak ti anu langkung ahli”.













-----mmd-----

Tidak ada komentar: