Sabtu, 08 November 2008

BASA SUNDA ( Carpon ) "HAREPAN"

“Kaleresan, tepang di jalan, mulih ti mana Eteh teh ?”
“Wangsul ti Bandung, puguh Eteh teh, ari Adi Ii bade kamana geuning, sonten-sonten kieu?”
“Eta bade ka Cicurug, aya peryogi ka Syarif”.
“Sakantenan atuh, Eteh ngiring ludeung, Eteh bade ka Ukan, ka Pabrik Es, urang mapah we nya mapay Cimulu. Ari Embi sareng Emang daramang di Sukapura?”.
“Alhamdulillah dina wangkid ieu mah, sarehat Ema sareng Abah teh”.
“Manawi pareng, enjing, Insyaa Allah, Eteh hoyong kaditu, ngadon ngahaja ngalayad Emang sareng Embi”.
Lebah sasak Cimulu, nu bras ka Jalan Pabrik Es duanana papisah, nu jajaka terus lempeng, ngebat mapay Cimulu rek terus ka Cicurug cenah, ari nu wanoja mengkol kakatuhu meuntas sasak Cimulu, kebat ka Jalan Pabrik Es.
Di Jalan Pabrik Es, kasampak pribumi, awewe salaki, keur ngalong di buruan, bari ngawarangkong, nyerangkeun nu lalar liwat sore-sore, barang sidik kanu asup ka buruan, duanana ngabageakeun nu karek datang.
“Aeh-aeh geuning Eteh, iraha ti Bandung?”
“Nembe keneh pisan, ti Pancasila langsung kadieu we, ngadon mapah bieu teh, pedah kaleresan pendak sareng Adi Ii, ti Sukapura bade ka Cicurug saurna mah”.
“Ari putra sareng saha geuning teu dicandak?” Cek pribumi istri.
“Kapan tos lami dicandak ku Ua-na, nu di Sukalaya, da kapungkur teh, basa Eteh rek mios ka Palembang tea, Kang Wiria katut Ceuceu-na ngahaja ngurihit, budak mah bade diurus ku akang jeung euceuna saurna teh”.
“Ari saena mah Teh, cek Ukan ieu mah, tos we budak teh candak deui ku Eteh, diurus kunu sanes mah enya ge Uana nyaaheun, moal saperti nyaahna indung ka anak, najan itu ge kolotna keneh-kolotna keneh, pan aya, sanes Kang Wiria teh putrana, anu masih keneh ngiring sareng anjeunna di Sukalaya”.
“Puguh ari kituna mah, kapungkur ge basa dipasrahkeun ka bapana teh, pedah we Etehna bade teras ka Palembang tea, tapi Insyaa Allah, enjing atanapi pageto mah, rek dibantun deui we, sugan dipasihkeun ku Kang Wiria. Ayeuna mah rek ngadon reureuh we heula Eteh teh didieu”.
“Nya mangga bae, da kamar Eteh ti kapungkur dugi ka ayeuna ge kosong keneh bae, teu aya nu ngeusian ieuh”. Pribumi istri mairan.
Isukna, poe Minggu, wanci haneut moyan, Ukan jeung rakana nu istri, nu kamari sore karek datang ti Bandung, katut garwana Ratna Suminar, geus ngariung deui bari ngarot, di patengahan.
“Hoyong ka Sukapura tea Eteh teh, ngalayad Bi Dedoh sareng Mang Uhria, hoyong tepang deuih pangpangna mah, puguh tos lami pisan teu pendak, pedah kamari tepang sareng Adi Ii, waktos di jalan kadieukeun”.
“Aeh muhun, kumaha cenah daramang Bi Dedoh teh, ari eta kumaha Adi Ii masih keneh janten Jurutulisna, pedah aya wartos ti rerencangan Ukan, hoyong ngalih ka Bandung saurna mah, geura ku Eteh engke taroskeun, leres henteuna”.
“Ari bade ka Sukapura mah, atuh ayeuna we meungpeung enjing keneh, tuh kaleresan aya Mang Karta, kana becana” Cek pribumi istri.
Mang Karta digupayan teh, gasik nyampeurkeun.
“Mang Karta ! pangjajapkeun pun lanceuk ka Sukapura nya !, antosan we di ditu dugi ka mulih deui kadieu.
Saleosna beca ka Sukapura, bari meresan gelas dina meja nyarios ka carogena :”Mun aya deui mah jodona, Teh Inyi teh saena mah rumah-tangga deui, ngarah putrana kaurus deui, henteu diurus teuing kunu sanes”.
“Puguh kitu kahoyong mah, Kang Ukan ge”.
Di Sukapura, pedah masih keneh pernah Bibi, jaba geus larbek tea, teu pupuntenan ti hareup deui, tapi terus we ka pipir, malibir, ngaliwatan popoean nu karek disampay-sampaykeun, bari uluk salam.
“Aeh-aeh geuning Inyi eta teh, sukur geulis, Embi dilongokan, iraha mulih ti Palembang ?, Kamari ba’da Maghrib, ti Ii aya beja teh, tepang jeung Teh Inyi cenah, di Pancasila. Damang Mbok Enik di Palembang ?” Cek pribumi, bari milihan daun seureuh, lemareun.
“Baku Embi mah, ari tataros teh, mani teu masihan omber kanggo ngawalerna”. Bari nyolongkrong munjungan, gek diuk gigireun pribumi.
“Ti Palembang mah tos saminggu, ngadon reureuh di Bandung, di Ocin, kamari dongkap ka Tasik mah, ngadon mondok di Ukan, di Pabrik Es. Alhamdulillah, nalika dikantunkeun mah Bi Enik teh nuju sehat teu kirang sawios-wios, mung sok humandeuar bae, pedah hareudang panginten didituna mah, benten sareng didieu”.
“Nya syukur, ari pada-pada sehat mah, hareudang saeutik mah jamak we, Embi ge jeung Emang didieu, alhamdulillah dina waktu ieu mah, keur aya dina sehat wal afiat, mugi-mugi we sing saterasna”.
“Amiiiiin ……”.
“Lain, Embi mah kagok hanca ieu teh, keur ngelabkeun seuseuhan baju Emang-na, tah kabeneran aya Ii, baturan ku Ii heula we nya”. Ceuk pribumi bari cengkat.
“Mangga Embi, mangga, keun we abdi mah kantunkeun we”.
Saleosna pribumi, semah dibaturan ku jajaka, putra cikal pribumi, Hanafi, nenehna sok di Ii-Ii, baheula mah keur pada-pada budak, ngariung di Jalan Sukawarni, ngariung sadulur-dulur, tatangga teh jeung baraya wungkul, atuh arulin-na ge babarengan we jeung dulur-dulur keneh, jeung babarayaanana keneh, keur mah sapantar, pakokolot supa meureun pibasaeunana mah, katurug-turug katalian keneh baraya.
Sanajan ari umur mah leuwih kolot nu lalaki, tapi ngabasakeun maneh mah keur soranganeunnana mah nga Adi-keun, atuh ka anu istri teu weleh nga Eteh-keun wae, da memang kitu pancakakina, Teh Inyi, Inyi Suhaedah, panjangna mah, pedah putra kapi-Uana.
Ayeuna geus pada-pada dewasa, nu lalaki mah masih keneh lelengohan, sedeng nu wanoja mah geus jadi randa deui, lantaran caroge ngantunkeun nalika anom keneh pisan, bari ninggalkeun putra umur kurang leuwih dua taunan, kitu ge putrana mah di rorok ku Ua-na ti pihak carogena baheula, di Jalan Sukalaya.
Kaleleban ku caroge, aya kapiraina ngajak ka Palembang teh, giak nuturkeun, sugan we cenah kabangbrangkeun.
Sataun satengah mimilu ka Palembang jeung nu janten kapi-rai-na, ayeuna mulang deui ka Tasikmalaya, ngadon ngarereb di nu janten rai di Jalan Pabrik Es.
Bubuhan jeung baraya tea, ka Jalan Sukapura teu weleh ngalongokan deui kanu jadi Bibi, ayeuna disanghareupan ku putrana anu Cikal, batur ulin baheula jaman keur budak.
“Geuning ari Adi Ii mah, teu acan keneh bae rimbitan, kade keh kaluli-luli, padahal yuswa mah kapan tos langkung ti nyekapan, piraku ari bade lelengohan bae mah” Cek Inyi, taya sari-sari kagok, atawa tumarimpang, pedah asa jeung babaturan baheula tea we.
“Kapameng puguh Teh, aya rencana hoyong ngalih ka Bandung abdi teh, pedah aya wartos tiasa dibenum di ditu, manawi pareng hoyong ngalih heula kaditu”.
“Paingan saur Kang Ukan tadi enjing, cenah Adi Ii bade ngalih ka Bandung, ana kitu mah leres panginten, wartos nu katampi ku Ukan teh nya?”.
“Nya kitu ari rencana mah, janten deui jurutulis we di Bandung-na ge, pedah di Instansi TNI, di Jalan Jawa, janten padamel Sipil-na kitu ge, Nanging nya kitu, sanes kirang upami deuih, pedah kaleresan Eteh sumping kadieu, ti kapungkur keneh kahoyong mah nyarios teh, mung pedah Etehna kabujeng angkat ka Palembang tea harita, Adi Ii teh hoyong ngiring nyaah kanu janten putra, tibatan dirorok kunu janten Ua-na di Sukalaya, urang urus deui we ku urang duaan, sasarengan di Bandung, kitu ge upami Eteh-na teu aya pamengan, hapunten deuih, Adi Ii teh pedah digariduskeun sapertos kieu, ku emutan mah pedah asa baheula bae, asa jaman urang keur barudak keneh, janten asa teu karagok deui Adi Ii teh, malih ka Kang Ocin mah parantos ngadongeng Adi Ii teh, nalika ka Bandung, walerna harita mah, kumaha Eteh-na bae, saurna teh, malah sakantenan wawartos, yen Adi Ii bade ngalih ka Bandung, disambat malah pikeun panganjrekan saheulaanan mah di Gang Liogenteng”.
“Teu aya ari pamengan mah Eteh teh, nanging eta, naha henteu matak janten pamengan kanggo Adi Ii ku anjeun, kapan Eteh mah ayeuna kasebatna mung ukur randa jaba bari ngabantun buntut, uruseun keneh”.
“Ulah janten emutan lebah dinyana mah, margi kahoyong ieu teh ku Adi Ii parantos di dongengkeun ka Ema sareng ka Abah, atuh ka dulur-dulur, ka sadayana oge parantos didongengkeun, ti kapungkur keneh, nalika Eteh angkat ka Palembang, malah kamari basa urang tepang tea, sadongkapna ka Cicurug teh, didongengkeun deui ka Syarief, kahoyong sareng rencana Adi Ii teh, pada ngarojong sadayana ge, malah sae we cenah nu aya, moal janten kagok pajar teh pedah kaduaana sasat baraya keneh”.
“Nya ari kitu onaman, Eteh mah ukur dulang tinande, mung teu aya lepatna Adi Ii teh, kaditu sumping, ka Kang Ukan, ka Pabrik Es, dulur Eteh nu pangcaketna”.
“Tangtos kana kitu, Insyaa Allah, bade ngahaja dongkap kaditu, ka Kang Ukan”.
Bubuhan kajurung ku pernah dulur tea, itu ieu ge taya kabeuratna pisan, rencana Hanafi jeung Inyi teh estu lancar pisan, taya halangan-harunganana, dirapalan ge henteu raramean-raramean acan, siduru isuk we wungkul, tapi ari dulur-dulur mah, katut baraya ti Jalan Sukawarni, kabejaan kabeh, malah budak ti Sukalaya ditungtun kunu jadi Ua-na, bisi rek diurus deui ku indungna, moal ngoretkeun cenah.
Puguh we aratoheunana mah, komo indungna mah, teu sirikna digalentoran budak teh, sataun satengah kitu ditinggalkeunana ge, piraku teu sono, estuning dirawu-dipangku budak teh.
Teu mangkuk bubulanan, nu anyar rumah tangga teh, pindah ka Bandung, ngariung saheulaanan jeung nu jadi adi di Gang Liogenteng.
Aya taunna rumah tangga, budak teu katingali-katingali rek adian deui, geus manjing sakola diasupkeun ka Sakola Rakyat teh, can adian keneh bae.
Kukituna budak jadi diwowoy ku tiditu-tidieu, ku Emangna budak teh dipupujuhkeun, tas sakola Rakyat kudu ka Madrasah di Gg Muncang, ku Bapa terena sagala kabutuh sakola katut pakean kacumponan, lantaran geus kalah wowotan sabada usaha kadokter kaditu-kadieu, yen Hanafi mah gabug, moal bisa boga budak, tungtungna ka anak tere teh, geus teu jiga ka anak tere deui, tapi estuning saperti ka anak teges bae, paribasa keun wae cenah, da eta ge sarua pernah anak keneh.
Taun 1963, ekonomi harita keur meujeuhna kateug, kitu deui Hanafi ngarasakeun kumaha kateugna ekonomi harita, kontrakan imah ge pindah kanu rada murah, jaba anak tere maju ka SMP, ngigelan biaya hirup di kota Bandung mimiti karasa adug-lajerna, ngan kanyaah kanu jadi anak mah teu rengrot-rengrot, teu asa ka anak tere deuih.
Kahirupan Pagawe Nagri harita estu seuseut-seuatna, karasa pisan ku Hanafi sakulawarga, malah meulian buku sakola keur anak hiji ge geus karasa beuratna, sanajan masih keneh bisa meulian buku urut harita mah, di Jalan Belakang Factory, atawa di Jalan Jatayu.
Buku tulisna nya kitu keneh, teu kabedag, ari kudu meuli anu weuteuh ti toko mah, sok dibantu-bantu mun di kantorna bisa menta kertas folio garis, ngahaja dibagi dua, dipotong ku silet urut, nepi ka buku tulis budak teh teu sarua jeung batur, lantaran buku tulis nu ieu mah jadi manjang ngenca katuhu, teu sarua jeung buku tulis nu biasa.
Tapi si anak teu jadi matak pugag kana diajar, lantaran buktina dikelas teh sababaraha kali pernah jadi Bintang Pelajar, matak bungah nu jadi bapa terena, meunang tisusut-tidungdung teh katara hasilna, kabuktian teu matak nguciwakeun.
Nyahareupan ujian SMP, kakara Hanafi kalah wowotan, moal sanggup mun kudu nuluykeun sakola ka SMA mah, teu kacipta jaga mun kudu nuluykeun ka Perguruan Tinggi-na.
“Ujang ! lain teu nyaah Apa teh ka hidep, tapi kamampu Apa keur nyakolakeun teh, geuning terus wae ngurangan, kaharti ku Apa oge, Ujang teh hayang meureun neruskeun sakola ka anu leuwih luhur, tapi bisi henteu tepi pikahareupeunana, kumaha mun sakola teh neruskeunnana ka STM bae, ka STM mana bae, kumaha karep Ujang, sugan we tereh-tereh bisa digawe ari ti STM mah”. Cek Hanafi kanu jadi anak terena harita, indungna mah ukur ngalimba di juru.
“Sawios Pa !, ka STM ge teu pamengan”. Walon budak halon naker.
“Enya kitu, malah meureun bakal bareng jeung Mang Subur ti Tasik, adi Apa nu bungsu, cenah hayang sakola didieu, di Bandung, dibiayaan ku Adi Apa nu kaopat, Mang Udin. Keun mun tea mah jaga, aya milikna sarerea, bisi Ujang hayang deui neruskeun sakola, teu mustahil, Pangeran mah wenang ieuh, atawa saha nu nyaho, Ujang bisa ngabiayaan maneh pikeun neruskeunnana”.
“Muhun kitu, mugi-mugi bae Pa”.
Sakola STM budak teh bisa tamat, bareng jeung Emangna ngan beda jurusan, itu mah jurusan Listrik, ari manehna jurusan Mesin.
Geus kitu we meureun milikna, satamatna ti STM teh, lantaran ngan anak sahiji tea, Hanafi ngarasa keneh mampu pikeun ngabiayaanana, najan bari maksakeun, bari tipepereket, dibelaan ngabagikeun huap, asal budak bisa sakola.
“Ujang ! teu burung geuning tamat ti STM, tapi da Apa mah asa euweuh biayaeun deui nu sejen mah, ukur Ujang wungkul biayaeun teh, da adi Apa nu bungsu, geus aya nu sanggupeun ngasupkeun diajar digawe di PLN, di Tasik, geus jongjon, bisi ieu mah, bisi hidep hayang keneh sakola, rek maksakeun we Apa mah, ngan ulah ka Universitas bisi kateug, ka Akademi we heulaanan, sugan sanggup keneh ari ka Akademi mah ngabiayaannana”. Cek Hanafi ka anakna.
“Ulah maksakeun teuing anjeun atuh Pa, ari teu sanggem mah, bilih sawan kuya kapayunna”. Indungna nembrong.
“Lain, lain kitu Apa mah, ngawariskeun pakaya mah pimanaeun, puguh teu boga Apa teh, batan sakieu, ari bisa kadada kaduga keneh mah atuh sakola-sakola sing junun, da ngan ukur Ujang wungkul biayaeun teh, teu kaselapan nu sejen, urang maksakeun we, ngan mihape teh, Ujang na oge sing milu prihatin”.
“Sakantenan bae wawartos, upami kawidian ku Apa sareng Ema mah, bade daftar teh ka Akademi Industri, sareng rerencangan ti sakola, pedah nampi lulusan STM oge”.
“Kitu nya hade”.
Taun kadua di Akademi Industri, aya bea siswa ti Yayasan Naumann Stifftung, ti Jerman, si Ujang kaasup nu meunang bea siswa harita, teu wudu galumbirana, Hanafi jeung bojona, komo budakna mah, lantaran aya harepan sakola bisa tamat, najan ngan ukur tingkat akademi, sataun mah Hanafi harita teu milu ngabiayaan, da bea siswa nyukupan keur sagala kaperluan kuliah harita.
Maju taun katilu, kahirupan beuki seuseut-seuat, Hanafi jeung Inyi pada nyumbang ku dulur-dulurna, boh ku anu ti Tasikmalaya, boh ku anu aya di Bandung, lagu budak namatkeun kuliah teh kalah wowotan, teu sanggupeun deui nuluykeun, tungtungna sina pere heula, sina istirahat, da geus puguh geus hese ngabiayaannana deui.
Budak teh teu ngarasula deuih pedah eureun dina kakagokna pisan, eureun sakola keur dina mumunggangna pisan, rek namatkeun jadi kateug, tapi dalah dikumaha, ngan ukur nepi kadinya kamampuhan nu jadi kolot, teu ngabibisani.
Ayeuna nu jadi indung tihothat kaditu kadieu, ka dulur ka baraya menta tulung, ngadon ngumaha sangkan budak bisa neruskeun sakola, atuh mun teu bisa, sina diajar digawe, teu halangan.
Teu hese harita mah, aya kapiadina nu jadi Ahli Pembukuan, budak teh diajak, sina diajar digawe dina bagian pembukuan, sanajan dasar sakolana mah ti STM Jurusan Mesin, kulantaran teu kaerong deui pijalaneun kahareup, sanajan bari jeung lain pakna oge, ari dikeureuyeuh diajar, bari jeung dikeureuyeuh dileukeunan, kunu jadi Emang dididik jeung dibina, teu burung bisaeun ngigelanana, malah jadi hideng sorangan, sanajan harita dasarna STM oge, keun wae cenah, rek kursus Tata Buku ti awal deui, ti mimiti Bond A, Bond B, nepi ka APM-A, APM-B, malah terus kana Kursus Akuntansi oge dikeureuyeuh deui, nepi ka jucungna.
Geus karuhan kitu, nu jadi emangna ge harita kacida atoheunana, malah pokna ge :”Geus elmuna kacangking mah, pek rek neangan deui gawe kanu sejen ge ayeuna mah, moal melang Emangna ayeuna mah, komo sertifikat ge geus boga pan ayeuna mah”.
Dididik praktek kunu jadi Emang, ditambahan ku kursus nepi ka meunangna sertifikat, waktu neangan gawe ka tempat sejen teh, estuning lalogor pisan, malah bisa disebutkeun pada ngahiap-hiap.
Pindah gawe ge teu hese, jaba dijujurung ku nu jadi emangna, ngarah bisa mandiri pajar teh, kahirupan si anak mimiti neutneutan, malah nepi ka bisa kuliah deui ngabiayaan maneh, tapi henteu neruskeun Akademina tea, ieu mah estuning ti enol deui, ti awal deui, make jadi milih ka Ekonomi kuliah ge, teu burung lulus.
Yayasan ti jerman nu pernah mere bea siswa waktu keur di Akademi disuratan deui, bari nerangkeun geus lulus ti Fakultas Ekonomi, susuganan aya deui bea siswa keur S-2 na. Jawaban surat ti jerman matak ngagumbirakeun deui bae, si Ujang bisa neruskeun sakola S-2 na diditu, kalayan bea siswa deui.
Teu ngaduakalian nyuratan, bea siswa ditarima, si Ujang indit ka Jerman neruskeun sakola ngandelkeun bea siswa, teu ngabiayaan maneh deui.
Hanafi jeung pamajikanana kacida galumbiraeunana, asa cacap ngabiayaan sakola kanu jadi anak, baheula teh cenah, sanajan bari engkak-engkakan oge.
Ayeuna kari senangna, tumaninah kakolotnakeun, najan kahirupan ngan sakadar cukup, taya leuwihna, hirup duaan ngandelkeun pangsiun teh, asa meujeuhna, teu dibelaan anjuk ngahutang, cara batur.
Estuning jongjon, kari ibadah kakolotnakeun.
Keur mah aya tapak, goreng-goreng ge pernah idek liher di pasantren jaman budak keur di Tasikmalaya, ayeuna teh Hanafi jadi mukaan deui kitab, bareng duaan jeung pamajikan, kaimanan ka Allah beuki ngandelan, alatan umur terus ngolotan, rek naon deui cenah.
Malah beh dieu mah, beuki nyongsrong kaimanan teh ku cita-cita jeung kahayang, hayang namatkeun rukun Islam, hayang mungkas ku Ibadah Haji, tapi kahayang teh, ukur disidem dina hate, da pimanaeun, ongkosna ge lain bantrak-bantrakeun.
Sok aya jorojoj eta ge Hanafi teh, rek menta we cenah kanu jadi anak, pikeun piongkoseunana mah, tapi hatena teu mikeun keneh bae, asa kasieunan Hanafi teh, sieun aya anggapan ti anu jadi anak, kudu mulang tarima kanu jadi kolot, pedah rumasa lain anak pituin tea. Karumasaan nu jadi kolot.
Sok ngalimba sakapeung mah Hanafi teh, mun kaparengkan dina televisi aya berita nu keur ngalaksanakeun ibadah haji, boh keur miangna atawa keur mulangna, malah sakapeung mah sok bari cirambay, cimataan, bari ngareret kanu jadi pamajikanana.
Tampolana nu direret ge jiga nu sahate deuih, sarua keur ngumbar kahayang jigana, hayang bisa ngalaksanakeun ibadah haji, nu iraha boa rek kaalaman, Hanafi ngan ukur bisa ngaheruk, kanyaah kanu jadi pamajikan asa encan tepi ka jucungna, asa encan tuntas rarasaanana mah, mun encan ngalaksanakeun sujud, nyuuh di Tanah Suci, madepkeun diri ka Allah SWT diditu, di Baitullah.
Kawanina ngan ukur kana mesin tik, implengan anu dicita-cita, kahayang anu teu weleh ngeusian dadana teh, ukur bisa ditamplokkeun kana mesin tik, ujudna jadi surat, anu teuing kasaha boa ditujukeunana, da eusina ge ngan ukur kahayang jeung cita-cita wungkul, cita-cita hayang ngalaksanakeun ibadah haji, jeung nu jadi pamajikan tangtuna oge, bari jeung teu sanggup pikeun ngongkosanana.
Ari nu jadi anak diditu, di Jerman, dicipta teh ti dieu, ti lembur, sagala aya, sagala nyampak, tapi da nya kitu, ari rek menta mah kanu jadi anak, teu wani hate teh, Hanafi ukur ngarahuh.
Teu karasa surat teh diamplopan, tungtungna dikirimkeun ka redaksi surat kabar. Tilu poe ti tas ngirimkeun, enya we aya dimuat dina koran, dina kolom “Surat Pembaca”.
Teu nyangka sacongo buuk, tilu poe sanggeus “Surat Pembaca” ti Hanafi dimuat, aya nu ngajawab ti batur, ti deungeun-deungeun, ti salah saurang nu maca “Surat Pembaca” dina koran eta jigana mah.
Jawaban suratna :

Bandung, ping……… 20..

Timpah Salam Miwah Hurmat,
Rengse maca seratan Bapa Hanafi dina “Surat Pembaca” kaping………20…, ngadadak jeroeun dada lir aya nu ngacak-ngacak, dina elak-elakan bet asa aya nu ngagenduk, malah teu karaos, cimata ngalembereh mapay pipi.
Kaheman sepuh kanu janten putra di nagri deungeun, bari dipapantes tuang putra sagala lubak-libuk didituna teh, dunyana.
Ari didieu, nu janten sepuh, nu aya di banjar karang pamidangan, lieuk deui, tengo deui, ngarep-ngarep nu can karuhan, harepan kanu janten putra, sugan aya kaemutna, nyumponan impenan nu teu weleh ngeundeuk-ngeundeuk kaimanan hate.
Mung ukur tiasa titip du’a, mugia serat Bapa Hanafi, kaaos ku nu janten putra diditu, sim kuring yakin, upami aya kaimanan di tuang putra, sok sanaos mung ukur sagores, sakumaha teuing manahna nu janten putra.
Nanging, teu kedah janten rengat galih, nu model kieu teh teu mung ukur Bapa wungkul, malih nu sanes mah, nu janten ibu-rama teh, mung ukur janten panitipan anak wungkul.
Baheula keur leutik, diririweuh bae kolot teh, ayeuna geus sagala aya, kolot teh diririweuh deui kunu janten putu, paribasa mung ukur nitipkeun, malah tampolana, sepuh teh mung ukur janten tukang nyeuseuh wungkul.
Duka saha anu lepat, naha lepat urang nu ngadidikna, naha lingkungan nu nyitakna, atanapi memang tanda-tanda akhir zaman, mingkin nyerelek, dunya nu tos cueut kahareup, mata poe mingkin lingsir ngulon.
Pikeun anaking di satatar Sunda, peupeujeuh geulis, kasep, sing emut kana purwadaksina, sing emut ka cungapan baheula, Cinta ka Allah, cinta ka Rasul-Na, katut cinta ka ibu-rama.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngajantenkeun abdi sadaya, anak-anak abdi sadaya, katut katurunan abdi sadaya, kalebet kana golongan ahli kasaean.
Allahummagh firli waliwaalidaya warhamhumaa kamaa rabbaayaani shaaghiiraa.

Timpah nuhun.




----mmd-----

Tidak ada komentar: