Senin, 08 September 2008

BASA SUNDA ( Carpon ) ASIH NU KATUNDA DI "PESONA BAMBU"


"Bapa ! Punten nya, bilih abdi lepat, dupi Pa Maman teh kantos calik di Banjar kapungkur ?”
“Banjar Patroman, maksad Ibu ?”
“Tah sumuhun di Banjar Patroman, maksad teh, kantos henteu Pa Maman diditu ?
“Kantos kapungkur, nanging tos lami pisan, nalika abdi di SR keneh harita teh, antawis kelas dua atanapi kelas tilu panginten, upami teu lepat mah ?
“Dimana Pa Maman calik teh harita ?”
“Di Kantor Pos we, didinya, margi pun Aki harita nu janten Kepala Pos na”.
“Akh …..yakin weh ayeuna mah Ceuceu teh, Cep Maman teh putra Wa Inyi nya ?”
Nu awalna ngabasakeun ka kuring teh nyebut Bapa, ayeuna ditungtungan ku nyebut ngaran teh, jadi nga-Encepkeun, bari jeung kuringna sorangan lebeng….., poekkeun, nu disanghareupan teh duka teuing saha, komo make jeung bari apal sagala kana jenengan indung kuring mah.
Lengkah nu tadina rek kebat ka Aula nu aya di “Pesona Bambu” di Lembang tempat kuring jadi pamilon dina pelatihan Basa Daerah teh, jadi ngarandeg sajongjongan, bari nyidik-nyidik si Ibu nu aya dihareupeun, bari ngareret ngaran nu ngajeblag gede, luhureun hariguna, “Wiwi Awaliah” tapi angger lebeng…. Poekkeun keneh, teuing saha ieu nu dihareupeun teh, komo mun nu ditanyakeunnana tempat kuring keur budak, di Banjar, di Kantor pos, harita teh antara kelas 2 atawa kelas 3 di Sakola Rakyat, da kelas 4 mah kuring teh geus pindah ka Bandung, pedah Apa ngalih tugasna ka Bandung.
“Aduh…. Hapunten Bu Wiwi ! abdi teh poekeun keneh, punten…. pisan, saha atuh Ibu teh, komo dugi ka apal ka pun biang sagala mah”. Jawab teh, bari tamada, yen kuring bener-bener teu apal ka anu disanghareupan ieu.
“Entong nyebat Ibu, jiga kapungkur we ….. nyebat Ceuceu, Cep Maman ka Ceuceu teh, keun tos hilap deui ka Ceuceu mah teu nanaon, da puguh tos lami pisan, langkung boa ti tilupuluh taunan oge, ngan jigana ari ka adi Ceuceu nu lalaki mah, Cep Maman teh moal hilap jigana, pan nyobat pisan harita teh, Dasep adi Ceuceu nu lalaki teh, Cep Maman kapungkur mah sok nyebatna Dace, cenah geuning, emut keneh …..?
“Emut …. emut keneh ka Dace mah, putra Tante Letnan, sok sanaos upami ayeuna tepang jiga kumaha, teu acan kantenan apalna, da puguh tos sakitu lamina, nanging da apal keneh asana ari ka kulawarga Tante Letnan mah, da puguh sok sering idek liher dibumina, pan teu tebih harita teh ti rorompok mah, kahalangan ku kebon sampeu wungkul, pelak pun Aki, atuh raka-rakana Dace apal keneh, Ceu Euis, Ceu Cucu, Dace, ka handap na…. Tini weh nu bungsu, upami teu lepat mah, dupi Ceuceu ?”.
“Tah ! muhun eta, Ceuceu teh ku Cep Maman mah sok disebat Ceu Cucu tea, apal keneh geuning, pedah lucu meureun keur budak teh, ku Mamih sok di Ucu-ucu kapungkur teh, janten weh nelah nyarebat Neng Cucu, kalebet Cep Maman harita, teu weleh nyebat Ceu Cucu kapan, ka Ceuceu teh”.
“Punten we Ceu, abdi teh bet asa kabedil langit tuda, da kapungkur mah Ceu Cucu teh, teu mencrang kieu, rada ngadegdeg tuda tadi mah, nu mencrang jiga artis kieu, bari naros sapertos ayeuna, jigana….. gegebeganana ge moal seep tujuh mulud …..”
“Angger….. ari geus kitu teh” bari ngadilak.
Ngobrol teu kebat, kaburu tepi manten ka lawang kelas, tempat kuring sabatur-batur dilatih pikeun ngatik, ngabina, jeung ngawanohkeun deui basa Sunda ka para siswa di SMK sa propinsi Jawa Barat.

-----mmd-----


Ngahaja milih korsi teh di beh tukang, bisi malaweung moal pati loba nu merhatikeun, alatan sakujur awak karasa muriang, ti kamari keneh sabenerna mah, ti peuting karasana, pedah acara pembukaanana ti peuting, katiisan hawa Lembang jigana, kuring terus ngingsreuk, malah lamun geus kieu, sok manjang kuring mah, panyakit ti bubudak sok terus kanceuh, asma.
Nu ngajar di hareupeun kelas Prof. Dr. Yus Rusyana, resep, malah nambahan pangalaman, nambahan luang, kumaha cara ngajar hareupeun kelas, mun pareng wacana jeung sarana pikeun ngajarna henteu nyampak, gunakeun we cenah, sarana jeung wacana nu aya di lingkungan tempat ngajar, jero hate, beda ari nu ngajarna pangkat Profesor mah, sagilek-sagilekna teh estu matak deungdeuleueun bae, bari jeung teu kudu nu sarwa mahal sagala, da nu dicandakna ge, conto-conto barang nu aya di sakuriling bungking we, kayaning coet jeung mutuna, daun jambu, tangkal papayungan, bedog si Cepot, malah kiripik cau mah nepi ka dialungkeunana ka tengah kelas, atuh rame pada ngarontok, disoehkeun malah bungkusna ku Pa Asep mah, utusan ti Kuningan, ngahaja dibagikeun, atuh sakelas ceplak kabeh da bari ngagayem kiripik cau, Pa Yus Rusyana dipayun, ukur gumujeng.
Teu museur sabenerna mah pikiran teh, da lamunan mah anteng ngacacang ka jaman keur budak baheula, najan ngan ukur nepi ka kelas tilu di imah Aki, di Banjar teh, da Apa kaburu dialihkeun tugasna ka Bandung, tatangga nu paling deukeut harita teh enya Tante Letnan, kitu kulawarga kuring nyebut kulawarga anjeunna teh, teu apal saha ngaranna, ngan nu pasti mah memang tentara pangkatna Letnan, saur Apa harita, ari kuring enyaan nyobat jeung anakna nu lalaki, kamamana teh estu babarengan bae, nepi ka sakapeung mah cocoan ge kudu sarua, atuh ari ulin boh kuring boh manehna, geus larsup kamana bae, mun kuring ulin di imahna, kuring biasa larsup kamana bae, sabalikna mun Dace nu ulin di imah kuring nya kitu keneh.
Nu moal poho teh harita, boga cocoan pestol cai, tina plastik, nya kitu deui Dace ngahaja dipangmeulikan ku Ceu Cucu ka pasar, wangun na mah sarua, beda warnana wungkul, kuring mah koneng, ari nu Dace hejo. Ting berebet lulumpatan, peperangan, cape di imah kuring, terus lulumpatan diimahna, ngan harita Dace teh bajuna jibrug bae, baseuh, sedeng baju kuring mah angger we garing, ari lantaranana pestol cai boga kuring mah tarik, nyemprotna teh rada lepas, ari nu manehna teu daekeun bae lepas, dipencet handapna teh ukur we kaluar caina, padu melengkung, teu beda jeung budak lalaki mun keur kiih bari nangtung geuning.
Keur jongjon peperangan kitu, Ceu Cucu datang nyampeurkeun, bari pok ngomong :”Sok urang eusian deui caina ku Ceuceu, nya ?” cenah.
Teu ngomong harita mah, ngan song we pestol cai teh diasongkeun ka Ceu Cucu, teu kungsi lila di bikeun deui ka kuring duaan, ngan eta aneh harita mah, waktu dipencet pestol cai kuring harita, cai nu muncratna teh ayeuna mah jadi dua, malah nu hiji mah muncratna teh nyangigir, ka lebah katuhu, sedeng nu hiji deui jadi teu lepas jiga tadi, kuring ngahuleng, bari hayoh diutek-utek liang cai tungtung pestol teh ku curuk, bari teu ngarti, terus we balik, nyempod di enggon bari handeueul beak karep, nepi ka sarena, pestol caina dialungkeun teuing kamana, Ema mah teu uningaeun.
Inget-inget geus rada gede, geus kuring di Bandung, malah kulawarga Tante Letnan ge geus pindah ka Cimahi cenah, kungsi ku Ema dipaluruh nepi ka Cibabat, ngan nu kapendak ku Ema harita, ukur putra Tante Letnan nu bungsu, Tini, ti Tini harita Ema mendak wartos deui kulawarga Tante Letnan tos ngalih deui ka Palembang cenah.

-----mmd-----

Materi nu didugikeun ku Pa Yus Rusyana rengse, digentos ku Pa Iskandarwassid, resep deui wae masihan kuliahna teh, kalimah jeung kecap anu kaluar teh estu kalimah jeung kecap anu munel wungkul, teu katingal aya kecap nu ukur bukur, sederhana tapi ngeusi, teu aya raehan tapi matak kaharti, sok sanajan katingalna teu patos sehat, tapi midangkeun materi tampa cawadeunana, ngan kuring nu mingkin karasa ripuh teh, irung terus ngingsreuk, sirah tambah beurat, nafas geus mimiti eungap jeung ngaregeh deuih, kahariwang nu ti awal keneh dipikapaur, jigana bakal kajadian, asma, panyakit matuh ti bubudak jigana bakal kanceuh.
Rengse shalat Dzuhur, geus teu katahan, tungtungna boboleh ka Ketua Kelas, kabeneran sakamar, yen materi anu dina jam katilu mah moal milu, teu kuat cekeng teh, rek mondok we dikamar.
Pangaruh obat bawa ti imah jigana, da kitu biasana ge, mun kabeneran ka luar kota teh, angger kudu mawa obat-obatan sanajan nu tampa resep dokter ge, ambeh gampang meulina di warung, kuring mondok tibra pisan, bari sagala diterapkeun kituna teh, kaos kaki mah geus puguheun, da titadi ge teu kungsi dilaan heula, kaos tangan ge ngahaja dipake, sirah dituruban ku kupluk urut anak nu kadua paragi “camping” baheula.
Sora kedepruk sapatu Ketua Kelas nu rek asup kakamar, kadenge bari ting gerendeng ngobrol jeung pantaranana, utusan ti Purwakarta, duanana sarua ngaranna Asep, Ketua Kelas Asep Tayudin, nu hiji deui Asep Dadan, barudak ngora, sapantar jeung anak kuring nu kadua.
“Tah geuning Bapa kaleresan gugah, nembe teh ditataroskeun bae ku Ibu Wiwi, ku naon cenah bapa teu lebet ka kelas, diwartoskeun teu raraoseun we ku abdi teh, katingalna jiga nu melangeun pisan, ngadangu Bapa teu damang teh”.
“Muhun Pa ! ka abdi ge wawartos, keun cenah engke di longok mun geus reureuh”.
Kuring teu nembal, geus teu purun ngomong-ngomong acan, eungap.

-----mmd-----

Sorena enya we Ceu Cucu nyampeurkeun dituturkeun ku Ketua Kelas, bari ngomong :”Tuh geuning Bu, Pa Maman na oge kulem bae”.
“Kunaon Cep Maman teh ?” Ceu Cucu bangun nu hariwangeun pisan.
“Rieut Ceu !, jigana Asma-na kanceuh deui”. Bari ngangsrodkeun bantal kana tembok, ambeh bisa rada nyanda sangkan teu eungap teuing. Bari ngomong :”Ulah nyebat Encep atuh didieu mah Ceu, isin ku nu sanes, piraku aki-aki nu geus incuan kieu, masih keneh disebut Encep, tuh Pa Asep ge duanana kareom”.
“Akh...., keun bae, Ceuceu mah hoyong mulangkeun deui panineungan ka jaman urang keur budak kapungkur, keun we sareng nu sanes mah bade nyebat Bapa nyebat Ibu ge, tapi ulah ngalarang, mun Ceuceu keukeuh hoyong nyebat Cep Maman teh”. Kitu basana. “Bade ka dokter moal Cep Maman teh, emut…. weh ayeuna mah, mun kapungkur Cep Maman nuju ngaregeh kieu teh, sok diakod ku Mang Undang geuning, dicandak ka Mantri nya ? Dimana Mang Undang ayeuna, akh....keun...we heulaanan, ulah waka seueur ngadongeng ayeuna mah, engke we mun tos rada mendingan, hoyong ngobrol mah, Ceuceu ge sono, jam sabaraha bade ka dokterna ?”
“Engke we, rupina ba’da Maghrib, abdi ka dokter, bari mapah da caket ka palih kaler” Jawab teh.
“Tah muhun kitu, engke saberesna shalat Maghrib, ku Ceuceu disampeur kadieu, Ceuceu hoyong nganteur Cep Maman ka dokter, di palih kaler peuntaseun jalan nu ka Jayagiri aya dokter didinya, engke di anteur ku Ceuceu“.
“Hoyong jiga ku Mang Undang atuh, ari Ceuceu bade nganteur mah”
“Jiga ku Mang Undang kumaha ?”
“Bari digandong”
“Angger...... cunihin teh, kawas keur budak bae” Ceuk Ceu Cucu, tapi bari imut, kapiasem, teu aya semu-semu ngambek, jiga nu atoh malah.
Bari malik ka Ketua Kelas nu keur ngajengjen di tungtung tempat tidur, Ceu Cucu gomong :”Pa Asep ! titip si Bapa nya, upami aya naon-naon, enggal wartosan Ibu, bongan Pa Asep nu janten Ketua Kelas na ?”.
“Siap lah Bu, teu kedah hariwang” Ceuk Pa Asep bari niron-niron tentara nu keur ngahormat ka komandanna.
Enyaan, karek ge cucul-cucul jeung meresan sajadah, Ceu Cucu geus datang, di sanghareupan Ketua Kelas di tepas, buru-buru kuring salin, ganti baju, hadena mandi heula tadi, ku cihaneut, ngarah rada seger, keur anteng nyisiran, panto kamar ngulutrak dibuka ti luar, selengseng seungit parfum nabrak irung, sanajan keur salesma parfum nu kaangseu geus teu aneheun deui kana irung teh, lantaran sarua pisan jeung nu sok dipake ku kuring sapopoe.
Kaluar ti tempat nganjrek teh kudu ngaliwat ka ruangan tempat dahar, para pamilon pelatihan masih keneh loba nu keur dalahar, kuring kaluar teh meh disangkeh pisan ku Ceu Cucu, nu sejen ting haruit ting areuleuh, komo Pa Didin mah, utusan ti Cirebon, mani omat-omatan semu ngagonjak :”Kade kalalanjon Pa Maman”
Ditema ku Pa Rastim, utusan ti Cianjur :”Keun we ketang ari sami ridona, sami sukana mah, teu nanaon”
Diengklokkan ku Pa Patah, utusan ti Kuningan :”Pa Maman bade ka dokter ?, bade dodokteran ?”.
“Husy….. ari taeun teh, Ibu mah rek nganteur ka dokter, ka dinya tah ka kaler” Ceuk Ceu Cucu, mangjawabkeun tidituna mah meureun.
Geus di luar, Ceu Cucu nungtun ka tempat parkir mobil, singhoreng mawa mobil sorangan manehna mah, Suzuki Vitara, sanajan taunna geus rada heubeul, kaciri saliwat ge, mobil teh hade piara, beresih luar jero, lain bobohongan jiga nu teu kakebulan saeutik-eutik acan dijerona ge, geus merenah diuk kuring nanya : “Taun sabaraha Ceu Cucu ka Mekah teh ?”
“Terang ti mana Ceuceu tos ka Mekah ?” kalah malik nanya.
“Eta parfumna sami, sareng nu sok dianggo ku abdi Ceu, balanjana baheula nuju di Mekah” Walon teh.
“Tuh... nya, parfum ge sami urang teh, sakaresep, taun 2004 Ceuceu mah, keur masih keneh aya Akang-na harita mah, ari Cep Maman taun sabaraha ?”
“Taun salapan puluh lima abdi mah Ceu..............., asa nuju dina Jeep anu Oom Letnan kapungkur ieu teh Ceu, nanging sok bari ajleng-ajlengan harita mah sareng Dace, kapayun-kapengker” Cekeng teh.
“Tuh….. geuning Cep Maman ge emut keneh kana mobil Papih kapungkur, mobil Jeep nya harita mah, jeep tentara, kap luhur na ku deklit, ari hujan teh sok ngagarayot geuning cai hujan teh dina deklit, heg ku Cep Maman teh sok disodok ti handap ku sumpit geuning, atuh Ceuceu teh rancucut…., da aya handapeunana” bari ngagebug kana taktak.
“Muhun… , hapunten Ceu ! bangor abdi teh harita mah, ari Dace dimana ayeuna, Oom sareng Tante araya keneh kitu, siga kumaha ayeuna, ah… ka Dace ge jigana moal apal ayeuna mah, hemeng puguh ge abdi mah, naha Ceuceu masih keneh apal ka abdi, pan tos sakieu nya kakolotanana abdi teh”.
“Ari saleresna mah, sanes apal-apal teuing Ceuceu ka Cep Maman teh, pedah eta we, para pamilon teh ti sa jawa Barat, susuganan we cekeng teh aya nu kenal, tah…. basa wengi mungguran tea dina acara pembukaan, anu dipiwarang ka payun ku panata-calagara pikeun ngawakilan para pamilon dina pelatihan, jenengan Cep Maman anu disaur, hayoh we ku Ceuceu teh direka-reka, diwawaas, lamun Cep Maman sobat Dace kapungkur, tepang ayeuna, jigana moal tebih-tebih teuing ti kieu cekeng teh, mung benten dedegan jigana mun dibandingkeun sareng Dace mah, Cep Maman mah jangkung, Dace mah angger we pecekrek. Di Bogor Dace mah ayeuna teh, di Bantarjati, Kalapanunggal, ke geura mun salse mah Cep Maman ka ditu, Oom sareng Tante tos ngantunkeun, Ceu Euis masih di Palembang, Tini mah di Makasar janten dosen diditu, Ari Uwa Inyi kumaha wartosna sareng Uwa Pameget ?”.
“Sami we Ceu, pun biang sareng pun bapa mah parantos ngantunkeun duanana oge, kantun Mang Undang di Tasikmalaya sareng pun adi diditu…”

-----mmd-----

Teu karasa geus tepi manten ka tempat praktek dokter, teu lila papariksaan teh, da jigana dokterna ge geus apaleun ka anu boga panyakit jiga kuring mah :”Landongna mah galeuh we di apotik, cenah, wengi ieu si Bapa ulah diganggu wae ku Ibu, sina kulem we, sina reureuh, Insyaa Allah, enjing ge majeng sehat geura” Ceuk dokter, marukanana kuring duaan teh salaki jeung pamajikanana.
“Muhun… muhun…., mangga dokter, hatur nuhun”. Ceu Cucu nu ngajawab mah.
Teu nyalahan omongan dokter, da jeung saenyana deuih, barang datang terus nginum obat teh langsung tunduh jeung lungse deuih, terus we ngajepat dina tempat tidur, teu salin-salin acan, malah Ceu Cucu balik ge teu nyaho wayah kumaha, lilir-lilir teh jam 3.00 peuting, ngorejat teh lantaran yakin can shalat Isya, nempo ka gigireun Pa Asep duanana ngararengkol katirisan. Buru-buru ka cai, yakin waktu Isya geus kaliwat mah, tapi shalat mah diteruskeun we, nepi ka Shubuh teu sare deui, lamunan malikan deui carita lawas baheula, Ceu Cucu enya ge geus teu kasebut ngora da saluhureun kuring sataun atawa dua taunan, leuwih kolot batan kuring, tapi kalah asa beuki geulis bae, duka pedah peuting mangkukna kuliah perdana ti Pa Lili, nyelang heula bari ngadongengkeun Ibu Ratna Sari Dewi, Istri Bung Karno dina poto-poto nu tampa busana, didongengkeunana ku Pa Lili harita matak jadi nambahan panineungan nu lain-lain. Kitu meureun lamunan kuring ka Ceu Cucu ayeuna, jiga dongeng Pa Lili ka Ibu Ratna Sari Dewi.
Akh…… Ceu Cucu…………., Ibu Wiwi Awaliah ceuk nu sejen mah
Mandi ku cihaneut deui, enya karasa awak rada seger, ngan sora karasa rada peura, pangaruh obat asma biasana mun karasa kieu teh, Ketua Kelas ge geus hudang, memeh ka cai hariweusweus heula, :”Bapa ! Ibu Wiwi mani jiga pisan nu melangeun ka Bapa wengi tadi, malih dugi ka Bapa dikampuhan teh ku anjeunna, abdi duaan mah ukur ningalikeun we ti pengker, keun cenah ulah kaganggu si Bapa teh, sina tibra, dan biasana mah tara lami, enjing ge jagjag geura”.
“Enya, jigana mah rada harampang ayeuna mah Bapa teh, shalat ge hoyong nyobian ka mushala, Pa Didin sareng Pa Rastim nyampeur bieu teh”.
Di mushala Pa Didin jeung Pa Rastim nyeredkeun hayang diimaman ku kuring cenah, sanajan bari rada peura ge kuring maju ka hareup, ngan kulantaran sieun poho, pedah can sehat pisan, bacaan surat ge nu pondok we, padahal ari biasana mah di lembur, shalat Shubuh berjamaah poe Juma’ah mah, sok make surat Al-Insyiqaq dina rakaat nu kahiji teh, sangkan aya sujud tilawahna.
Bubar shalat henteu terus balik ka kamar, lantaran Pa Didin ngajak jalan-jalan heula, opatan nu geus aya umur wungkul ngabring jalan-jalan ka kalerkeun, lantaran katambahan ku Pa Sumarno utusan ti Pangandaran, lebah tempat praktek dokter nu peuting, kuring nuduhkeun ka anu tiluan, yen di tempat ieu, tadi peuting kuring disuntik teh.
“Janten..., henteu teras dodokteran nya Pa Maman teh ? “ Ceuk Pa Didin
“Eta ge dodokteran…….. ka dokter bae, maksadna mah ?” Ceuk Pa Rastim.
“Da ari nu dimaksad ku Pa Didin mah sanes pedah angkat ka dokter bae, ieu mah dodokteran……, dodokteran…….” Ceuk Pa Sumarna, ger weh nu opatan pating cakakak.
Ngaliwatan Masjid Agung saeutik, Pa Didin ngajak balik deui, bisi kabeurangan ari kudu muter mah cenah, di ruangan makan “Pesona Bambu” masih keneh kosong can aya nu sarapan, opatan terus balik ka tempat mondok, memeh tepi, lebah Ceu Cucu mondok, ti luhur aya nu nanya : “Cep Maman tos sehat ?
Direret ka luhur enya we Ceu Cucu geus menor, geus jiga Ibu Ratna Sari Dewi : ”Parantos Ceu, tos sehat ayeuna mah, nembe ge jalan-jalan dugi ka tempat dokter nu tadi wengi tea, sareng Pa Rastim, Pa Didin, dijejegan ku Pa Sumarno”. Jawab teh.
“Alhamdulillaaaaah …… nuhuuun......Gustiiiii……. “ cenah semu dareuda Ceu Cucu namprakkeun dampal leungeunna ka luhur, kuring nu keur di handap hareugeueun, teu karasa, cimata jol ngembeng………….
Ka tempat dahar, bareng jeung Ceu Cucu, ngahaja megat jigana mah, da geus aya di handap, dahar ge teu aya nu ngabaturan ayeuna mah, kuring we dina meja makan teh kadua Ceu Cucu, nu sejen ngahaja ngajarauhan jigana, bari noelkeun sendok kana piring kuring, Ceu Cucu ngomong :”Sawengi tadi mah Ceuceu teh ngaherang we di tempat tidur, ngimpleng deui mangsa urang keur budak, na ana jol teh, mani ngagebray, kasalahan Ceuceu keur budak baheula ka Cep Maman, naon cing ? Emut keneh henteu Cep Maman ? Eta pestol cai nu Cep Maman tea, ku Ceuceu teh kapan ditojos ku panitih, bari ngeusian deui cai teh, pedah eta, ningali pepestolan anu Dace mah henteu lepas mancerna jiga pepestolan anu Cep Maman, ku Ceuceu teh ditojos weh sisina pepestolan nu Cep Maman mah, janten weh liangna teh dua, da nu hiji deui mah tapak panitih, geuning harita keneh Cep Maman teras mulih bari semu rek nangis, ti harita asana urang papisah teh. Keresa Cep Maman ngahapunten kana kalepatan Ceuceu harita ?” Leungeunna bari ngarawu ramo kuring duanana ayeuna mah.
“Atuh kantenan we, dihapunten mah Ceu, namina ge budak urang teh harita mah, sanaos abdi ge emut deui perkawis eta teh ti kamari ge, Insyaa Allah ku abdi di hapunten, dilubarkeun, da urang teh tos pada-pada kolot kieu, bade naon deui”. Tapi sora nu kaluar tina tikoro teh, ku sorangan ge atra kadenge semu dareuda, da asa aya nu ngagenduk luhureun dada nahan piceurikeun, malah cimata mah geus miheulaan merebey nyakclak kana meja.
“Nuhuuunnn ….. Gustiiiii…..” cenah, ayeuna mah tipepereket nyekel ramona oge, malah bari jeung nyuuh sagala kana leungeun nu keur dikeukeuweukna teh, kuring ngalimba, cimata terus ngembeng dina kongkolak mata, luhureun dada beuki nyedek hayang mudal, mun teu inget dikalalakian jigana bedah enya.
Nu keur sarapan di rohangan eta, taya nu nyoara saurang oge, kabeh jempling lir gaang katincak harita mah, Pa Didin nu biasana rame teh, ngan ukur ngeluk direret teh, ibu-ibu nu sejen katingali aya nu notol-notolkeun “tissue” kana tungtung matana, bari ungsrak-ingsreuk.
Ketua kelas ngagorowok :”Yu ah…. Bari ngantosan dosenna, urang di kelas ngobrolna, bari aya nu kedah dipatotoskeun, kanggo acara paturay tineung engke wengi”.

-----mmd-----

Di ruangan kelas, Pa Adang ti Dinas Pendidikan keur nerangkeun rencana acara paturay tineung engke peuting, Ceu Cucu ge di gigireun ayeuna mah diukna ge, di tukang, henteu dihareup deui jiga kamari, waktu Pa Adang nunjuk nu kudu nembang di hareup engke peuting, sarerea pada mugen ari kudu dicobaan heula mah, kuring nu ngarasa masih keneh peura, bari hate mah komo, masih marudah, Ceu Cucu ge masih keneh ngeluk, ngawanikeun maneh ka hareup, neger-neger maneh, karunya ka Pa Adang, nunjuk kaditu-kadieu, taya nu malire, nampanan “Mic” ti Pa Adang, nyekelan “Mic” semu ngageter karasa ku sorangan ge, tapi teu burung nyarita : ” Keun sugan ari dicontoan ku aki-aki mah, engke nu sanes aya nu wantun majeng ka payun, mulangkeun panineungan mangsa katukang, waktos sim kuring keur budak baheula, masih di Sakola Rakyat, SD ayeuna mah, mun pareng bade mayunan pakanci rada lami biasana mah, naha bade mayunan sasih Ramadhan jiga urang ayeuna, anu sakedap deui ge Sasih Ramadhan, da harita mah sok sasasih campleng perena teh, atanapi nalika “Samen” sakola, ayeuna mah kenaikan kelas cenah jenenganana teh, aya lagu nu sok dihariringkeun ku batur sakelas, sugan we ti antara ibu miwah bapa aya nu masih keneh apal, anu kieu unina :
Pileuleuyan, pileuleuyan.
Kabeh batur-batur
Isuk urang sarerea.
Rek balik ka lembur.
Urang sosonoan heula.
Jeung batur silih hampura
Da rek pisah lila – da rek pisah lila.

Dihariringkeun dua balikan, tapi anu kadua mah teu nepi ka tamat, da piceurikeun geus nyelek teuing kana dada. Di reret teh Ceu Cucu geus nginghak di tukang. Waktu diuk deui kana korsi, teu karasa kuring ngusap peupeuteuyan Ceu Cucu, dibales ukur ku manggut bari nginghak.
Acara paturay-tineung ngahaja kuring teu datang, sieun karugrag katiisan deui mah, cicing we dikamar, ukur bebeja ka Ketua Kelas, ngahaja ngadon ngaherang di kamar, bari ngumbar lamunan ka mangsa katukang, mangsa keur budak, mangsa keur babarengan jeung Ceu Cucu baheula, anjang-anjangan, malah sok bareng mulungan kembang tanjung sagala jeung Ceu Cucu teh, akh…..enya endah mangsa keur budak teh.

-----mmd-----

Lilir teh kagareuwahkeun ku Ketua Kelas asup ka kamar, ngareret erloji jam 11.10, nguliat hudang bari rek ka cai, geus kolot mah beda, sare ge mindeng ka cai wae, kaluar ti kamar mandi, Pa Asep ngomong :”Naha Pa, da Ibu Wiwi ge henteu katingali dina acara nembe teh ?”.
“Kunaon nya ? Henteu nuju teu damang mah kitu ? Keun enjing ditingali ku Bapa” cekeng teh. Hate mah tagiwur bisi kumaha onam.
Isukna ngahaja diteang, disampeurkeun, bari ditanya : “Ku naon Ceu ?, saur Pa Asep tadi wengi Ceuceu teu aya dina acara paturay tineung, bilih teu damang ditingal teh !”
“Akh.. henteu, teu nanaon, sehat malah, eta kamari teh pedah saur Pa Asep, Pa Maman mah moal ngiringan acara, sieun karugrag saurna, kumargi Cep Maman teu hadir, Ceuceu ge ngahaja we teu dongkap, moal resep teu sareng Cep Maman mah, mending ngadon nyileuk di enggon, hoyong eta ge wengi teh ngalongok ka kamar, bilih Cep Maman kateterasan, mung inggis, bilih kumaha onam, ma’lum........ Ceuceu mah lalagasan”.
“Nya nuhun we ari teu nanaon mah, boro melang” cekeng teh.
Waktu dibagi Sertifikat, sarerea ijigimbrang, nu rek balik ka lembur tea, komo kaum bapa mah, nepi ka nu didongengkeun jeung anu dicaritakeunana ge, ka anu harib-harib cawokah we wungkul, matak nambahan beuki nyogsrog hayang balik, kadituna mah kajudi, hoyong ngahangkeutkeun rukun nikah, cenah.
Ceu Cucu mah beuki nguyung katingalina rek mulang teh, tapi teu wudu masih keneh bisa nyarita :”Cep Maman ! Mun Ceuceu ka bumi iraha-iraha, moal nanaon kitu Ayi istri di bumi ?”.
“Akh …. Ulah Ceu, pun bojo mah gede timburu !”, ngajawab teh kitu, hate mah teuing dimana.