Rabu, 06 Agustus 2008

SAMPURASUN .......NUN !

Kabita ku batur nu geus malang-mulintang di dunya maya, dina ngaping jeung ngatik siswa ngajejeran bari ngabina pikahareupeunana ku muka "Blog" dina Internet.
Maksakeun maneh bari jeung dadaligdeugan ngagunakeun komputer jeung buku acuan cara jeung muka Blog saperti kieu. Ari nu jadimarga lantaran, jigana, pedah umur geus cueut kahareup, lagu diajar jeung ngoprek laptop teh teu wudu uyup-ayapna.
Kusabab kitu ulah waka barang geureuh mun tulisanana masih teu matut, bisi sawan kuya mun digebrag karek jol teh.
Ngan nu paling utama, rek tamada bisi jaga aya tulisan dina blog ieu, sawareh sok bari nyutat tina tulisan-tulisan nu sejen, malah mun pareng khutbah Jum'ah dadak-dadakan mah sok kari neplak tina materi nu geus nyampak di luar, naha tina majalah, tina buku, tina koran, tina kaset malah teu mustahil tina artikel ge kadang kala sok ngahaja diteplak, disalin dipake bahan khutbah.
Ku kituna ti awal keneh tamada, ngan nu pasti, mugia bae amal tulisan-tulisan anu teu bisa ditataan hiji-hiji didieu, lantaran loba pohona, ku geus tunggang gunung tea, sing jadi amal ibadah anu bisa manjang nepi ka jaga.
Cag.