Sabtu, 08 November 2008

BASA SUNDA ( Carpon ) "BESAN"

“Aeh, geuning maneh aya didieu.”
“Puguh enya sarua, bieu teh dina hate, ningali maneh keur sasalaman, ngan kalinglap, eta awak jadi bayuhyuh kitu, senang jigana maneh mah Dodi euy.”
“Lain ….., geuning, ari maneh wawuh jeung sahana ka pribumi teh ?”
“Kapi-Ua ti pamajikan, ka almarhumna, urang mah, tuh geuning pamajikan mah keur ngariung-riung Ua istri, gigireun layon.”
“Urang mah urut dunungan baheula di kantor, memeh pangsiun teh pan urang anak buahna, kabejaan bieu ditelepon, langsung kadieu, nu ti kantor mah can daratang jigana”.
Keur anteng ngobrol jeung Si Dodi, urut sobat baheula jaman kuliah, solongkrong aya nu ngajak sasalaman bari uluk salam, bari nampanan nu nyolongkrong “Aeh geuning Emang, sareng Bibi?”
“Tuh Bibi-na mah nuju ditungtun ku Tedy geuning” Cek Emang bari nunjuk ka beh lebak.
“Aeh hilap, ieu nepangkan Mang rerencangan sakola kapungkur.” Si Dodi miheulaan nyolongkrong bari nikukur, ditampanan kunu jadi Emang.
“Nuhun ditepangkeun, rerencangan kuliah panginten nya? Eta mani bangun nu sono kitu, mangga teraskeun we ngobrolna, keun Emang mah seueur keneh nu sanes tepanganeun.”
Bari nungguan nu ngurus layon, ngobrol anteng jeung Si Dodi, beuki pogot ngobrolkeun basa panggih di Mekah, keur munggah haji baheula, mani cuih sagala diobrolkeun, hanjakal cenah baheula di Mekah panggih teh, ngan sakeudeung pisan, bubuhan henteu sarombongan, misah sagala-galana, kosono harita mah katungkulkeun ku pasered-seredna jamaah haji.
Harita mah, jaman keur sakola, indit kuliah teh cukup ku nikreuh we teu saperti ayeuna loba angkot, mun kabeneran kuliah rada beurang, sok ngahaja indit ti imah teh rada isuk keneh, nyampeur heula ka imah Si Dodi di Jalan Dewi Sartika, ngadon ngariung handapeun tangkal jambu aer sisi jalan, bari nyerangkeun, barudak awewe SMP 3, komo si Dodi mah, sok agul harita, lantaran boga kabogoh budak kelas tilu di SMP 3.
Ti imah si Dodi, indit kuliah teh nikreuh deui bae, nepi ka Jalan Wastukencana, ayeuna mah gedung tempat kuliahna ge geus robah jadi Masjid Ukhuwah, mapay jalan Braga, biasana di sapanjang Jalan Braga, sok bari jeung ngaheureuyan barudak SMEA Wastukencana, katelah ku gareulisna harita mah.
“Teu tulus kawin ka Si Ella teh nya Dod ?”
“Henteu, euy, teu doaeun bapana Si Ella bobogohan jeung mahasiswa mah, tapi ketang teu jadi ka Si Ella ge, teu burung geuning ayeuna mah, barudak urang geus galede, geus pantes minantuan urang mah. Aeh ari maneh sabaraha hiji budak teh ?”
“Geus tilu urang ge, Si Cikal lalaki di Statistik Unpad, sugan tamat taun ieu, nu kadua karek asup taun ieu, ka Peternakan di Unpad keneh, ngan si Bungsu awewe, karek kelas tilu di SMP.”
“Aya budak nu geus gede mah, ulah kapalang sosobatan, urang bebesanan we sakalian Man euy, ngarah teu susah neangan piminantueun urang, sugan ari wawuh jeung bapana mah, anakna ge moal jauh-jauh teuing jigana.”
“Ari maneh, kawas jaman Siti Nurbaya wae, keun antep urusan jodo mah, kumaha barudak na, dijujurung ku kolot mah, can puguh barogoheun barudakna ge.”
Teu kebat ngumbar kasono baheula, aya beja layon geus beres dimandianana, bisi aya nu rek milu solat janazah ditungguan cek nu mere beja. Sarerea cengkat, milu solat janazah. Jeung Si Dodi teu kungsi panggih deui.
Si Cikal geus tamat S-3 na, ngabiayaan maneh, rumasa kuring mah geus mopo ngabiayaanana, malah adi-adina nu dua, dibiayaan ku lanceukna ngahaja dikiriman ti Belanda keur Si Cikal diditu.
Kabehdieunakeun, asa diteungteuinganan ku Si Cikal, lantaran bebeja hayang rumahtangga, bari nu jadi kolot teu diiberan ti awalna keneh, sagala geus kari prung, basana teh sagalana tos sayagi, hasil tina nabung duaan nalika di Belanda, pimantueun ditanggel moal teu sapuk cenah, margi ka batur salembur nu sasarengan nuju sakola diditu, saeutak-saeutik biaya tambihna, ditangkes ku pimitohaeun pajar teh, teu wawartos teh bilih janten emutan ka Bapa sareng ka Mamah, oge henteu ngajak tunangan heula teh, kaemut moal kawidian ku Bapa cenah, biasana ge Bapa mah sok teu sapuk ari aya nu tunangan heula sagala teh, kateuteuari mending kawin sakalian, ijab qabul langsung akad nikah.
Surat Ondangan kabagean 250 lambar hancengan baraya ti pihak lalaki, enya we geus beres, kari prung teh lain bobohongan, ngaran besan ditelek-telek. H. Faruq Abidin. Padalarang. Yakin teu boga kawawuhan ngaran kitu. Tungtungna mah ukur bisa ngadu’a, mugia kulawarga pun anak sing jadi kulawarga anu sakinah, anu “mawaddah warahmah” sangkan jadi kulawarga anu “baldatun thayibatun warabun ghafur”.
Dina prungna, acara seren tampi calon panganten, nyerenkeun calon panganten lalaki, teu ngengken ka batur, hayang ku sorangan, sakalian pakaulan ngawinkeun anak munggaran, di akhir biantara, teu poho tamada ka pibesaneun.
“Kang Rai Haji Faruq Abidin sakalih, neda tawakup Pun Engkang sareng Ceuceuna teh, wireh ngadeuheus digariduskeun dina waktosna walimahan wungkul, henteu aya iber ti awalna sapertos nu sanes, sanes kirang upami deuih, bari jeung teu jingjing teu bawa teh, nanging pun Anak, ieu Si Cikal, ngagugujeg bae, hoyong ka palapuh nangtung saurna teh, hoyong tereh-tereh kapimilik Neng Lia teh, malah dipaparah, diangen-angen, dicita-cita, sangkan tiasa kauntun tipung katambang beas, laksana kapiduriat. Kalihna ti eta, wireh kawengku ku hukum katalian ku adat kabiasaan, yen sahna rumah tangga, upami aya kaweningan galih, ka ikhlasan manah, ti wali calon panganten istri, anu mangrupi "ijabna" ditema ku panganten pameget minangka "qabulna", ayeuna, mangga, kasanggakeun pamegetna, pun anak, getihna satetes, rambutna salambar, ambekanana sadami, kabodoanana, kalaipanana sareng katalingeuhanana, siangna, wengina, mangga, nyanggakeun, sarta pangjajap pidu'ana, malah mandar, rumah tangga para putra urang jaga, aya dina ginanjar kawilujengan, janten wangunan rumah tangga anu sakinah, rumah tangga anu mawaddah warahmah, sangkan tiasa janten wangunan rumah tangga anu baldatun thayyibatun warabbun ghafur.
Panambih, sok sanaos kalintang isin ajrihna, margi tebih ti utami tea, kitu ge sanes bade ngaluli-luli, nanging rumaos, tuna tina kagaduh, estu tamba ngalongkewang wungkul, sapulukaneun pangjajap itikad, pangjurung maksud ti pun anak, beas sacanggeum, encit sacewir, artos satoros teh, sanes mung ukur babasaan wungkul, estuning saujratna, nanging panuhun, ulah ditingal jumlahna, margi tangtos, matak ngisinkeunana, pamugi anu kasuhun, kersa nampi cacandakan pun anak ieu.
Salajengna, hapunten anu kasuhun, upami ieu pamaksadan miwah kadongkapan sim kuring saparakanca ieu, tebih tina harepan pribumi, oge tina sugrining kalepatan sareng kakiranganana, utamina bilih aya saur bahe carek, catur nu teu kaukur, carita anu teu karasa, eta sadaya sanes perkara anu dihaja, estuning tina kakirang Pun Engkang wungkul.
Pamungkas, Pun Engkang neneda ka Allah SWT, mugia pun anak anu bade ditikahkeun ieu, sing runtut raut, lulus banglus, apanjang-apunjung, parek rijkina, adoh balaina, jatnika salalamina, dina enggoning laki rabina.
Deudeul du'a ti awal bae anaking, geulis, kasep :"Barakallahu laka wabaraka alaika, wa jama'a baina kuma fii khair" Yaa Allah Rabbanaa, mugi Gusti maparin barakah ka anu bade ditikahkeun ieu, sareng mugi Gusti ngahijikeun ka anu bade ditikahkeun dina kasaean. Amin Yaa Allah Yaa Rabbal 'alamiin,
Wasallamu 'alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.

Beres nyerenkeun calon panganten lalaki, nu pinampaeunana ti jero imah tuturubun, teu pati sidik mimitina mah, sanggeus nangtung sajongjongan nyanghareupan “mik”, disidik-sidik asa wawuh, Si Karmawan asana batur keur di SMP, najan teu pernah sakelas oge, da apal yakin, puguh nu sasakola. Teu didengekeun ieuh eusi pidatona mah, nu jadi hemeng, mun enya Si Karmawan teh, atuh meureun adina Si Dodi, lantaran harita, keur di SMP, sasakola jeung Si Karmawan adina, geus mahasiswa sosobatan jeung lanceukna Si Dodi.
Teu ieuh diperhatikeun deuih wawaran ti MC mah, beres si Karmawan pidato teh, ngahaja disampeurkeun : “Karmawan ieu teh ?”
“Enya Man, urang, batur keur di SMP Pasundan baheula.”
“Ari si Dodi dimana Wan ?”
“Kapan ieu imahna, si Lia teh piminantueun maneh, anak Si Dodi nu kadua.”
“Nu bener maneh ngomong teh, ari Haji Faruq Abidin teh saha kitu?”
“Heueuh Si Dodi, da si eta mah ganti ngaran sabalikna ti Mekah baheula teh, jadi Haji Faruq, tuh geuningan keur seuri Si Dodina oge”. Cek si Karmawan bari nunjuk ka tengah imah.
“Ari maneh, Dodi, saruana jeung Si Cikal, boga besan teh, paribasa bebeja ka urang mah, moal Pa moal teu sapuk geura gaduh mantu nu ieu mah, sihoreng anak maneh nya, piminantueun urang teh, hanas urang pidato mani adab beak karep”.
Si Dodi ukur nyenghel :”Laksana urang bebesanan teh euy”.



















-----mmd-----

Tidak ada komentar: