Kamis, 30 Oktober 2008

BASA SUNDA ( Carpon ) "YANG DIATAS ITU......"

Poe Jumaah, meunang deui tugas, kudu ngajar ka Surabaya, teu wudu rada tihothat neangan karcis kareta api, lantaran geus biasa mun mangsa liburan saperti kieu, alamat moal kabagean kareta api.

Babaturan nu biasa jadi “partner” mun kabeneran ngajar ka luar kota, ngarurusuh ngajak ka Stasion Kereta api, neangan karcis keur poe Saptu, sangkan bisa tepi ka Surabaya poe Minggu isuk-isuk.

Teu jauh ti sangkaan, kareta api jurusan Surabaya, ti mimiti “Argo Wilis”, “Turangga” nepi ka kelas ekonomi pisan “Mutiara Selatan” pinuh kabeh, waktu nanyakeun ka petugas informasi, aya-aya deui nu kosong teh keur poe Senen-na, minggu hareup.

Tapi aneh, ari di calo mah, nu ngajual karcisna bari haharewosan tea, karcis “Argo Wilis”, anu harga resmina Rp 195.000,- ditawarkeun jadi Rp 300.000,- dijamin aya basana teh, oge karcis “Turangga” nu harga resmina Rp 165.000,- ditawarkeun jadi Rp 250.000,-. “Ditanggung berangkat”. Basana ge.

Terus terang we, harga karcis di calo mah teu wanina meulina, lantaran dina “Surat Perjalanan Dinas” ge ongkos teh ukur ditulis Rp 165.000,- ngan cukup keur tiket resmi “Turangga”, ganjor teuing kudu nombokkannana.

Beus malam langganan “Kramat Jati”, jurusan Surabaya mah sarua. Nepi ka poe Senen mah pinuh cenah, lantaran kabeneran liburan sakola. Disarankeun ku “petugas ticket”, cobaan cenah ka Jalan Kebon Jati, aya beus malam “Pahala Kencana” jurusan Surabaya, sugan aya keneh tempat.

Deregdeg balik deui ti Jalan Ambon ka Jalan Kebon Jati, neangan alamat agen beus malam “Pahala Kencana”. Kabeneran aya keneh tempat, kari duaaneun deui, korsi pangtukangna, kajeun teuing cekeng teh ditukang oge, asal kabawa we, buru-buru dibayar, ongkos beus ka Surabaya Rp 122.000,-

Isukna poe Saptu, ngahaja shalat Ashar ditarik, dihijikeun jeung shalat Dzuhur, bisi riweuh dina beus mah. Beres shalat, dianteur ku anak nu panengah, kana motor, lantaran kudu bari angkaribung, sagala dibawa, sajaba ti pakean teh, oge mawa buku materi, keur para siswa engke di Surabaya.

Jigana geus kitu we tariking cilaka, neundeun motor teu pati tarapti, mokahaan teuing deuih ongkoh. Asa geus ajeg rarasaan mah neundeun motor teh, tukangeun sedan nu keur parkir, tapi barang dilesotkeun lain cicing motor teh, kalah tigubrag ka lebah katuhu, setang motor nu lebah katuhu, persis ninggang lampu mobil sedan nu keur parkir tea, sedan weuteuh pisan, Honda City, taun 2000, katinggang setang motor teh bolong persis sagede tungtung setang.

Luak-lieuk neangan nu bogana, aya nu nuduhkeun, nu bogana teh cenah nu boga beus “Pahala Kencana”, sakalian lapor ka petugas ticket, nanyakeun menta papanggih jeung nu boga mobil sedan tea, si petugas ticket teh, kalah tetelepek sagala ditanyakeun, rek aya maksud naon cenah hayang manggihan nu boga mobil sagala, naha ngahalangan batur mobilna, atawa kunaon cenah.

Rada nyeuneu ari sagala ditanyakeun kitu mah hate teh, sakalian we ditungtun kaluar si “petugas ticket” teh, bari ditingalikeun lampu mobil nu bolong alatan katinggang ku setang motor, geus nyaho kitu mah buru-buru manehna lumpat, lapor ka dununganana yen mobilna ruksak, nu norojol teh kalah budak rumaja putri deuih, bari hariweusweus nanyakeun aya-aya naon.

Sakali deui budak rumaja putri teh ditungtun ka tempat parkir, ditingalikeun, sakalian disebutkeun yen lampu mobilna katinggang ku setang motor kuring, mun perlu digantian, rek digantian cekeng teh, teu ngajawab budak teh, kalah ngabecir, balik deui ka jero kantor, bari jamedud beak karep. Teu kungsi lila kaluar deui, sakalian dituturkeun ku indungna ayeuna mah, jigana teh.

Indung jeung anak sakali deui dituduhkeun ka tempat parkir, ngahaja make basa Indonesia, jeung nyebut Enci deuih, da yakin lain urang Sunda :”Mobil Enci ini, kesenggol sepeda motor saya, tidak sengaja memang, tetapi jika perlu akan saya ganti, berapa kerugiannya, silahkan hitung”.

Bari rada nyureng si Enci teh ngajawab : “Aduh Pa, harganya mahal”.

“Kalau mahal, dan tidak bisa saya bayar hari ini, saya bayar nanti setelah saya kembali dari Surabaya, minggu depan”. Cekeng teh.

Dina hate mah terus terang rada gimir oge, lantaran nyakuan duit dina saku, “Uang Perjalanan Dinas” teh kari Rp 400.000,- keur kaperluan sapopoe salila di Surabaya, lantaran geus dipotong ku indung “si kucrit” keur kaperluan di imah.

Katambah-tambah calon panumpang geus nungtutan daratang, kantor ngarangkep “ruang tunggu” teh, beuki pinuh bae, teu wudu keur aras-urus teh, pada ngalalajoanan ku calon penumpang sejen, Si Enci nyatet ngaran jeung alamat, anakna nelepon “Dealer Onderdil Honda” nanyakeun harga lampu mobil, supaya ngagantiannana puguh cekeleunana. Rengse nelepon budak teh bebeja, yen harga lampu teh Rp 1.050.000,- geus dikorting 5 % cenah.

Teu jauh ti sangkaan, duit nu aya dina saku moal pimahieun keur ngagantiannana, kesang tiis mimiti bijil, maseuhan awak, nu diinget wiwirang bakal kaalaman poe ieu, hate beuki tagiwur, Si Enci can puguh percayaeun, jigana, mun djijangjian dibayarna sarengsena ngajar ti Surabaya engke.

Bari neger-negerkeun maneh, ngomong ka si Enci : “Enci, terus terang uang saya nggak cukup, tapi biaya itu akan saya ganti, kalau percaya, beri saya tempo sampai pulang dari Surabaya, Senin depan saya baru pulang kembali ke Bandung”.

Ningali paroman si Enci, yakin teu percayaeun. Tapi encan ge ngajawab, ti tukangeun aya nu noel, bari nanya : “Kang Maman ! ada apa ini ?” Panasaran dilieuk katukang, bari teu percaya bet aya nu wawuh, sihoreng baraya keneh, Mas Gatot, kuring nyebut ngaranna teh, salaki adi misan ti pamajikan, urang Malang aslina mas, tugasna di PT. Timah di Bangka, keur nganteur adina nu rek ka Malang, ngadon cuti cenah di Bandung.

Hate beuki ngareunteut, wiwirang nu bakal kaalaman jeung si Enci, baraya bakal nyahoeun, bari rada geumpeur ngajawab teh : “Oh Mas Gatot. ini Mas, Kang Maman mau ke Surabaya, tadi kesini naik motor, taunya motornya jatuh, kena mobilnya Enci ini, harus mengganti, tapi uang Kang Maman nggak cukup, tadi dijanjikan diganti setelah pulang dari Surabaya nanti”.

“Sabaraha harus menggantinya ?” Mas Gatot nanya bari direumbeuy ku basa Sunda. Dibejakeun satarabasana, kudu ngagantian sajuta lima puluh rebueun.

Bari nyanghareup ka si Enci, Mas Gatot ngomong : “Sudah Ci, saya ganti semuanya”. Kusiwel nyabut dompet, ngaluarkeun duit ratusan rebu sapuluh lambar, rumpu-rampa kana pesakna, nyabut deui duit lima puluh rebuan, dientep, terus dibikeun ka Si Enci, bari ngomong : “Nih saya ganti semuanya, selesai kan ?”.

Kuring olohok, teu percaya, bari dareuda, ngan ukur ngomong : “Aduh, Mas, terima kasih”. Ngan sakitu-kituna, bisa ngomong teh.

Mas Gatot bangun nu surti, kana hate nu keur teu puguh rasakeunana, bari ngomong satengah ngajujurung : ”Sudah jangan dipikirkan, tuh beus yang ke Surabaya sudah datang, ayo Kang Maman mah berangkat saja, jangan dipikirkan lagi. Nanti ngajarnya, nggak bener lagi di Surabaya !”.

Samemeh naek kana beus, teu poho ngajak sasalaman ka Si Enci, malah aya salakina ayeuna mah, milu ngariung. Bari sakali deui ngomong, lain dihaja nepi ka lampu mobilna ruksak. Si Engko, salakina si Enci tea, bari sasalaman teh ngomong ngaharewos : “Terima kasih banyak Pak, padahal kalau Bapak tidak bilang pun, kan tidak ada yang mengetahui, bahwa Bapak yang memecahkan lampu itu”.

“Iya situ tidak tahu !, tapi “Yang Diatas Itu”, kan tahu !” Cek kuring, bari nunjuk kaluhur.

Nyangsaya dina korsi, bari ngadagoan beus maju, teu karasa cimata ngalembereh mapay pipi, bari peureum, hate leutik mah ceurik : “Emh……, Alhamdulillaah Gusti, ku pitulung Anjeun, yakin, dina waktu nu sekedet netra, sim kuring kaluar tina wiwirang, aya nu haat mangmayarkeun”.

Keur ngararasakeun kani’mat Allah nu karandapan harita, kadenge aya nu nyalukan, di tingali teh “petugas ticket” bari nyampeurkeun : “Pa Maman, itu Ibu nunggu dibawah !”.

“Ibu siapa ?” Ngajawab teh rada nyentak, keur ngararasakeun ni’mat Allah, asa kaganggu.

“Itu Ibu yang punya mobil, nunggu dibawah Pa !”.

Dihandap Si Enci jeung Si Engko, keur ngadagoan, disampeurkeun bari ditanya : ”Apa lagi yang kurang ?” rada tarik jigana nanya teh, katingali siga nu rareuwaseun, jeung ongkoh rada ambek nanyana ge, memang.

Si Enci na nu ngajawab teh : “Begini Pa !, sebenarnya mobil itu masih ada asuransinya, jadi kalau nanti oleh asuransi, kerugian itu diganti, uang yang tadi, ingin kami kembalikan lagi kepada Bapak, setelah Bapak pulang dari Surabaya nanti, silahkan telpon saya”.

“Kenapa Enci bilang lagi sama saya, kan untung sebenarnya, dari adik saya dapat penggantian tadi, lalu nanti dapat lagi penggantian dari asuransi !”.

Si Engko nu ngajawab teh : “Memang Bapak tidak akan tahu, kalau kami tidak bilang, tapi kan, “Yang Diatas Itu” tahu”. Bari nunjuk kaluhur, persis saperti kuring tadi.

Teu karasa babaturan, gigireun ngagerendeng : “Heueuh nya, da’wah teh teu kudu gogorowokan dina podium ge bisa. Asa Umar Bin Khaththab jeung tukang ngangon domba tea euy, waktu diolo sangkan ngajual dombana, pedah dununganana mah teu nyahoeun ieuh, cek budak angon teh geuning harita, “enya ari dunungan mah teu nyahoeun, tapi ari Allah mah nyahoeun pan ?”

Saminggu ti harita, kuring balik ka Bandung, panasaran si Enci ditelpon, enyaan ku asuransi digantian, duit dipulangkeun, dipotong dua ratus rebu, nu kudu dibayar ku sorangan.

Mas Gatot geus aya di Bangka, ngahaja ditelpon, duit rek dikirimkeun lantaran digantian ku asuransi, mun bisa menta nomer rekening bank na. Kumaha jawabna :”Teu kudu digantian, da lain ngahutangkeun cenah”.

“Nuhun Gusti”. Ukur bisa kitu, hate mah ceurik. Ceurik kabungah. Semester ieu si Cikal kabayar uang kuliahna.

ATIKAN DAKWAH JEUNG BASA SUNDA

WARISAN

“Kang, cek batur mah ieu mah, ari bade diical ku harga sakitu mah, ngimpi cenah, moal aya nu kersaeun meserna oge, malah dina hate Enok ieu mah, aya curiga, boa-boa Engkang ngahargaan sakitu teh, pedah Engkang mah aya niat dina hate, moal rek ngical bumi eta”.

“Ikh….., ari Engkang mah satadina ngahargaan sakitu teh, lantaran teu nyaho sabaraha harga pasaran didinya, mun ngahargaanana leutik, bisi kamurahan teuing, ari ngahargaan sakitu mah, cek pangrasa ieu mah, pan mun aya nu niat meuli teh, bakal nawar, sabaraha panawaranana, Engkang ge moal keukeuh hayang sakitu, ilahar we jeung harga nu meuli, aya mah nu nawarna, harga mahal teuing cenah, urang turunkeun, matak naon”.

“Tapi karasana ku Enok mah, Engkang teh teu aya niat ngajual, padahal pan eta mah warisan, titinggal Apa, wariskeuneun pikeun anak-anakna, urang bagikeun buru-buru, terus terang Enok teh, keur butuh pisan ayeuna teh, jadi hoyong enggal-enggal diical, ngarah Enok bisa tereh-tereh mayar hutang”.

“Geus ngahutang deui wae, teu aya euih-euihna pisan, ari maneh, urut ngahutang naon deui maneh teh, mani jiga nu popohoan kitu hayang ngajual imah teh”.

“Terus terang Enok teh, ngagadekeun BPKB mobil nu Kang Iing, ku Enok teh digadekeun ka rentenir di gigireun imah, ari kamari Kang Iing nananyakeun bae, dikamanakeun cenah BPKB, itu mobil rek diperpanjang STNK-na”.

“Ke…. ke, naha maneh ngagadekeun BPKB teh si Iing teu nyahoeun kitu, nginjeum duit keur naon deui atuh maneh teh ?”.

“Keur modal ari duitna mah, tapi lapur Enok teh, modal ledis duit teu nyesa, ari ayeuna di gugujeg wae ku Kang Iing, da STNK na kudu diperpanjang, angkeuhan teh pedah aya harepan tina ngajual imah tea, matak Enok ngarurusuh ngajual imah teh, kitu tah dongengna mah”.

“Untung siah, salaki maneh teu nyabok ge, wani-wani ngagadekeun barang salaki, bari salaki teu nyahoeun, sakitu ge sabar salaki maneh mah, Enok”.
“Nu matak ge kitu, mana mun aya niat rek ngajual teh, ulah luhur-luhur teuing atuh hargana, sabaraha we harga nu rek meuli, tong keukeuh kudu sakitu bae”.

“Heueuh saha nu rek meulina, mun aya ge nu rek meulina, sina kadieu, urang padu harga, sabaraha kawani itu ? Sabaraha urang bisa nurunkeun hargana, ieu mah can aya nu nawarna, geus nyebut luhur teuing. Ieuh Enok, barina ge lamun tea mah laku, engke teh kudu we bebeja ka rai-rai Apa di Kuningan, jeung barina ge ngajual imah mah teu jiga ngajual pisang goreng, moal ujug-ujug laku, terus crung-creng, aya dangka heula, aya jangka waktuna, moal pok-pek kawas ngajual jaar”.

“Enya kaharti, tapi da Enok butuh pisan keur mayar hutang, malah mun bisa mah tulungan atuh ku Engkang lima juta mah, engke mayarna mun imah laku, potong tina bagian warisan Enok”.

“Ari maneh ku keukeuh sok ngabalanjakeun duit nu can aya, ieuh…. Enok, ngajual imah can puguh laku poe isuk, cik atuh ….. da duit sakitu teh, lain eutik-eutik”.

“Pedah we aya bejana, Engkang tas ngajual mobil, sugan bisa nginjeumkeun sakitu mah”.

“Yeuh Enok, enya Engkang teh tas ngajual mobil, eta teh keur ngabiayaan barudak sakola, da puguh Engkang teh teu jiga baheula deui, geus teu boga panghasilan naon-naon deui ayeuna mah, ngajual mobil ge dimurah-mareh teh lain bohong, asal keur bisa mayar kuliah barudak jeung kaperluan sapopoe, geus lila Engkang teh tara ngabalanjaan ka Teteh-na, ku euweuh panghasilan deui, nepi ka jujualan kitu teh, keur ancokeuneun balanja sapopoe, lain teu hayang nulungan, tungguan we dina waktuna laku mah imah teh, moal kamana. Malah mun laku imah teh, kade sing inget, kudu bebeja ka rai-rai Apa, lantaran Engkang mah rumasa anak tere Apa, atuh maneh Enok sing inget, yen Enok teh, anak angkat Ema jeung Apa, lamun tea mah ku rai-rai Apa diserenkeun ka Engkang, mun satuju mah urang bagi, antara anak lalaki jeung anak awewe we, lalaki dua pertilu, awewe sapertilu, ngan jaga teh, najan Engkang kabagian duapertilu, nu sapertiluna rek dibikeun ka Si Ono”.


-----mmd-----

“Engkang ! kamari teh Enok ngahaja ka Kuningan ngadongengkeun rencana Engkang ka rai-rai Apa diditu, sarerea ge pada nganaha-naha Engkang boga rencana kitu teh, malah pok pisan Mang Nandang mah, teu adil si Engkang teh upama boga rencana kitu mah, adilna-mah kieu yeuh cek Mang Nandang teh “Lamun imah teh payu lima puluh juta upamana, si Engkang duapuluh juta Enok dua puluh juta, sesana anu sapuluh juta bagikeun sing rata, karek adil”, kitu tah Mang Nandang mah yariosna ka Enok kamari.

“Aturan ti mana jiga kitu, tapi teu jadi halangan ketah, lamun kitu mah yakin weh aya nu teu satujueun kana rencana Engkang teh, kukituna rek diserenkeun we ka Rai Apa nu pang sepuhna, malah ayeuna pisan ge Engkang bisa kaditu, ka Kuningan, keur ngalelempengna”.



-----mmd-----

“Aeh, aeh…. Alo geuning, iraha ti Bandung ?”.
“Nembe we, ngahaja puguh ge ngabujeung kadieu, malih langsung ti Bandung teh, teu kamamana heula, kumaha daramang Emang sareng Bibi sapara-putra ?”.

“Alhamdulillaah, dina waktu ieu mah Emang jeung Bibi-na teh, nuju sarehat sakieu mah, sawalerna kuma Alo Istri sapara-putra di Bandung ?”

“Aya hibar sadaya ge dina wangkid ieu mah, mugi-mugi bae sing saterasna. Puguh kieu ieu teh Mang, digariduskeun we badaratna mah, meungpeung kempel sareng Bibi, tadi teh enjing-enjing kadongkapan ku Si Enok, kumaha ngadongeng awal ka sepuh-sepuh didieu mah teu patos dipalire tadi teh, nanging jejer cariosna mah saurna teh, sepuh-sepuh didieu di Kuningan, nganaha-naha abdi gaduh rencana anu didongengkeun ka si Enok”.

“Oooh…… leres kitu, malah Emang nu nyariosna. Kaliru si Engkang mun ngabagikeun jiga kitu mah, satuju Emang teh mun rek dibagi sapertilu jeung duapertilu mah, tapi waktu nu sapertiluna rek di bikeun ka Si Ono, asa kaliru cek Emang mah, naon hubunganana Si Ono jeung harta warisan, pira ge anak badega si Ono mah, teu hir teu walahir, kitu Emang teh ngadongeng ka si Enok, mangkukna…”.

“Hapunten Mang. abdi tos kumawantun, utang-etang jiga kitu sareng Si Enok teh, pedah aya ayat “Lidz dzakari mitslu hazh zhil –unsayain”, bagian lalaki dua kali lipet bagian awewe. Ari emutan harita nu aya dina sadirieun abdi wungkul, da bade nyoceng teh tina bagian abdi nu duapertilu tea, memang teu aya hubungan antawis warisan sareng si Ono mah, tapi ari nu duapertilu hak abdi bade dikamanakeun mah pan kumaha abdi, nu ngabalanjakeunana, malah bade dipiceun ka jarian cek paribasana saha nu bade ngalarang, kaleresan abdi teh nyaah ka Si Ono, najan manehna anak badega oge, sami jigana kanyaah Ema nalika jumeneng keneh ka indungna si Ono baheula, atuh ayeuna abdi nyaah ka Si Ono, asana teu pamohalan-pamohalan teuing”.

“Tah… tah…, duka atuh ari dongengna kitu mah”.
“Nanging sok sanaos kitu, teu janten pamengan kanggo Abdi mah Mang, yakin weh aya nu teu satuju kana babagi waris jiga kitu, saur Nabi bilih aya nu ngaraos katideresa, urang uihkeun we kana hadits ti Ibnu Abbas r.a anu disaluyuan ku Bukhari sareng Muslim :”Serenkeun bagi waris mah ka ahlina, mun aya nu katideresa, serenkeun ka kulawarga lalaki nu paling deukeut”. Ngemut kana hadits eta, abdi teh ngahaja ngabujeng kadieu, bade nyanggakeun ka Emang, rai Apa pangsepuhna, harta waris mangrupi tanah sareng bumina, kitu ijab qabulna, nanging bilih benten panampianana, abdi ngahaja parantos nyayagikeun Surat Segel, anu ngeceskeun yen abdi nyerenkeun mutlak harta waris mangrupi tanah sareng bumi, sareng sertifakat hak milikna ka Emang, ti wangkid ieu abdi moal bade ngagaduh-gaduh deui eta harta waris”.

“Emang nampi panyerenan ti Alo harta waris nu kasebat nembe katut sertifikatna, nanging tangtos janten kabeubeurat pikeun Emang, kumargi kitu engke kapayun Emang teh rek kumpul saparawargi didieu, matotoskeun eta harta waris, kumaha bule-hideung na engke, tangtos Alo ku Emang diwartosan dina waktosna”.

“Sumuhun kitu bae……., sanes teu sono abdi teh Mang oge ka Bibi utamina, bilih kapoekan di jalan, sok rada talag-tolog ari nyupiran wengi teh abdi mah, kumargi kitu hapuntenna bae, hoyong permios ayeuna we meungpeung siang keneh”.


-----mmd-----


“Nalika urang mayunan pasualan warisan anu nyangkut kana Hukum Faraidh, ngarengsekeunana henteu sesah-sesah teuing, upama sagala pasualan dina ngabagikeunana dilaksanakeun kalayan lantip, sistematis cek basa kiwari mah. Kumargi kitu, aya tahapan-tahapanana anu kedah diperhatoskeun, diantawisna :
Nu kahiji : tangtoskeun heula ahli warisna
Nu kadua : tangtoskeun masalah hijab-na
Nu katilu : tangtoskeun ashbah-na
Nu kaopat : tangtoskeun porsi bagianana atanapi “Furudhul Muqaddarah”-na
Nu kalima : ngabagikeunana
Nalika nangtoskeun ahli waris, aya golongan pameget, seueurna 15, sareng golongan istri seueurna aya 10, janten jumlah ahli waris teh aya 25, ti golongan pameget diantawisna :
1. Putra pameget
2. Putu pameget ti putra pameget
3. Rama
4. Eyang
5. Rai/Raka anu saibu-sarama
6. Rai/Raka anu sarama wungkul
7. Rai/Raka anu sa-ibu wungkul
8. Alo/suan ti rai/raka anu saibu-sarama
9. Alo/suan ti rai/raka anu sarama wungkul
10. Rai/Raka ti Rama, anu saibu-sarama
11. Rai/Raka ti Rama, anu sarama wungkul
12. Rai Misan/Raka Misan ti Rai/Raka Rama, anu saibu-sarama
13. Rai Misan/Raka Misan ti Rai/Raka Rama, anu sarama wungkul
14. Caroge
15. Pameget anu ngamerdekakeun mayit.

Sedeng ti golongan istri diantawisna :
1. Putra istri
2. Putu istri ti putra pameget
3. Ibu
4. Nini (Ibu-na ibu)
5. Nini (Ibu-na rama)
6. Rai istri anu saibu-sarama
7. Rai istri anu sarama wungkul
8. Rai istri anu sa-ibu wungkul
9. Geureuha
10. Istri anu ngamerdekakeun mayit.

Saparantos rengrengan ahli waris dirinci model kitu, jentre weh, yen anak angkat mah teu aya dina renrengan ahli waris, ayat nu janten rujukanana : Dina Surat Al Ahzab ayat nu ka 4 jeung 5, jentre disebutkeun : “Maa ja ‘alallaahu lirajulim min qalbaini fii jau fihii, wamaa ja ‘ala az waa jakumul lii tuzhaa hiruuna min hunna ummahaatikum, wamaa ja ‘ala ad ‘iyaa –akum ab naa –akum, dzaalikum qau lukum bi afwaa hikum, wallaahu yaquulul haqqa wahuwa yahdis sabiil. Ud ‘uu hum li aa baa –ihim huwa aq sathu ‘indallaahi, fa illam ta’lamuu aabaa –ahum fa ikhwaa nukum fid diini wamawaa liikum, wa laisa ‘alaikum junaa hun fiimaa akhtha- tum bihii walaa kim maa ta ‘am madat quluu bukum, wakaanallaahu ghafuurar rahiimaa”.
Allah henteu ngajadikeun hiji jelema ngabogaan dua hate di jero dadana. Jeung Mantenna henteu ngajadikeun pamajikan-pamajikan maraneh nu ku maraneh dizhihar teh jadi indung maraneh. Jeung Mantenna henteu ngajadikeun anak pulung maraneh jadi anak maraneh pituin. Nu saperti kitu teh ukur omongan sungut maraneh sorangan. Jeung dawuhan Allah teh bener sarta Mantenna maparin pituduh jalan. Calukan maranehanana make ngaran bapana, mungguhing Allah eta teh leuwih adil. Nya lamun seug maraneh teu terang ngaran bapana, pek calukan maranehanana saperti ka dulur maraneh saagama jeung maula-maula maraneh. Jeung maraneh henteu boga dosa ku ayana kasalahan maraneh ngeunaan hal eta tapi nu dianggap dosa teh kasalahan nu dihaja dina hate maraneh. Jeung Allah teh maha pangampura tur maha welas asih.

Tina dua ayat nembe, eces katingal yen putra angkat mah teu tiasa disamikeun sareng putra teges, sok sanaos disamikeun, numutkeun Allah mah ngan dina lambey wungkul, hal ieu teh henteu luyu sareng hate nurani, margi putra angkat mah mung gaduh hubungan warisan teh sareng ibu ramana pituin wungkul.

Tahapan anu kadua nangtoskeun “hijab”na, pipinding-na, anu mindingan pikeun kenging warisan, margi teu sadaya ahli waris anu dua puluh lima, sadaya kedah kabagi ku harta warisan, aya hijab-hijab, anu bakal mindingan ahli waris henteu kenging bagian warisan, margi upami lepat nangtoskeun hija-hijab ieu, kadituna kelapatan teh bakal teras manjang.

Aya dua golongan hijab :
1. Hijab Hirman : Nyaeta pipinding anu ngajantenkeun salah saurang ahli waris henteu kenging warisan tina harta warisan alatan ayana ahli waris anu sanes. Contona : Putu bakal kahijab upami si mayit ngagaduhan putra pameget.
2. Hijab Nuqsan : Nyaeta pipinding anu ngajantenkeun ngiranganana bagian ahli waris. Contona : Geureuha kenging warisan saparapat bagian, nanging upami gaduh putra janten saperdalapan.

Tahapan nu katilu nangtoskeun “Ashabah” nyaeta ahli waris anu henteu kenging bagian numutkeun porsi anu parantos dijelaskeun dina Al Qur-an atanapi hadits. Tegesna ashabah pameget anu kenging sadayana warisan, upami ngan anjeunna wungkul, tiasa nyandak bagian sesa saparantosna ahli waris anu sanesna nyandak bagian porsina masing-masing.

Conto ashabah : Putra pameget, putu pameget ti putra pameget, Rai/Raka saibu-sarama, Rai/raka ti rama anu saibu sarama, Rai/Raka ti rama anu sarama wungkul.

Seueur anu kalebet janten golongan Ashabah, diantawisna ;
1. Ashabah Sababiyah
2. Ashabah Nasabiyah, anu dibagi deui janten 3 :
a. Ashabah bi Nafsi
b. Ashabah Bil Ghair
c. Ashabah Ma’al Ghair.

Kapayun urang guar khusus ngeunaan Ashabah mah.
Tahapan nu kaopat nangtoskeun porsina masing-masing, dina Hukum Faraidh. Porsi masing-masing pikeun ahli waris aya 6 : nyaeta 1/8, 2/8, 4/8, 1/6, 2/6, 4/6.

Tahapan anu kalima, anu pamungkas, nyaeta ngabagikeunana. Upami tahapan-tahapan ieu dilaksanakeun insyaa Allah, kalepatan teh tiasa ditebihan, paling copel tiasa diminimalisir, upami nganggo basa kerenna mah panginten.

Ayeuna urang wangsul kana perkawis warisan anu nuju kaalaman ku urang sadaya, urang jujut ti awal, sertifikat tanah warisan teh atas nami ibu, kaleresan ibu gaduh putra ti carogena ti payun, nalika pupus mayunan teh, carogena kenging bagian warisan saparapatna, dumasar kana Surat An Nisa ayat nu ka 12 : “Fa in kaana lahunna waladun falakumur rubu ‘u mimmaa tarakna”, upama maranehanana boga anak, bagian anjeun saparapat tina harta anu ditinggalkeun ku maranehanana.

Dina Fikih Sunnah, ti Sayyid Sabiq :”Caroge nampi bagian saparapatna upami geureuhana gaduh putra atanapi putu ti putra pameget, ti anjeun, atanapi ti carogena anu lian”.

Dina Hadits, ti Bukhari disebatkeun : “Al hiqul faraa –idha bi ahlihaa, famaa baqiya fa li –aulaa rajulin dzakarin”. Bikeun bagian poko ka ahli waris anu hak narimana, sesana pikeun lalaki anu leuwih deukeut.

Janten bagian carogena kenging saparapatna, putrana kenging tiluparapatna, kalebet ashabah tea, putra istrina mah teu kenging nanaon, margi nu istri mah pan urang ge pada terang, mung ukur putra angkat, kalebet kanu disebatkeun ku Surat Al Azab ayat ka 4 sareng ka 5.

Saterasna nalika carogena oge pupus, warisan anu dibagikeun teh, mung ukur ti anu saparapatna tea, margi anu tiluparapatna mah tos milik putra kawalonna, janten nalika ngabagikeunana deui oge, tangtos kedah ditangtoskeun deui ahli warisna, kumargi mung gaduh putra kawalon sareng putra angkat anu istri, ahli waris kantun para saderekna wungkul, nyaeta rai-raina, anu saibu sarama.

Upami aya kaemutan ti anu janten putra pameget bade ngabagikeunana hoyong sapertilu kanggo putra angkat anu istri sareng kanggo anjeunna duapertilu, tos langkung ti sakedahna sakitu oge, nanging kedah leres ijab qabulna, margi upami ningal seuhseuhanana mah nu pameget teh kenging bagian tiluparapatna, nu saparapatna bagian emang-emangna, nu istri mah teu kabagean saeutik-eutik acan.

Bade dikamanakeun ngabalanjakeunana ku ahli waris, eta mah hak ahli waris, cek paripaos tadi, bade dikajariankeun oge, hak anjeunna, teu kedah aya nyisikudi.

Sakitu anu tiasa kadugikeun, upami aya kalepatan estuning kalepatan sim kuring wungkul, anu leresna mung kagungan Allah wungkul, upami masih keneh kirang sapuk, urang taroskeun ka para ahlina, urang antos waleranana.


-----mmd-----


“Lamun kitu mah, atuh meureun Enok teh teu kabagian saeutik-eutik acan, pedah Enok mah ngan saukur anak angkat, asa teu adil cek Enok mah, ti leuleutik, ti sabarang inget cicing di imah eta, ari ayeuna teu kabagean saeutik-eutik acan, padahal asa nu sorangan eta imah teh, bener-bener teu adil lamun kitu mah………Nu adil mah cek Mang Nandang kamari, mun imah payu limapuluh juta, Enok duapuluh juta, si Engkang dua puluh juta, nu sapuluh juta dibagi ratakeun, nu eta we nu leuwih adil”.

“Teu langkung, kumaha pamendak Enok, ari anu saur Mang Nandang mah ukur dilelebah cek manusa, bener cek manusa can puguh leres mungguh Allah mah, ari nu didugikeun tadi mah, puguh dasarna, upami aya kalepatan oge, rupina mung ukur kakaliruan salaku manusa wungkul, margi tahapan-tahapan bagi waris parantos dilaksanakeun sakumaha mistina, mun tea mah aya kalepatan, urang antosan bae saran sareng pamendak ti anu langkung ahli”.

DAKWAH : "DIAJAR JADI MANUSA"

Wujud anu paling utama tina ungkapan rasa syukur urang salaku manusa ka Allah SWT, nyaeta nyaluyukeun rengkak paripolah urang sapopoe, kana sagala aturan anu geus dipatok ku Allah SWT, jeung anu geus dicontokeun ku Rasul-Na.

Tina hal kafitrian manusa, salaku makhluk Allah nu hakiki upamana, geus natrat ti ajalina, yen urang kajiret ku sunatullah pikeun ngalaksanakeun kabiasaan silih asah, silih asih jeung silih asuh, ku jalan nyebarkeun kaunggulan jeung kahadean manusa anu linuwih batan makhluk lianna, pikeun sasama manusia katut pikeun sakabeh pangeusi alam.

Jadi sabenerna mah, teu aya nu luar biasa upama urang kudu silih pikanyaah jeung sasama teh, ngabela kaum anu didhalim upamana, atawa miara jeung ngamumule tur mikanyaah fakir miskin, nolak kana sagala jirim kamungkaran. Lantaran memang manusa mah geus natrat ti ajalina kitu, diatur ku Allah SWT.

Hanjakal, satutasna manusa bisa macakal, kalolobaanana manusa ngarasa merdeka, malah pamustunganana mah loba anu keuna ku paribasa “Lali ka cungapanana”, loba nu lali kana purwadaksina, sababna lantaran manusa loba nu nganggap dirina puseur sagala-galana, ti dieu mimiti manusa ngarasa sombong sarta nganggap remeh ka makhluk sejenna.

Hade gorengna tingkah laku, ngan ukur diteuleuman tina kacamata diri urang sorangan wungkul. Lamun urang keur kawasa upamana, bebeneran teh milik urang sorangan, henteu deungeun, mun aya nu pasalia jeung bebeneran urang, langsung dicap hiji kasalahan.

Mun pareng urang masih keneh aya dihandap, pikeun ngajaga kalungguhan, urang teu weleh leletak ka luhur, ruwal-rawel kaditu-kadieu, bari kanu sahandapeunana mah, terus-terusan ngajejek ku babajeg, persis jiga bangkong nu keur ngojay, kahandap tetenjrag kasisi-kagigir ruwal-rawel taya reureuhna.

Pamustunganana urang geus teu paduli deui kana pating koceakna jalma sahandapeun urang. Urang geus teu paduli deui kana kajahatan pangawasa.
Mun kabeneran weh urang senang, kadituna teh sok kolu urang mah ngucapkeun : “Murni usaha sorangan”, sedeng mun nu sejen ngalaman kasusah, pokna ge :“Memang geus nasibna we kitu”.

Tapi sabalikna, mun kabeneran urang nu keur ngalaman kasusah, Allah SWT sering dijadikeun cukang lantaran, teu cara mun urang keur aya dina kabagjaan jeung kasenangan, Allah teh duka teuing dimana ayana ?.

Ngarasa bener jiga kieu teh seseringna mah marengan rengkak polah urang sapopoe, lantaran biasana urang mah tara daek mun disalahkeun teh. Kadzaliman nu ku urang dilakukeun ka sasama dianggap bisa pupus ku sakadar ngaluarkeun shadaqah nu teu sabaraha tea, atawa nganggap bisa pupus ku acara-acara ritual ibadah kaagamaan, boga angkeuhan mun ngalaksanakeun acara ritual ibadah kaagamaan bisa mupus kasalahan ka sasama.

Ku ayana angkeuhan saperti kieu teh, pamustunganana mah malah bisa jadi qalbu urang teh jadi mati rasa, lantaran boga angkeuhan nu tadi tea, mun acara-acara ritual ibadah kaagamaan nu saperti kieu bisa dilaksanakeun, sagala tanggung jawab ngarasa geus rengse.

Dianggapna Allah teh bakal ngarasa puas ku ningali sagala tingkah laku ibadah urang. Padahal ritual-ritual ibadah nu ku urang dijalankeun bieu teh, sabenerna mah mangrupa bagian tina kawajiban rutin sapopoe, satutasna sakabeh tanaga jeung konsentrasi ludes dipake pikeun nguatkeun posisi kadunyaan urang.

Malah dina sejen waktu mah, urang teh geus teu hangham deui ngalakukeun kamaksiatan jeung kadzaliman, lantaran dina hate boga angkeuhan, kalakuan urang kieu teh masih bisa ditolerir, masih keneh bisa dihampura, nu jadi tameng taya deui cenah : “Manusa gudangna kasalahan jeung kaluluputan”,

Anu pamustunganana sagala kamaksiatan jeung kamungkaran anu dijalankeun sapope asa dipangbenerkeun pedah aya ayat nu bieu.

Kadituna urang bakal teu ragu-ragu deui pikeun ngajual diri jeung korupsi, urang moal ngarasa era deui mun nurutkeun pangajak nafsu, sanajan keur ngalaksanakeunana perlu ngorbankeun nu lian, urang geus teu sieun deui, malah geus jadi kabiasaan mun urang mulak-malikeun ayat-ayat Allah teh.

Cindekna, tetela urang teh geus gering pikir.
Kadituna, mun waktu geus katutup pikeun balik deui ka jalan Allah, urang bakal tigebrus kana karuksakan jeung bakal tideuha.

Padahal anu sabenerna mah, tahapan munggaran pikeun balik deui ka jalan Allah teh, estu natrat taya aling-aling, nyaeta mun salawasna sadar jeung geuwat gagancangan ngorejat cengkat tina kasadaranana, tapi da buktina mah nepi ka waktu ieu teh, urang mah masih keneh kerek-nyegrek.

Sok sanajan sakapeung mah mata teh beunta, tapi da qalbu mah, urang teh masih keneh ngageubra, di ayun ambing ku ni’matna sare ngageubra. Jigana, mun bae lain ku lobana dosa nu dilakukeun, tinangtu moal kitu akibatna.

Urang moal teuing mikiran deui, yen sakabeh barang nu aya wujudna teh, bakal mulang deui ka asal. Sagala wujud aya wates wangenna anu pasti, bakal robah jeung bakal ancur.

Henteu aya kalonggaran sabenerna di payuneun Allah mah, di antara kabagjaan manusa upamana, tetap bakal diuji ku Allah SWT, naha diuji ku panyakit anu henteu bisa karasaeun ku awakna sakujur, atawa ku kasakit anu bisa karasaeun ku awakna sakujur. Sanajan biasana kanyeri anu dirasakan ku badan bakal ngadorong hiji jalma datang ka dokter pikeun uubar.

Tapi sabalikna, panyakit anu teu dibarengan jeung kanyeri kana awak sakujur, bakal leuwih bahaya balukarna tibatan panyakit anu karasa ku awak sakujur. Panyakit-panyakit anu teu karasa ku awak sakujur mah, biasana mangrupa panyakit-panyakit hate atawa panyakit jiwa. Diantarana katakaburan, ujub jeung riya anu ngaruksak qalbu bari jeung moal karasa nyerina ku awak sakujur. Padahal panyakit anu sarupa kieu anu leuwih parah teh, tapi anehna, jeung anu mindeng kabuktianana, malah urang sering leuwih mikacintana.

Cinta dunyawiah jeung cinta ka diri mangrupa sumber utama tina satiap dosa, malah jadi sumber tina sagala kajahatan, jadi panto tina tiap marabahaya, jadi lobang tina satiap fitnah, malah bakal jadi lolongkrang tina satiap kadurjanaan, sedeng anu dirasakeunana ku manusa mah, estuning genah tur ni’mat. Sakalina nu keur ngarandapan panyakit saperti kieu diingetan, yen dirina keur keuna panyakit nu saperti kieu teh, tampolana maranehanana bakal ngabantah, malah teu mustahil bari jeung tipopolotot sagala rupa.
Lamun urang teu pernah ngadidik diri pribadi, sok komo mun bari jeung diembohan dina diri teh ngan ukur pikeun mikacinta dunyawiah wungkul, tanwande bakal sieun ninggalkeun ieu dunya. Lantaran hatena pinuh ku kasieun ku Allah SWT, dina qalbuna aya kahariwang naon-naon anu pernah ditepikeun ku Rasul-na jeung ka para ambiya teh ngabukti.

Mun geus kitu, naha jalma-jalma anu saperti kieu teh kaasup kana sasampurna-sampurna makhluk atawa sagoreng-gorengna makhluk ?

Firman Allah dina surat Al Ashr ayat 1 dugi ka 3 : Demi waktu, satemenna manusa teh bener-bener aya dina karugian, kajaba jalma-jalma nu ariman tur ngamalkeun amal soleh sarta silih nasehatan ku bebeneran jeung silih nasehatan kana kashabaran.

Anu diiwalkeun dina surat ieu nyaeta jalma-jalma nu ariman tur anu ngamalkeun amal soleh. Amal soleh mangrupa amalan anu dilaksanakeunana kalayan kaikhlasan.

Tapi kalolobaanana amalan-amalan urang mah ngan wungkul dilaksanakeunana ku pancadria teh anu jauh malah teu harib-harib acan kana surat anu tadi.

Manusa anu saperti kieu, anu salawasna ngalakukeun kama’siatan beurang peuting. Jalma anu kieu anu hese meresihan qalbuna, padahal umur meh tunggang gunung. Ray poe ray taun teh kabongroy keneh ku pagawean-pagawean dosa, sarakah ngudag-ngudag kadunyaan malulu bari nukang nonggong ka Allah, eunteung anu nyacas herang dina qalbuna teh, saeutik-saeutik robah warnana jadi hawuk, malah laun-laun jadi hideung meles.

Upama kaayaan nu model kieu terus-terusan dijalankeun, laun-laun dirina bakal aya dina kaayaan dimana mun ngalaksanakeun kama’siatan bakal karasa leuwih ni’mat tibatan ngajalankeun parentah Gusti.

Mun kama’siatan geus jadi kabiasaan, parentah Gusti geus moal dianggap deui, mun Allah kasingkirkeun, makhluk lianna bakal ditempatkeun jadi pangganti Allah, mun Allah geus diganti ku anu lian-Na, sampurna weh kadituna mah kamusyrikan anu nyampay dina dada.

Conto jeung pieunteungeun teu kurang-kurang, jalma nu hawek kadedemes, atawa jalma-jalma nu biasa tunggul dirarud catang dirumpak teh, ari geus rup ku padung rap ku lemah diurugan taneuh beureum mah, ngan saukur mawa boeh rirang jeung hasiwung, napsu nu matak kaduhung badan nu katempuhan.

Geus cunduk waktu datang mangsana urang mulangkeun deui kafitrian manusa salaku makhluk Gusti anu hakiki, salila ieu, sagala tingkah polah jeung kalakuan urang teh jauh tina sifat-sifat manusa, malah nyatana, kalakuan urang teh bet kawas lain manusa. Matak pantes jigana, mun urang diajar deui jadi manusa.

Kasadaran sanubari, sakuduna mah bisa mulangkeun deui pamadegan, yen urang teh manusa, anu sarengkak saparipolah teh kudu bisa ngabuktikeun, yen urang masih keneh makhluk Gusti, hal ieu mangrupa omeaneun nu paling utama.

Kadituna, urang ancur leburkeun deui sifat egoisme nu masih keneh mindeng nyengcle dina hate, saeutik-saeutik, tapi kudu jadi hiji udagan anu abadi. Sifat egoisme, anu biasana nganggap diri pribadi mah leuwih luhur ajenna tibatan nu lian.

Padahal jangji Allah : “Moal bakal asup surga hiji jalma, mun dina hatena masih keneh aya kasombongan sanajan ukur saeutik”.

Aya kajadian dina salah sahiji hadits, hiji awewe nu pagaweanana ngan ukur ngalambangsari, ningali anjing keur ulal-elel, alatan haus jeung halabhab, lantaran poe kacida panasna. Manehna asup ka jero sumur, sapatuna dipake ngala cai pikeun diinumkeun ka anjing nu keur halabhab tea. Pagawean nu dilakukeun ieu, sanajan awewe ieu pagaweanana ngan saukur ngalambangsari, tapi bisa asup ka surga. Hiji bukti Maha Welas tur Maha Asihna Allah, tukang ngalambangsari ge, bisa keneh asup ka surga.

Dina carita bieu, aya nu leuwih prinsip, malah leuwih substansial, waktu awewe tukang ngalambangsari tea, mikeun cai inumeunana ka anjing, manehna ngagerentes :”Yaa Allah, sakitu muliana ieu anjing. Manehna sadar yen dirina teh saukur anjing, sedeng abdi mah henteu sadar yen abdi teh manusa”.

Kasadaran hiji awewe tukang ngalambangsari yen dirina sakitu hinana najan dibandingkeun jeung sato, masih bisa asup ka surga.

Jentre weh, “Sing saha jalma anu apal ka dirina, tinangtu bakal apal ka Khaliqna”. Kitu salah sahiji hadits.

Rabu, 29 Oktober 2008

ATIKAN "URANG DIAJAR NGARANG YU...... !

Asa kaleuleuwihi saliwat mah mun teu disebut pamohalan oge, baheula waktu di Tanah Suci, mun jamaah lian ngado’a di Multazam teh rupa-rupa kahayang jeung cita-cita nu direkeskeun ka Allah teh, malah pamajikan ge teu eleh geleng cenah, ngado’akeun barudak sing jadi jalma anu shaleh, katut bapana, jigana.

Tapi ari kuring, asa cetek naker pangrasa mah harita, waktu munajat teh :”Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun abdi, sadugina ka lembur deui teh sing janten jalma anu tiasa pidato”. Enyaan kitu, teu kurang teu leuwih. Waktu dibejakeun ka pamajikan, yen kuring hayang bisa pidato, da nyeuleukeuteuk atuh pamajikan teh harita mah, batur mah hayang beunghar hayang naon boa sagala disebutan, ari ieu ngan ukur hayang pidato, asa cetek pisan cenah.

Kieu cekeng teh dibejakeun alesanana ka pamajikan :”Kolot-kolot urang teh jaga bakal narungtutan naringgalkeun urang, nya laun-laun mah urang teh bakal ngolotan, malah bakal dipikolot ku anak-incu urang jaga, Ema jeung Apa ge tangtu bakal digantikeun ku urang, ceuk sareatna mah kitu, najan hakekatna mah urusan Allah, tapi kudu we siap-siap mah keur ngagentos aranjeunna, ayeuna aya keneh Ema jeung Apa, teu susah mun naek kana podium dimana bae oge, da puguh manukna kitu. Ari Urang ? can tepi ge kana podium, tuur teh geus ngeleter jiga nu lilinieun, kesang tiis mah geus karuhan, teu puguh rasakeunana, bisi sakalieun aya nu minangsaraya pikeun nyuluran Ema atawa Apa teh, piraku kekepehan nyebutkeun teu bisa”.

Samulangna ti Tanah Suci, do’a nu hayang bisa pidato teh terus jadi impian, malah diikhtiaran jeung usaha sagala rupa, milu kursus Imam Khatib di Masjid Raya Jawa Barat, Masjid Agung keneh harita mah ngaranna ge, meulian buku-buku ngeunaan pidato, ti mimiti buku-buku karangan lokal nepi ka buku-buku karangan mancanagara, ngeunaan pidato mah ngahaja dibaca deui, dipake latihan.

Kabehdieunakeun, karasa aya keneh nu ku urang mun diimeutan tina perkara pidato dina podium teh, geura we, nu ceramah boh dina seminar-seminar atawa penceramah di majlis-majlis ta’lim upamana, sakumaha capetangna nu pidato, sakumaha pikaresepeun eusi materi nu diceramahkeun, jarakna ngan ukur tina podium kana kana korsi, tina panggung pidato ka tempat jamaah, teu kurang teu leuwih, bubar acara mah bubar sagala eusi pidato teh, teu terus napel dibawa ka imah, bisa jadi nu ngaluuhan ceramah teh aya kana puluhna rebu jalma, tapi da buktina mah, henteu bisa ngarobah tapak lacak sapopoe jadi tingkah polah anu luyu jeung anu ditepikeun dina pidato ?

Buktina ? tingali we jamaah urang kasisi-kagigir, anu cenah 90 % muslim teh, anu teu weleh dipukpruk ku ceramah jeung pidato unggal usik, dina radio dina televisi meh unggal Shubuh aya, teu metu pikeun ngarobah tingkah polah umat jadi tingkah pola anu ditungtun ku aturan agama anu Islami. Anu jadi marga lantaran ? Taya lian eusi ceramah, ngan ukur tina biwir para Da’i kana ceuli mustamina, teu kurang teu leuwih ngan sakitu jarakna ge, nu paling matak prihatin nalika mubaligh sohor, atau Da’i kondang ngantunkeun alam pawenangan, eusi ceramah anu pernah jadi kameumeut jamaahna teh, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.

Ana kitu, para ahli pidato atawa orator ulung anu sakumaha pikanineungeun jeung dipikameumeutna teh dina mangsana mulih ka jati mulang ka asal mah, eusi pidato atawa pituah jeung pituduh-pituduh moral agama anu ditepikeun dina pidato bakal milu carem mun teu diagendakeun jadi tulisan atawa jadi buku.

Mun tulisan naha rek Carpon, Bahasan, Kolom atawa Munara Cahya, malah eusi surat saperti “Surat Ti Barli ka Ramadhan” ge, kapan sakitu matak pogotna, sakitu nyugemakeunana, malah bakal mibanda ajen anu leuwih luhur batan pidato, geura we mun kuring pidato atawa khutbah di masjid gigireun imah, paling-paling ukur dua ratus urang jamaah nu ngahadiranana oge, da masjidna oge ngan ukur sakitu jamaaheun, bari tampolana bubar ceramah atawa bubar khutbah teh, bubar we taya tapak-tapakna acan, amanat agama anu ditepikeun dina ceramah the, teuing kamana boa. Tapi mun tulisan di muat dina “Munara Cahya” upamana, paling copek eusi materi bakal kabaca ku 5.000 urang, lamun majalah Mangle oplahna ngan ukur sakitu.

Karangan “Carpon” nyakitu keneh, geura we baheula keur leutik pernah maca karangan-karangan Bapa Ahmad Bakri, kadieunakeun dibukukeun deui jadi “Dukun Lepus” gahar deui we, seger jiga baheula kaalaman deui, karesep jeung kameumeut anu puluhan taun kaliwat teh, kaalaman deui bari tangtu bakal kakoreh ku generasi sapandeurieunana. Malah kabehdieunakeun mah carita-carita pondok nu pernah dimuat dina “Mangle” baheula, dibundel deui jadi “Kanagan”, karangan-karangan ti pangarang nu geus taya dikieuna ge kaungkab deui. Pidato mah pan moal bisa jiga kitu.

Malah bakal leuwih punjul deui jigana mun nepi ka mampu nulis jeung nyieun buku, lantaran tulisan atawa buku paling copel bakal mawa kanu macana pikeun ngarubah tingkah polahna sapopoe, contona buku-buku anu ditulis ku pangarang-pangarang heubeul, kitu deui buku-buku agama nu ditulis ti abad beh ditu, bisa kakoreh deui mangsa kiwari.

Mun geus nepi kadinya, jigana urang teh geus kudu mitembeyan deui sangkan bisa nuliskeun naon-naon nu jadi buah pikiran boh dina hirup kumbuh sapopoe, atawa dina didikan agama jeung darigama, timana we mimitina mah, naha rek nuliskeun pangalaman pribadi, nuliskeun fiksi boh nu lain fiksi teu jadi masalah, nu penting kari prakna, rek nyieun surat ge pek teh teuing, pan tadi ge “Surat Ti Barli Ka Ramadhan” sakitu tegepna.

Nu penting kari prakna, da mun geus prak mah, rek dikirimkeun ka redaksi mana bae teu halangan, malah pan “Mangle” mah narima tulisan naon bae, nu sakira layak muat mah pasti dimuat. Ngan nu pasti sing apik ngetikna, ulah balatak teuing omeaneunana, malah mun bisa mah sing telik ulah nepi ka aya nu salah ngetik sagala tea, hal ieu teh terus terang wae “Mangle” ge kadang-kadang loba salah ngetikna, sing apik jiga Atang Ruswita Almarhum baheula, nulis ngaran rumah sakit Boromeus ge, dipariksa bener henteuna, “R” na teh aya dua atawa hiji.

Henteu, teu aya tiorina nulis atawa nyieun karangan teh, pan cek Arswendo oge cenah ngarang teh gampang, malah kapan aya nu nyebutkeun, mun tulisan atawa karangan jiga nu ngobrol, ngaguluyur, jiga nu keur ngadongeng teh kapan leuwih luhur ajenna, saperti “Ucang-aceng Angge” beunangna Ayip Rosidi.

Ngan nu pasti, mun tulisan atawa karangan dikirimkeun ka majalah atawa koran, kudu ditalungtik heula koran atawa majalah nu rek dituju, naon jeung kumaha visi-misina, bisi karangan atawa tulisan urang teu sapuk jeung koran atawa majalah nu rek dituju.

Mun geus kitu, urang diajar ngarang atuh yu……… !.

DAKWAH "TAUBATAN NASHUHA"

Gusti ....... geuning umur abdi teh ngolotan, teu karaos ujug-ujug terang tos kieu we, tanaga ngirangan kalah beuki suda, buuk mah tos puguh, sanes paselang deui antara hideung jeung bodas, ayeuna mah meh rata bodas teh pacampur jeung hawuk.

Careham ge nungtutan coplok ku maneh, nu nyesa ukur tuturusna, kitu ge tos teu mampu deui pikeun nyapek nu rada teuas, hiji-hijieun aya nu walagri keneh ge, saeutik-saeutik marekplekan, sisina heula, lami-lami ngalegaan ka beh tengah.

Mondok tos teu kaur reup, ayeuna mah, ku seringna pulang anting ka paturasan, ngadon miceun jeung kahampangan, beser teh sanes babasaan, estu kaalaman ayeuna.

Panuyun Nabi, mun pareng mondok teu tibra teh, gunakeun saurna pikeun qiyamul lail, sanes……, sanes teu emut eta ge, nanging diri pinuh ku kokotor keneh, rereged nafsu dunyawiyah nyangkaruk keneh na hate, malah pasolengkrah jeroeun dada. Waktos pikeun qiyamul lail teh udag-udagan jeung nongton maen bal.

Memeh madep kapayuneun Gusti teh, kahoyong mah meresihan hate heula, da piraku mun abdi madep teh jiwa raga masih lamokot dosa, teu sae mayunan Gusti dina kaayaan abdi nu masih keneh jiga kieu.

Sok sanaos, saur Gusti dina Al Qur-an, surat Al baqarah ayat nu 222 :

Innallaaha yuhibbut tawaa biina wa yuhibbul mutathah hiriin

Saestuna Allah mikacinta jalma-jalma anu tarobat sareng mikacinta jalma-jalma anu suci.

Atanapi dina surat An Nur ayat nu 31 :

Jeung mangka tarobat anjeun sakabeh ka Allah, he..… jalma-jalma anu ariman, supaya aranjeun meunang kauntungan.

Ari nu janten marga lantaran, mun ditataan gemet, satincak saparipolah ti awit abdi sawawa, tug dugi ka kiwari, sangkan manjing timbanganana, beurat mana beurat mendi, mun ditimbang di Yaumal jaza, jaga.

Asana teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku para malaikat, utusan Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi wae, nu sok masih keneh hoyong genahna tea, natrat katingali, malah eces, dengdek na teh seueur ka kenca.

Nya kitu deui, ibadah abdi ka Gusti, upami ditataan mah, teu aya juru-jerena - juru-jerena acan, asa pamohalan kana ditampi, mun tea mah teu aya rahmat Gusti, Anu Maha Welas Asih tur Maha Heman ka makhluq-Na, jigana jisim abdi teh ngan wungkul jadi caduk naraka.

Sanes........, sanes wungkul pedah panggoda setan laknatullah, atanapi pangbibita iblis, da eta mah tos ebreh, natrat, nu puguh mah nafsu we nu teu weleh dipiara, dimumule, sina nyangkaruk dina kalbu. Sangkan batur jenuk balarea ngauluh-uluh salalawasna, paling copel matak hookeun nu lian.

Hapunten Gusti......., saur Nabi ge, nu kitu teh kapan riya tea, hoyong katangar, pada ngabageakeun ku batur salembur, sanes deuih...... sanes teu dugi panggeuing ti Nabi ka jisim abdi, malah ku pun biang ku pun bapa ge, tos karuhan ku para ulama ge, nu janten warasatul anbiya, panggeuing mah teu kirang-kirang, mung ieu hate, estu teuas tanding batu.

Hoyong...., hoyong pisan malah, jisim abdi madep ka payuneun Gusti teh, nanging sateuacanna, hoyong nembrakkeun heula kaabot hate, hoyong meresihan heula diri, bilih kamari seueur keneh ngagugulung dosa sareng kalepatan.

Komo nu dipikapaur teh sieun aya tincak sareng lengkah nu harib-harib midua Gusti, alatan jisim abdi nu teu sadar, malah teu mustahil dilakukeunana bari pinuh ku kasadaran.

Nu mawi, dina mitembeyanana madep ka Gusti teh, jisim abdi neda sih hapunten-Na tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan, ti awit jisim abdi nincak sawawa, tug dugi ka danget ieu, tos puguhing nu teu karaosna, da ieu mah seuseueurna ge, nu karaosna pisan, malah seueur nu bari dihajana pisan.
Da saleresna atuh, upami teu aya rahmat Gusti, jigana..... jisim abdi mah kalebet ka jalmi nu pangrugi-rugina, boa janten eusi naraka-na ge beh ditueun ti kerak na.

Oge dina ibadah, tadi ge dipayun disebatkeun, teu satai-kukueunana, ari margina, teu ngabibisani, seuseur ibadah anu dilakukeun teh estuning ngan ukur puraga tamba kadenda we wungkul, shalat ge pimanaeun khusyu teh, atuh tartib-tartib we heula-anan, teu acan...., teu acan dugi jigana.

Bari apal kituna teh, kana tungtunan Nabi ge, margi kapan saur Nabi : “Mun anggota badanna teu daek khusyu, hatena ge mo jauh ti kitu”. saurna teh.

Tapi, hih... da keukeuh we dipaju deui, dipaju deui, shalat teh ngan ukur acong-aconganana wungkul, inti-sari na mah duka teuing disimpen dimana.

Aya eta ge usaha hoyong khusyu shalat teh, boh nu wajibna nya kitu deui nu sunatna, tapi sanes keur munfarid kituna teh, tapi mun bade berjamaah, ngarah katingali batur yen abdi shalatna bangun nu khusyu tea, padahal hate mah kamana boa cus-cosna.

Hoyong katangar batur we wungkul nu puguh mah, ngarah katingali khusyu, padahal kapan saur Gusti ge, shalat nu samodel kieu nu bakal dipalengpengkeun kana beungeutna jaga teh.

Malah embohna, mun pareng ku jamaah dipercanten jadi imam deuih, nu sok sering hoyong kapeunteun khusyu teh, mani ngahaja shalat teh ditartib-tartib, tumaninah sing nepi ka katingali tumaninahna, bacaan shalat ge ngahaja ku abdi teh dianca-anca sangkan katingali tartibna.

Malah lebah bacaan surat mah ngahaja di rorompok teh, ngapalkeun surat-surat nu rada panjang, da aya harepan mun waktosna engke ngimaman, maca surat anu panjang mah, sok pada ngeuleuh-ngeuleuh tea.

Dina waktos Jumaahan mah komo deui, ti awal keneh abdi teh mandi beberesih, diangir sagala, da kitu sunatna saur Nabi, teu hilap malah diminyak seungit sagala.

Tapi ana jung teh ngalengkah, lagu paamprok sareng dulur-dulur abdi nu masih keneh kukurilingan milarian pangupa jiwa, eta hate teu tiasa dipaling, make jeung sok ngagerentes, aing mah geus jung indit Jumaahan, na ari ilaing kalah kukurilingan keneh neangan sahuap sakopeun, neangan keneh teureuyeun. Dasar caduk naraka.

Padahal kapan saur Gusti ge, saha nu terang malah itu nu janten pangawasa surga-na, jisim abdi mah bagean caduk naraka-na, kumargi hate tos wantun milah-milah nu janten hak Gusti. boa teuing itu mah ditungguan ku anak pamajikan nu keur barongkeakan, nungguan nu keur usaha, sedeng abdi ngan ukur boga angkeuhan wungkul. Asa aing nu bakal ka sorga teh, henteu deungeun, aku-aku angga.

Shaum, nya kitu keneh, boh shaum wajibna pon nya kitu nu sunatna, da mung ukur janten angkeuhan wungkul nu puguh mah, pedah nuju shaum, ngarah katangar batur siga jalma shaleh, padahal hate mah Gusti ge uninga.

Buktina we geura mraktekkeun hadits ge janten tibalik lemah, pedah saur Nabi : “Sarena nu keur shaum, sarua jeung ibadah”. Da kolu atuh jisim abdi mah, sapoe jeput ngagoler gegelehean ngadon sare, malah tepi ka emper masjid jiga kitu, jeung sok bari agul deuih kitu na teh, ditembong-tembong kanu lian, geura tingali kulit yeuh kulit beuteung abdi, nepi ka meh adek kana tulang tonggong, pedah keur puasa.

Komo shaum sunat mah, kentel ngagebleg hoyong katangar teh, eta we geura, shaum Syawal nu genep dinten tea, da ceuk nafsu mah, ko hoyong unggal jalma terang yen abdi nuju shaum Syawal.

Aya weh nu sanes ngomentaran : “ Emh..... Bagja temen salira mah, parantos ngalaksanakeun shaum Syawal, kapan sami sareng shaum satan campleng eta teh, saur Nabi”.

Ngucapkeun Alhamdulillaah mah leres bari digerendengkeun, tapi da karaos ku sorangan oge, cukang irung mah ngabeukahaan langkung ti meber.

Shaum Daud nya kitu keneh, satadina mah emut kana tungtunan Nabi dina sunnahna, saur nabi : “Uhyuu quluu bakum biqillatidh dhahki wa qillatisy syab ‘i wa thah hiruuhaa bil juu ‘i tash fuu wa taraq qu”.

Obahkeun hate aranjeun, ulah loba teuing seuri jeung seubeuh teuing, sucikeun ku ngarasa lapar, tanwande hate aranjeun bakal bersih tur lemes.

Dina hadits nu sanes malah dijentrekeun ku Nabi : “Sing saha nu sering ngalaparkeun beuteungna, hartina sering shaum, tanwande pikiranana caang jeung qalbuna cerdas”.

Bari ditataan geuning, rupi-rupi shaum sunatna, ti awit Shaum Senen – Kemis, Shaum Syawal, Shaum tiap tanggal 13, 14 sareng 15, oge Shaum Daud-na, Shaum anu selang-sekar unggal dinten.

Anu dipilih ku jisim abdi dina danget ieu teh, shaum Daud tea, ari akuan leres tos lami pisan, nincak genep taun jalan panginten danget ieu teh.

Tapi da aneh atuh jisim abdi mah, nu masih keneh kandel hayang katangarna ku batur tea, malah sok aya rasa agul dina hate, mun sakalieun aya nu naros : “Tos sabaraha lami salira ngadawamkeun shaum Daud teh ?” Ngawaler teh sok rada bari jeung semu agul diri teh : “Genep taun dugi ka danget ieu teh, alhamdulillah……”

Alhamdulillah mah leres ku jisim abdi teh diucapkeun, tapi da eta, hate mah teu kapalingan, nalika nu naros ngauluh-uluh mah, hate teh ngagerentes : ”Aing tea……………”

Munggah haji ge teu bina ti kitu, estu hoyong katangar ti awal keneh mula, ti memeh jung keneh ge, ondang-ondang ngahaja maparin iber ka tatangga, yen jisim abdi kalih pun bojo aya niat ngalaksanakeun ibadah haji, lisan mah kitu, tapi ieu hate teu kapalingan, sugan we jaga samulangna ti ditu, ka jisim abdi seueur nu nyebat Pa Haji, sangkan katangar, yen diri aya dina kashalehan.

Dongkap teh ka di Mekah nya kitu keneh, ngahaja di Multazam ngadon ngado’a kapayuneun Gusti harita, margi kapan saur Gusti, Multazam hiji tempat lamun dipake ngado’a, do’ana bakal langsung diijabah.

Jisim abdi ge kitu, di Multazam teh ngadon ngado’a, hoyong bisa pidato harita teh, margi ti lemah cai keneh jisim abdi mah harita, boro-boro bisa pidato, sakalieun kedah nyarios payeuneun adi-adi katut dulur-dulur ge teu metu, da tuur kabujeng ngeleter, lilinieun.
Janji Gusti henteu mencog, do’a jisim abdi tinekanan, da aneh mulang ti Mekah teh, enyaan bisa pidato teh, najan teu jiga batur ge pidatona, ari nu jadi marga lantaran, pidato jisim abdi mah dugi ka ayeuna ge, ukur dibaca, teu acan robah.

Jaba aya embohna, mulang ngado’a di Multazam teh, ayeuna mah make jeung bisa ngajar di sakola jeung di mahasiswa sagala, da tadina mah boro-boro ngajar sagala, tadi ge disebatkeun, sakalieun sasanggem ukur jeung dulur sareng baraya teh, kesang tiis mah tos mayunan ngagarajag saawak-awak.

Komo mun satutasna pidato, nalika turun ti mimbar aya jamaah nu ngauluh-uluh bari muji teh, najan lisan nu kaluar mah : Alhamdulillah…., tapi da natrat, rengkak katut polah mah persis jiga nu keur ngucapkeun : “Aing tea…….

Padahal kapungkur mah, salah saurang shahabat Nabi, nalika lungsur ti mimbar bari naros ka para shahabat anu sanesna : ”Kumaha pidato kuring bieu ?” ukur naros kitu.

Pan pada ngarentog, yen ucapan sapertos kitu teh kalebet riya, pedah hoyong kenging komentar, bari teu acan tangtos hoyong katangar anjeunna mah, tapi mani enggal teras taubat ka Salira, bari teras ngusrukkeun anjeun, ngadon nyuuh ngumbar cisoca ka payuneun Gusti.

Ari jisim abdi harita, ........... akh teu rengrot-rengrot, boro-boro ngumbar cimata, pimanaeun bari jeung nyuuh sagala, kalah beregegeh nu puguh mah, legeg nu ieu asa aing uyah kidul tea.

Allaahu Akbar !, hapunten abdi Gusti............

Eta teh nu karaosna wungkul tos sakitu, nu teu karaosna ku jisim abdi mah, jigana langkung ti kitu. Salaput sirah kawasna. Enyaan mun ngetang sapertos kitu mah teu pantes mun jisim abdi miharep surga ka payuneun Gusti teh.

Teu acan kaetang, nu hubunganana sareng sasama mah, boh sareng papada jalma, sareng tatangga, sareng dulur-dulur, sareng baraya nu deuheus, nu laer, sareng nu saiman nu saikhwan, atuh beh dituna sareng papada makhluq.
Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit nu kenging katugenah alatan kalakuan sareng talajak jisim abdi, nu kanyenyerian alatan omongan jeung ucapan jisim abdi, malah teu sakedik nu kanyenyerian pedah dicarekanana ku jisim abdi.

Bakal ngantay panjang mun ditataan mah, sok komo mun nu nataanana Malaikat nu janten Utusan Gusti, jigana moal bakal nyesa kasaean ka papada makhluk mah, da kalindes ku talajak anu minculak tea.

Ulah ku Malaikat leresan dinyana mah, da ieu mah kapan ku dulur-dulur abdi ge, anu saiman-anu saikhwan, anu sagulung-sagalang sareng jisim abdi dugi danget ieu, kapan nyarebatna ge “Si Engang” ka jisim abdi teh, ku gampang nyeureud tea, gampang teuing ngumbar amarah.

Teu acan....... jisim abdi teh, teu acan lemes hate mah, masih keneh sering ngumbar amarah tea, heuras keneh genggerong, padahal ti awal keneh ge tadi disebatkeun, umur mah teras nambihan, harib-harib cueut ka hareup, kantun sesana, teu bade disebat sengserang padung ge, ngan nu pasti tos sariak layung umur teh.

Manawi eta ge, manawi tiasa, hoyong neda sih hapunten teh, dikempelkeun we sadayana ayeuna didieu, da teu sanggem upami kedah ditatatan hiji-hiji mah, ku moal sanggem nataanana, alatan ku seueur teuing tea.

Kum we ka sadayana, dulur-dulur jisim abdi, baraya katut tatangga, babaturan, sapantar, saluhureun sahandapeun, utamana ka pun bojo, ka pun anak, tiluannana.

Bisi pernah kaciwit kulit, katodel hate, atanapi kasigeung manah, ku ucapan, paripolah miwah kalakuan jisim abdi kamari, mugi kersa ngahapuntenna, manawi tiasa dilubarkeun tina sagala rupi kalepatan sareng katalingeuhan jisim abdi. Sangkan jisim abdi longsong mun hoyong madep ka payuneun Gusti Nu Murbeng Alam.

Kantos eta ge diwartosan ku Nabi Gusti dina haditsna, malah ku para ulama nu janten warasatul anbiya tea, yen dosa sareng kalepatan ka Gusti mah, tiasa langsung neda si hapuntenna sareng Gusti, tapi ari dosa sareng kalepatan sareng papada makhluq mah, moal waka dihampura ku Gusti lamun ku papada makhlukna dihampura.
Leresan dieu, anu moal sanggem abdi ngalaksanakeunnana teh, alatan seueur teuing kalepatanana, sareng nu puguh mah seueur teuing nu kantos kenging katugenahna ku jisim abdi, kumargi kitu, nyanggakeun sadaya-daya we kapayuneun Gusti.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi tadi, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. Sakumaha pidawuh Gusti :

"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.

Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.

Nanging mugia wae dina sakitu kakirang nu tan wilangan teh, langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka jisim abdi, sareng manawi aya sakotret mah diantawisna, anu dilaksanakeun ku jisim abdi teh kalayan Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, mugi-mugi we, sok sanaos ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah pikeun jisim abdi janten kakasih Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur nu katampi ku jisim abdi.

Dina niat hoyong madep nyaketkeun diri ka Gusti teh, hoyong mitembeyan midamel deui eunteung kahirupan anu ageung, sangkan tiasa dicaangkeun deui, obor -obor kahirupan nu kungsi pareum, tiasa deui nyiapkeun pakakas kahirupan, pikeun meresihan hate, da tadi ge ti awal mula estu nembrak nonggerak, lampah jisim abdi nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah. Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, eces malah nembrak, tapi nu teu karaos ku jisim abdi, estu lemes lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngabulkeun do’a jisim abdi ieu.

Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat,
Watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wan syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Allahummaj 'alhu hajjan mabruura, wa sa'yan masykuuraa, wa dzanban maghfuuraa, wa 'amalan shaalihan maqbuulaa wa tijaaratan lan tabuur, yaa 'aalima maa fish shuduur, akhrijnii yaa Allah, minadz dzulumaati ilan nuur.
Allahumma innii as aluka mujiibaati rahmatika wa 'azaa imaa maghfiratika, wassalaamata ming kulli itsmin wal ghaniimata ming kulli birrin, wal fauza bil jannah, wannajata minan naar.
Rabbi qani'ni bima rajaqtanii wa bariklii fimaa 'a thaitanii, wakhluf alayya kulla ghaa ibaatin lii ming ka bi khaiir.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah, wal inayah.
Wallahul muwaffiq ilaa aqwaamith thaariiq.
Wasalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.

Senin, 27 Oktober 2008

DAKWAH 'SILATURAHMI KELUARGA"

Bismillaahirahmaanirrahiim.
Assalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
Innal hamdalillaahi nahmaduhu wa nas ta ‘iinuhu wa nastagh firuhu wa na ‘uudzubillahi min syuruuri amfusinaa wamin say yi -aati -a’ maalinaa may yahdillaahu falaa mudhilla lah, wamay yudh lil falaa haadiyalah. Asyhadu allaa ilaaha illallahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warasuuluhu laa nabiya ba’dah. Allahumma shalli wasallim wabaarik ‘alaa wamaulanaa muhammadin, wa ‘alaa aalihi wa ash haa bihi aj ma ‘iin. Amma ba’du. Fayaa ‘ibaadallaah, uu shiikum wa nafsii bitaqwallah, faqad faa zal muttaquun, ittaqullaaha haqqa tuqaatihi walaa tamuutunna illaa wa antum muslimuun.

Para Wargi rahimakumullah.
Sateuacan dikawitan, ku emutan teu aya lepatna, kempelan urang dinten ieu, meungpeung urang nuju kempel sapertos kieu, urang sami-sami deudeul du'a, ka sepuh urang sadaya, anu parantos teu aya di kieuna, geura urang tataan:
1. ti awit Aki R. Saleh Mintadireja
2. Ene Wado
3. Ua Idad sareng Ua Istri Idjah Djubaedah
4. Mang Jaja, Bi Iyam sareng Andri
5. Pa Beben sareng ma Unung
6. Pun Biang sareng Pun Bapa
7. Bi Iyat di Yogya
8. Mang Fakih sareng putra mantu Busye, Kang Edi, Apit
9. Mang Engkus sareng Bi Ikah. Oge putrana Iwan, Rudi, Beni, Mukti sareng nandi
10. Mang Maman Suparman, Heri, Asep sareng Kang Nana
11. Mang Mumuh sareng Bi Mimi di Sukabumi
12. Ibu ramana Mas Gatot, Bapa Haryadi, Ibu Sri Latifah sareng Ibu Yuskarni
13. Ceu Betty Kisseri istrina Kang Tata,
Oge teu hilap sepuh-sepuh urang sadaya, anu parantos mayunan urang sadaya madep ka Gusti Allah SWT, urang samni-sami du'akeun, mugia sepuh-sepuh urang sadaya, anu kasebat nembe, boh anu kalangkung na pisan, sing ditampi iman islamna, di tempatkeun sareng para aulia anu diraksa salalamina ku Allah SWT, kalayan du'a :
”Allaahummagh fir lahuu, war ham hu, wa ‘aafihii wa’ fu ‘an hu, wa akrim nuzu lahuu, wa was si’ mad khalahu, bil maa -i wats tsalji wal barad. Wa naqqihii minal khathaa yaa kamaa yunaqqats tsaubul ab yadhu minadz dzanas, wa ab dilhu daaran khairan, min daa rihi, wa ahlan khairan, min ahlihii wa zaujan khairan, min zaujihii, wa ad khil hul jannata wa -a ‘idz hu min ‘adzaa bil qabri, wa fitnatihii wa min ‘adzaa bin naar.
Allaahummagh fir li hayyinaa, wamay yitinaa wasyaa hidinaa, waghaa -ibinaa, washaghii rinaa, wa kabiirinaa, wadzakarinaa, wa un tsaanaa.
Allaahumma man ahyaitahu minnaa fa ahyihii, ‘alal islaam, waman tawaf faitahuu minnaa fatawaf fahuu ‘alal iimaan.
Allaahumma laa tahrimnaa ajrahuu walaa tudhil lanaa ba’dahuu, birahmatika yaa arhamar raahimiin. Walham dulillaahi rabbil ‘aalamiin.

Allaahumma Yaa Allah, mugi ngahapunten anjeunna, pikadeudeuh anjeunna, sehatkeun anjeunna, mulyakeun tempat mulangna, bukakeun tempat lebetna, bersihkeun anjeunna ku cai salju sarta ci-ibun. Bersihkeun anjeunna tina sagala kalepatan, sapertos anggoan bodas dibersihkeun tina sagala kokotor. Gentosan pikeun anjeunna ku tempat anu langkung sae, kulawarga anu langkung sae, istri anu langkung sae. Lebetkeun anjeunna ka lebet surga sareng tebihkeun tina siksa kubur sareng mugi ngariksa tina siksa naraka.
Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti ngahapunten jamaah abdi anu masih keneh jumeneng, anu parantos ngantunkeun, anu masih nyaksian, anu ghaib, anu alit anu ageung, pameget atanapi istri.
Allahumma Yaa Allah, jalma anu masih keneh jumeneng, mugia aranjeunna aya dina kaislaman, anu parantos ngantunkeun mugi ngantunkeunnana aya dina kaimanan.
Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngahalangan kana pahalana, sareng mugi Gusti henteu nyasarkeun abdi sadaya kana jalan anu teu dipikarido Gusti.
Sagala puji mung kanggo Anjeun wungkul Yaa Rabbanaa.

Kalihna ti eta, urang anu masih keneh tiasa kempel ayeuna, ulah kendat-kendat tasyakur ka Allah SWT, ku RahmatNa, ku InayahNa, masih keneh aya dina kasehatan, dugi ka urang tiasa riung mungpulung dina wangkid ieu, nanging teu mustahil, aya dulur urang, aya keneh wargi urang, anu teu tiasa sumping dina danget ieu teh, estuning aya karerepet, aya cocoba, kenging ujian nu mangrupi mushibah ti Allah SWT, boh lahirna boh bathinna, margi firman Allah :
"A'uudzubillaahiminasy syaithaanirrajiim, Walanab luwan nakum bisyai-im minal khauuf, wal juu 'i, wanaqshim minal amwaali wal amfus, wats tsamaraati, wa basy syirish shaabiriin, alladziina, idzaa ashaa bat-hum mushiibah, qaaluu innaa lillaahi wa innaa ilaihi raaji 'uun".

Kumplitna eta ayat, Jeung saestuna Kami bakal mere cocoba pikeun aranjeun, tina sauetik kasieun, sieun kaparan, sieun kakurangan harta, ku jiwa katut ku buah-buahan.

Pek bere beja anu pikagumbiraeuun pikeun jalma-jalma anu shalabar, nyaeta jalma-jalma anu upama ditimpa mushibah, maranehanana ngucapkeun "Innaa lillahi wa innaa ilaihi raa ji 'uun".

Tangtosna oge, aya keneh dulur urang nu nuju teu damang dina waktos ieu, boh bathinna boh lahirna, malah teu mustahil, urang oge nu nuju kempel ngariung ayeuna, bathin mah, keur teu damang boa urang teh, ku hal-hal anu sapertos nembe, dina kempelan urang nu ieu, meungpeung urang kempel sadayana, urang sami-sami deudeul du'a, mugia dulur-dulur urang anu nuju teu damang ieu, sing dienggalkeun damang deui mungguh Allah, kalayan damang anu teu nyesakeun kasesah pikeun dirina, pikeun kulawargana, katut pikeun urang sadaya nu jadi dulur-dulurna, kalayan du'a :
"Allaahumma rabbanaasi adz hibil ba’sa isfi, wa antasy syaafii, laa syifa -a, ilaa syifa -uka, syifaa -an laa yughaa diru saqamaa”.

Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti ngadamangkeun anu teu damang ieu, kalayan damang anu teu ngantunkeun kasesah pikeun dirina katut pikeun kulawargana.

Para wargi rahimakumullah.
Aya deui wartos, wireh sababaraha wargi dina taun ieu teh aya anu bade ngalaksanakeun ibadah haji, diantawisna bae :
1. Ayi Nining sareng Kang Rislan ti Jakarta
2. Evi sareng carogena ti Tanggerang
3. Doni putra Bi Iyat ti Yogyakarta.

Meungpeung urang nuju ngariung kieu, urang sami-sami ku urang du’akeun, mugia wargi-wargi urang nu bade ngalaksanakeun ibadah haji ieu teh sing aya dina panangtayungan Allah SWT salalamina, ti awit miang ti lembur sarakan, teras dugi kaditu ka Mekah Al Mukaramah. Ka Madinah Al Munawarah oge dina ngalaksanakeun ibadah-ibadah haji diditu, anu sunatna, anu wajibna, anu rukun-na pisan sing aya dina kaayaan sehat wal afiat, kalayan salawasna aya dina kalancaran, dugia ka engke mulangna deui ka dieu, ka lembur karang banjar pamidangan teh sing sehat teu kirang sawios-wios, kalayan nyandak predikat haji anu mabrur, hajjah anu mabruura. Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal ‘alamiin.

Para wargi rahimukumullah.
Diharewosan ku Kang Dokter Maman kamari teh, tadina mah kempelan teh hoyong di bumina Ceu Neneng saurna teh, nanging ciosna didieu di Bumina Yeti di Mas Gatot, sakantenan saurna teh salametan bumi pedah parantos rengse ngarenovasina, ku jalaran eta, dina kempelan ayeuna ieu urang sami-sami ngadu’a ka Allah SWT, sapertos do’ana Nabi Ibrahim nalika nyandak ngalih kulawargana, anu kaunggel dina Al Qur-an serat Ibrahim ayat nu ka 35 dugi ka 41, anu kieu unggelna :
A 'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim.
Wa idz qaala ibraahiima rabbij ‘al haadzaal balada aaminaw wajnubnii wabaniyya an na’ budal ash naam.
Rabbi innahunna adh lalna katsiiram minannaas, faman tabi ‘anii fa innahuu minnii, waman ‘ashaanii fa innaka ghafuurur rahiim. Rabbanaa innii askantu min dzur riy yatii biwaadin ghairi dzii zar ‘in inda baitikal muharrami.
Rabbanaa liyuqiimush shalaata faj ‘al af -idatam minannaasi tahwii ilaihim war zuq hum minats tsamaraati la ‘allahum yasy kuruun.
Rabbanaa innaka ta’ lamu maa nukhfii wamaa nu’ lin, wamaa yakhfaa ‘alallaahi min syai -in fil ardhi walaa fissamaa -i.
Alhamdu lillaahil ladzii wahabalii ‘alal kibari is maa ‘iila wa ishaaq, inna rabbii lasamii ‘ud du ‘aa.
Rabbanagh firlii waliwaa lidayya walil mu- miniina yauma yaquumul hisaab.

Anu pihartoseunanan eta ayat kirang langkung kieu :

Allaahumma Yaa Allah, Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngajantenkeun ieu tempat teh, tempat anu aman, sareng mugi abdi katut pun anak ditebnihkeun tina nyembah ka berhala.
Margi satemenna berhala-berhala anu parantos nyasabkeun manusa teu kinten seueuerna. Kumargi kitu sing saha nu nurut ka abdi, eta nu kalebet golongan abdi, nanging sing saha anu wangkelang ka abdi, sayaktosna Gusti teh lautan pangampura tur welas asih.
Allahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa, sayaktosna abdi parantos merenahkeun anak katut incu abdi sadaya di ieu tempat, mugi Gusti ngajantenkeun anak incu abdi sadaya ieu, kalebet anu sok ngaradegkeun shalat, sareng mugi-mugi umat manusa dilingkungan abdi sadaya ieu, sing kapincut kalbuna pikeun nyarengan anak incu abdi sadaya ieu, sareng mugia Gusti maparin rejeki anu halal ka maranehanana, sangkan maranehanana muji syukur ka Anjeun Yaa Rabbanaa.
Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa.
Mung Anjeun wungkul anu uninga kana saniskara nu ku abdi sadaya dibuni-buni, miwah sadaya perkara nu ku abdi sadaya ditembrakkeun. Sareng teu aya nu nyumput pikeun Anjeun Yaa Rabbanaa, saniskara perkara nu aya di langit sareng di bumi.
Sagala puji mung kanggo Anjeun Yaa Rabbanaa, Nu Ngaanugrahkeun ka abdi sadaya ku anak incu abdi sadaya anu saroleh. Allahumma Yaa Allah Yaa Rabbana, mugia abdi sadaya miwah anak incu abdi sadaya dijadikeun ummat anu tetep ngadegkeun shalat salalamina, mugi Gusti ngabulkeun do’a abdi.
Allahumma Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngahapunten dosa abdi sadaya miwah sagala dosa sareng kalepatan pun biang sareng pun bapa, sareng sadaya muslim anu ariman, dina nalika di hisab jaga.
Hadirin rahimakumullah,
Dina danget ieu oge, urang sami-sami do’akeun, mugia bae Mas Gatot miwah kulawargana, dina ngeusian bumi anu enggal ieu teh sing sapertos Nabi Ibrahim dina ayat anu nembe, ngadidik sareng ngabina kulawarga anu tiasa janten kulawarga anu sakinah, mawaddah warrahmah, Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal Alamiin.

Para sepuh, kadang wargi, rahimakumullah.
Asa nganteng keneh dina emutan, asa nembe cikeneh, urang saanak bojo, saputra putu, ngiring hempak sareng nu sanes, kaum muslimin, sumujud na pangkonan Ilahi Rabbi, dina dintenan Iedul Fitri, anu nembe kalangkung.

Asa karaos keneh, tapak cisoca nu ngalembereh mapay pipi, asa karaos keneh, geterna hate lir aya nu ngacak-ngacak jeroeun dada, nalika urang silih lubarkeun dosa, silih du'akeun saputra putu, ku ucapan "Taqabbalallaahu mina wa mingkum, shiyaa mana wa shiyaa makum, qiyaa mana wa qiyaa makum, wa antum fii kulli amiim bii khaiir".

Bet teu karaos, ayeuna sasih Syawal teh meh kantun tungtungna.
Rupina, betah teuing urang teh, anteng teuing urang teh, dina kahirupan dunya, ti waktos ka waktos teh, nu digugulung, mung ukur haliyah dunya we wungkul, nepi ka dug hulu pet nyawa, ngabelaan kapentingan dunya.
Teu tiasa dipungkir, memang, urang teh saleresna mah , parantos kalebet jalma-jalma anu materialistis, kalebet jalma, nu mung ukur nyeepkeun waktos kanggo kapentingan dunya wungkul, duka sabaraha prosen boa, kahirupan akherat nu nyangsang dina agenda emutan urang teh, margi tampolana, sok sering hilap, urang teh babakuna mah, kana agenda nu paling pasti, nyaeta maot.
Bari jeung tos pada terang urang teh saleresna mah, yen Allah kantos ngemutan :"A'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wabtaghii fiimaa aatakallaahu daarul aakhirati, wa laa tansa nashiibaka minad dun-yaa". Pek, geura sungsi kahirupan akherat, nu dipikaridha ku Allah, ngan omat kade poho, urusan anjeun didunya.
Ngan aneh, urang mah bet sawalerna, sanes nabung kanggo bekel mayunan hirup nu langgeng di akherat jaga, tapi dagdag-degdeg, sieun seepeun bekel, sahuap-sakopeun di panyabaan, bawaning ku kasieunan, dugi ka angkaribung sagala rupi disayagikeun pikeun kahirupan saayeunaeun, di panyabaan.
Padahal urang ge pada yakin, nu langkung peryogi mah, bekel kanggo hirup nu saendeng-endeng tea, jaga. Anumawi pantes, urang mah sok disindiran bae ku Allah teh :

"A'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wal ashri, innal insaana lafii khusr, illal ladziina aamanuu wa 'amilush shaalihaati, watawaa shaubil haqqi, watawaa shaubish shabr".
Demi waktu, saestuna sakur manusa pinanggih jeung karugian, kajaba jalma-jalma anu ariman, jeung milampah amal shaleh, jeung anu silih wasiatan dina jalan anu haq, jeung anu silih wasiatan dina jalan kashabaran.

Leres, rugi temenan urang teh, ari ngan ukur ngagugulukeun kanggo dinten ieu wungkul mah, dinten ejing mah kumaha behna, kumaha engke bae, temahna, sagala rupi sok hoyong disakalikeun, disugemakeun saayeunaeun, tara ngemut kana waktos nu bakal kaalaman jaga, padahal tos jelas nembe, Allah SWT mepelingan ka urang, supados meryogikeun bebekelan pikeun akherat, bari ulah hilap kana kaperyogian hirup di dunya, kedah zuhud, namung henteu fatalis, henteu kabina-bina ngumpulkeun dunya, nanging oge, henteu ninggalkeun dunya, kedah sineger tengah saur Kang Dokter Maman mah.
Oge dina sasih Syiam nu kamari, sakedahna mah dianggo kasempetan pikeun nabung, pikeun kukumpul harita teh, da parantos pada apal urang ge, dina sasih Syiam teh, sagala rupi amal kasaean, dipaparin bonus nu mangtikel-tikel, nanging duka teh teuing naon margina, cepil urang teh bet sapertos nu torek, henteu nguping kana panyaur Allah sareng RasulNa, hate urang mah bet ngabagel, teuas nandingan batu, teu ieuh katodel ku Ayat-ayat Allah , sareng panuyun Rasulullah teh, noyod we, tunggul dirarud catang dirumpak, sasih Syiam teh kalah nabung dosa, timbangan nu sakedahna abot ka palih katuhu teh, bet dengdek ngenca, urang teh popohoan teuing nguruskeun dunya, kempal-kempil teh ngan urusan dunya we wungkul, urusan eusi peujit wungkul, urusan teureuyeun wungkul, keukeuh wae, dina emutan teh, kabutuh sapopoe janten nu utami, kabutuh lebaran janten nu nomer hiji.
Urang mah arang langka, jigana, ngemutan, kumaha shaum urang, tos leres atanapi teu acan, kumaha zakat urang, tos dibayar atanapi teu acan, kumaha ibadah urang, tos merenah atanapi teu acan, kumaha atikan anak incu urang, tos merenah atanapi teu acan, nu diemutan teh, baju weuteuh we keur lebaran, goreng suuk keur lebaran, kupat, gule , ancoeun keur lebaran.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, nu sunat dianggap wajib, nu wajib kaluli-luli, boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira, sakumaha pidawuh salira :

"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.
Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.
Dina sasih Syawal nu ngan kantun sababaraha dinten deui ieu, urang sasarengan, midamel deui eunteung kahirupan anu ageung, urang caangkeun deui, obor -obor kahirupan nu kungsi pareum, urang siapkeun deui pakakas kahirupan, pikeun meresihan hate, piraku henteu nembrak nonggerak, lampah urang nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah. Lamun tea mah aya nu saena, urang sipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, urang pasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, urang enggal-enggal gosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari urang niatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh urang rumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana taya sanes, kedah di elap, kedah diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa mah, lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Para wargi rahimakumullah.
Bilih panjang teuing, sakitu we nu tiasa didugikeun, nu leresna tina agama nu lepatna estuning kalepatan nu ngadugikeunana, urang tutup ku do’a
Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat,
watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wah syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilanal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam. Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab. Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Allahummaj 'alhu hajjan mabruura, wa sa'yan masykuuraa, wa dzanban maghfuuraa, wa 'amalan shaalihan maqbuulaa wa tijaaratan lan tabuur, yaa 'aalima maa fish shuduur, akhrijnii yaa Allah, minadz dzulumaati ilan nuur.
Allahumma innii as aluka mujiibaati rahmatika wa 'azaa imaa maghfiratika, wassalaamata ming kulli itsmin wal ghaniimata ming kulli birrin, wal fauza bil jannah, wannajata minan naar.
Rabbi qani'ni bima rajaqtanii wa bariklii fimaa 'a thaitanii, wakhluf alayya kulla ghaa ibaatin lii ming ka bi khaiir.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah, wal inayah.
Wallahul muwaffiq ilaa aqwaamith thaariiq.
Wasalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.

BASA SUNDA ( Essay ) "PACAMPUR PAGALIWOTA"


Ku mindeng-mindengna pulang anting Bandung – Semarang, malah tampolana terus ka wetan nepi ka Surabaya ari aya tugas ngajar, nepi ka jarak Bandung – Semarang mah geus asa teu kasebut jauh deui, sapaparat jalan geus lidig jigana, mun teu rek disebut apal jeung pengkolan-pengkolanana oge, lantaran miang ka Semarang mah geus tara diiker-iker deui waktuna, rek mangsa kumaha bae, rek wayah kumaha bae oge, bisa kari jung, cek paribasana rek janari leutik atawa tengah poe ereng-erengan ge, teu jadi halangan, ngan mun miangna peuting mah sok menta dibaturan ku sobat medok ti leuleutik, si Iing, lantaran si eta mah rada istimewa, mun mawa kendaraan ti peuting teh, nyupiranana bisa leuwih gancang, Bandung – Semarang bisa ku waktu genep atawa tujuh jam ge geus tepi.

Ku mindeng-mindengna tea, nepi geus apal deui dimana kudu mengkol ka masjid lamun waktuna shalat, sakalian ngadon reureuh. Ti mimiti Masjid Agung di Tanjungsari - Sumedang, terus maju ka wetan-keun, nepi ka Masjid Agung di Kaliwungu – Semarang, geus pernah kasaba pikeun ngadon reureuh, ngadon shalat, malah mun kabeneran inditna ti Bandung poe Jumaah ge, di masjid-masjid sapaparat jalan geus pernah ngadon Jumaahan.

Nu jadi matak reueus, malah bisa disebut rada-rada sirik jigana, sanajan masjid ayana di sisi jalan nagara, tapi dina waktu Khutbah Jum’at teh, masih keneh rea nu ngagunakaeun bahasa Jawa, bari tangtu jamaahna aya nu teu bisa basa Jawa, tapi Khatib mah tetap make basa Jawa. Ieu nu matak jadi reueus teh, urang Jawa mah, masih keneh cinta kana basana sorangan.

Kumaha ari di urang ? Maaf-maaf, pernah ngadon Juma’ahan, di salah sahaiji masjid, didieu di urang, di Bandung, khatibna make Basa Indonesia, tapi ari lentong, lentong Sunda pituin, malah nepi ka dialekna oge apal, yen dialek kitu mah, tangtuna oge ti lembur Anu, bisa kabade. Ngan nu matak jadi prihatin teh, naha henteu make Basa Sunda bae sakalian, ngarah puguh ngomentaranana, da ieu mah jadi pabaliut, basa Indonesia diselang-selang ku Basa Sunda, nepi ka eusi materi jadi paburantak, taya pupurieunana.

Sakali mangsa pernah aya nu minangsaraya, urang Sunda pituin, hayang dipangaturkeun acarana, dina acara Walimatul Urusy anakna nu awewe. Sok rada talete ti dituna mah, rek ku Basa Sunda naha rek make Basa Indonesia cekeng teh. Kumaha jawabna ? Ku basa Indonesia we cenah, Basa Sunda mah asa rada ngampung cenah, nepi ka kitu tah. Bari padahal anjeunna teh urang Sunda, urang lembur malah, anu sapopoena oge make keneh basa Sunda, tapi ari ngajawabna jiga kitu. Na ana der teh dina waktuna, bubuka dina acara ngahaja make basa Indonesia, sakumaha pesenan nu mere “order”. lagu pihak lalaki nyerenkeun panganten lalaki mah, make basa Sunda, bari tamada, rumaos urang Sunda cenah, rek make basa Sunda we. Nu kaeraanana ? Saha deui mun lain Panata Acarana, nu sok beregegeh mamalayon tea, harita keneh ngahaja, acara ka dituna make deui Basa Sunda, nu boga hajat ukur tungkul, nahan kaera.

Malah teu jauh-jauh, aya baraya, dulur deukeut keneh pisan malah, sakalieun menta dipangaeusiankeun acara Syukuran bari ngomat-ngomatan kudu make Basa Indonesia, cenah. Basa Sunda mah isin ku tatangga.
Waktuna ngariung, disidik-sidik teh, lolobana mah urang Sunda, geus puguh kitu mah, der….. weh, ngagunakeun basa Sunda deui bae, nu dina rencana make basa Indonesia teh, kumaha pamustungannana ? nu jadi dulur kukulutus beak karep, era pajarkeun teh, hayoh wae mamake basa Sunda. Lain dongeng eta teh, kanyataan.

Hiji deui, didieu, di lembur, Di Ciborelang, dina bulan Ramadhan nu anyar kaliwat, sakumaha biasa di masjid-masjid sejenna, samemeh shalat Taraweh teh, sok aya Tausyi’ah singget, bekenna mah KULTUM, kuliah tujuh menit, malah aya nu sok nyebut KUTIL oge, kuliah tilu menit, ngadon dicaratet ku barudak, laporkeuneun ka guru-guruna di sakola. Sakalieun ……., aya weh, nu biantarana make basa Sunda, na da barudak teh ngadadak jadi saheng, ngadon ngobrol bari heureuy silih-surungkeun jeung pada baturna. Waktu ditanya, kunaon teu dicatet nu ceramah teh. Kumaha jawabannana ? “Nggak ngerti”, cenah, “Pake basa Sunda !”, nepi ka kitu tah, waktu ditanya teh anak saha-sahana, ih……, na da kolot-kolotna mah urang Sunda tateh, aki-ninina urang Sunda keneh deuih, tapi na ari incu-incuna ?, “Nggak ngerti”, cenah, “Basa Sunda mah susah”.
“Susah mana sama matematika ?”
“Susah basa Sunda atuh !” Cek budak bari molotot. Nepi ka dinya.

Hiji deui keur ngumplitanana, sakali mangsa dina Poe Jumaah, di hiji sakola, khatibna aya halangan teu bisa datang, pangurus masjid kokotengan neangan khatib cadangan can meunang keneh bae, kakarek bubar mere kuliah, pangurus masjid nyampeurkeun : ”Ulah waka mulih”, cenah. “Didieu teu aya khatibna, pangeusiankeun”. Dina saku aya oge konsep khutbah make basa Sunda. “Keun bae make Basa Sunda ? cekeng teh, lantaran apal ti mimiti pupuhu nepi ka handap nu jadi pangurus masjid di ieu sakola teh, urang Padang wungkul.
“keun bae…lah” Cenah, “Ti batan Juma’ahan bubar, alatan euweuh khatibna mah, wirang sarerea”.

Der …… weh, khutbah make basa Sunda, di hareupeun mahasiswa, di hareupeun dosen-dosen nu kabeneran loba urang Padang-na tea. Beres Juma’ahan, rajol nu ngarajak sasalaman, malah babaturan dosen mah aya nu togmol :“Baru pertama kali saya dengar khutbah Basa Sunda, enak mendengarkannya”. Bari ngeukeuweuk leungeun, nyekelna pageuh pisan. Pangurus masjid nyampeurkeun :“Mulai bulan depan dan seterusnya, Bapa akan kami tetapkan untuk mengisi Khutbah disini, biar memakai Basa Sunda juga”.

Tina sababaraha kajadian nu disebutan tea, jigana bakal kakoreh, kumaha susahna, kumaha hesena para pamikir ngokolakeun cara jeung upaya sangkan basa Sunda, jadi basa nu dipikareueus deui ku seke-selerna, ku urang Sunda. Moal rek ngajukeun usul, da yakin balatak para ahlina, kumaha cara jeung alpukah nu bakal diguar ku para ahli, Sastrawan Sunda, urang Sunda.

Ngan aya hiji pangalaman, praktek di lapangan, kerenna mah, di lembur, di masjid gigireun imah, tiap ba’da Shalat Subuh, jamaah masjid tara terus bubar, tapi ngariung deui, antara satengah jam-an mah, nepi ka jam satengah genep paling beurang ge, kira-kira 20 atawa 30 jamaah paling loba, ngaguar deui Al Qur-an, dipesek jeung tafsirna, tina sabaraha tafsir nu jadi rujukanana, Tafsir Ibnu Katsir, Jalalain, Maraghi, nepi ka jucungna Tafsir Ayat Suci Lenyepaneun, beunangna Bapa Moh. E. Hasim.

Anehna tina sababaraha rujukan anu disebutan bieu teh, umumna jamaah masjid teh, rea keneh nu kataji ku basa Sunda anu digunakeun ku Bapa Moh A. Hasim dina Ayat Suci Lenyepaneun tea, basa sastrana asa nyampak, atuh guaranana dina nafsirkeun Surah-surahna estu merenah pisan. Sok komo mun nu macakeunana tapis dina basa Sunda, ti mimiti ngagunakeun dialek, jeung madakeun kosa-kata, bari puguh ngagunakeun titik koma jeung tanda baca sejenna, nepi ka kadang-kadang, mun kabeneran kudu eureun dina kakagokna nafsirkeun teh, rea keneh jamaah, nu ngarasa gantung denge, gantung teureuyeun mun dahareun mah, cenah.

Kasimpulanana, rea keneh sabenerna mah, nu resepeun make keneh basa Sunda teh, ngan nu jadi halanganana nya tadi tea, nu boga rasa ngampung, mun make basa Sunda, rajeun make basa Sunda, pasolengkrahna beak karep, nepi ka tungtungna, aya sabaraha urang Sunda nu ngarasa inggis jeung sieun salah ngalarapkeun basa Sunda, nepi ka kajeun teuing teu make basa Sunda cenah, sieun ngerakeun, alesanana mah.

Lebah dinyana mah pantes, tong boro nu awam atuh, eta we nengetan acara di TV, dina “Bruk-brak”, ngobrolkeun karangan-karangan basa Sunda, tapi panata acarana, dina ngagunakeun basa Sunda, pacampur-pagaliwota jeung basa malayu, lir jalan di kota Bandung, sedan, beca, mobil, sapedah jeung roda dorong aya kabeh, pasolengkrah.

Malah pamustunganana harita, cik cenah, ka pangarang-pangarang Sunda, hirupkeun deui carita-carita jurig nu baheula pernah jadi primadona di tatar Sunda teh. Sangkan etnis Sunda raresepeun deui maca karangan-karangan dina Basa Sunda.

Teu kudu kitu asana, teu kudu muhit deui jurig-jurig nu marakayangan jiga baheula, malah sakudunu mah diajak kana tauhid ka Allah SWT, urang Sunda teh. Salah sahijina, pangarang-pangarang Sunda ngagiring masarakatna sangkan jadi urang Sunda anu Islami.

Cag.

BASA SUNDA ( Carpon ) "SAPEDAH"


Sakumaha nyaahna kanu jadi anak, sakumaha deukeutna hiji anak kanu jadi bapa, tetela geus rumah tangga mah, kanyaah budak kanu jadi kolot teh katambahan ku kulawargana, pamajikannana, minantu awewe meureun kuring mah nyebut teh.

Ti heula waktu mimiti rumah tangga, si Cikal ngahaja datang, bebeja meureun ti dituna mah, hayang diajar rumah tangga sorangan, najan teu jauh, tapi hayang misah cenah, hayang diajar macakal sorangan.

Ningali sareat mah, asa reureug ningali kahirupan rumah tangga si Cikal teh, malah baraya nu sejen mah nepi ka pok pisan, kayungyun cenah ningali rumah tangga barudak teh, taya cawadeunana, matak reueus pikeun nu jadi kolotna, komo indungna mah, katambah-tambah ka minantu teh, teu asa-asa mi-anak teh, lantaran kabeneran boga besan teh, urut sobat, baheula jaman keur kuliah, sagala kasuka nu jadi anak, teu weleh bebeja kanu jadi kolot, boh ka kuring indung bapana, boh ka ditu, ka mitohana, kanu jadi besan, nya kitu deui kasusah nu jadi anak, teu weleh kuring jeung pamajikan kabejaan.

Sakalieun sono kanu jadi anak, sok ngajakan besan, ngahaja nelepon ka Padalarang, ka Si Dodi. “Dodi urang geus sono ka barudak, rek ngadon ngendong di Si Adi, mun maneh salse mah, urang bareng, ngadon malem Minggu diditu”. Mun geus kitu, Malem Minggu teh jadi rame di imah si Cikal, da nu ngendong jadi nambahan, henteu kuring wungkul, katambahan kunu jadi besan.

Kanikmatan ningali rumah tangga barudak, estu komplit mun pareng dina poe Minggu-na, shalat Shubuh teh, kabeh berjamaah di masjid gigireun imah, nu jadi imamna si Cikal, ngahaja dijujurung, da budakna mah sok nolak, hoyong diimaman ku Bapa, basana mah, tapi ku kuring sok digedean hate, Bapa jeung mitohana mah, ukur semah, nu jadi Imam di masjid eta mah, kapan manehna, najan bari rada seunggah ge ari dikeukeuhan ku duaan mah, teu burung laju. Di-imaman kunu jadi anak, bari bapa jeung mitoha ngamamum tukangeunana, kanikmat teh asa nambahan, malah sok teu karasa cimata teh sok miheulaan nyurucud, dibarung ku eusi dada lir aya nu ngeundeuk-ngeundeuk, kanikmatan nu hese neangan bandinganana.

Bari silih tungtun jeung Si Dodi, besan, sobat kuring tea baheula :”Bagja Maman euy, urang mah, boga minantu teh, jaba nyantri, ngimaman sakitu tegepna, lagam kitu mah asa ngadenge Imam Masjidil Haram, baheula, basa urang keur ibadah haji tea nya ! Imah atuh sakieu mah teu goreng-goreng teuing, buktina urang ge bisa ngendong sagala rupa, malah si Lia mah peuting tadi ngadongeng, cenah Si Adi naek deui jabatannana di kantorna, muga-muga we urang teh bisa riung mungpulung kieu teh, nepi ka jaga”.
“Amiiin…….. “ Cek kuring bari ngalimba.


-----mmd----

Poe Senen kuring geus balik deui ka imah, nya kitu deui Si Dodi geus ka Padalarang deui jeung pamajikanana.

Jam 3 Sore, masih di masjid tas Shalat Ashar, aya beja ti Si Lia, minantu, nelepon ka imah, cenah salakina kacilakaan, nabrak nu tumpak sapedah di jalan. Teu kungsi lila, kring telepon disada deui, si Dodi ti Padalarang :”Maman !, si Adi nabrak nu tumpak sapedah, cenah cek si Lia bieu, mun maneh rek kaditu, ku urang disampeur”.

“Enya Dod !, bieu ge Si Lia nelepon kadieu, mun rek kaditu mah, sampeur urang”.

Di imah, Si Adi keur shalat keneh, rada lila ngadagoan teh rarasaan mah, kaluar ti kamar Si Adi katingali teu eureun-eureun babacaan, kuring nu teu sabar, buru-buru nanya :”Kumaha mimitina eta teh Aa ?”, kitu biasana ge kuring mah ka Si Cikal teh, nga-Aakeun adi-adina.

“Ari katingalna mah, nu tumpak sapedah bade mengkol ka katuhu, tapi duka kumaha janten geubis, jalmina persis geubis dina ban payun pisan, teu kabujeng ngerem, tos kagiles manten”.
“Ayeuna dimana jalmana, Aa ?”. Besan milu nanya.
“Harita keneh ge teras dibantun ka Boromeus, malihan sapedahna mah aya keneh dina bahasi mobil, sakantenan dirawatan, bilih ical maksad mah”. Cek si Adi. “Mung tadi teh, aya rakana nu tumpak sapedah tea, rada emosi ka Aa teh, mun teu pada ngahalangan ku bapa-bapa ti pulisi mah, da jigana teh hoyong sabek-bek-keun nonjok, malah bari ngancam sagala rupi, bade nuntut ka pangadilan, saurna teh”.

“Ari geus diuruskeun ku pulisi mah, alus, syukur malah, sugan we beres roes, teu aya barebedanana”. Ceuk kuring.
“Muhun, Pa ! Pidu’ana wae ti sadayana, da tadi teh di Kantor Pulisi, diriungkeun sagala rupi, sareng kaleresan deuih nu janten Kapolsek-na teh, rerencangan sakola Aa nuju di SMA 4 kapungkur, janten ngadon re-uni di kantor pulisi, sono tepang sareng rerencangan sakelas”.

“Ari eta, kumaha nu tumpak sapedahna, parna henteu, cek dokter ?”.

“Kana lami, saur Dokter mah di opnamena, tadi teh, da sampean anu kiwa, kageleng pisan ku ban payun nu palih katuhu, keun soal biaya mah, mung nu janten hariwang teh, eta rakana, emosi bae teu liren-liren”. Cek Si Adi.

Sarerea kaluar ti imah, ngadon ningali sapedah nu rek dtkaluarkeun tina bahasi mobil, bari ngangkat sapedah teh, si Adi nyarita :”Sapedah antik ieu mah, Pa, mani sakieu abotna kieu, sapedah kapungkur jigana teh, mung sae nu ngurusna, jigana teh, mani masih harerang keneh kieu”.

“Geuning sapedahna mah teu kua-kieu, Aa?”. Cek Besan.

“Da sapedahna rada tebih ragrag na teh, mung jalmina wungkul, geubisna pas pisan dina ban payun”.

Ningali sapedah nu keur dijungjungkeun ku Si Adi, kuring mah molotot we mata simeuteun, malah bari jeung ngadegdeg sagala rupa, apal…, apal pisan, kana sapedah ieu mah.

Najan geus leuwih ti opat puluh taun ge, moal nepi ka poho asana, kana sapedah ieu mah, sapedah Apa almarhum, sapedah lalaki, nu make palang tea.


-----mmd-----

Baheula teh keur budak diajar tumpak sapedah, dicorok ti beulah kenca, ngaboseh bari dengdek, lantaran awak mah kahalangan ku palang sapedah tea, ari mancal can nepi kana palangna mah, da budak keneh tea, bulak-balik ti tungtung Jalan Siti Munigar beulah Kaler, nepi ka Jalan Siti Munigar beulah Kidul, malah mun pareng poe Saptu atawa Minggu pasosore mah, sapedah teh tara dianggo ku Apa, sok ngahaja ngadon diajar sapedah ka Tegallega, bari lalajo maen bal, lantaran harita di Tegallega, sisieun lapang maen bal teh, sakurilingna sok dipake nu sasapedahan, sok waas palebah sapedah diboseh teh, ngageleserna ban sapedah ngageleng batubara, nu ngampar sakurilingeun lapang maen bal, mun geus cape, ngadon jajan Es Soda, tina teko keramik bodas, di kucurkeunana ku tukang Es nepi ka sadeupa kaluhur, sangkan cai soda nu dikucurkeun kana gelas teh ngabudah, matak nyereng kana irung.

Mun teu kitu jajan es sirop, sirop jeung cai dikana teko kaleng-keun, nu dieusian es batu, memeh dikucurkeun, sok digodeg-godegkeun heula kana papan tanggungan tukang, sangkan siropna karasa leuwih tiis, matak nyecep kana tikoro nu hanaang, lantaran cape tas kukurilingan, ngurilingan lapang bola.

Bari sakapeung mah sok rada nakal tukang es na teh, lain es batu nu digodeg-godegkeun kana papan teh, tapi tutup keler beling, ti luar mah siga es batu, kanyahoan teh waktu diinum, naha es sirop teh teu karasa-karasa tiis, sihoreng es batuna diganti ku tutup keler beling.

Sakali mangsa Apa teh teu damang, biasa harita mah mun Apa teu damang, sok hoyong dipanggodokkeun susu ti Gang Ijan, nepi ka ayeuna tukang susu di Gang Ijan mah aya keneh, ari nu sok dipiwarang ku Apa, nu jadi Emang rai Ema nu bungsu, ti Jalan Siti Munigar ka Gang Ijan teu pati jauh, kabeneran harita kuring keur ulin jeung babaturan, di lebah Gang Wiria, nu jadi Emang ngaliwat kana sapedah bari ngajingjing rantang, dina setang sapedah.
“Mang Undang……, bade kamana ?” Cek kuring harita.
“Ka Gang Ijan meser susu, rek ngiring ?”.
Teu ngadua kalian nu ngajak, kuring ngajleng, mancal kana boncengan tukang, ninggalkeun babaturan, nu keur ucing sumput.

Balik ti Gang Ijan, nu keur ucing sumput masih keneh aya, kuring ngajleng deui bari nukang, maksud mah rek miluan deui ucing sumput jeung nu sejen, tapi barang turun tina sapedah, dina pingping karasa aya nu peurih, ditingali kahandap, dina bitis katuhu getih baloboran. Kuring ngagoak ka nu jadi Emang. Les weh teu inget naon-naon deui.

Inget-inget, Apa nu nuju teu damang teh, keur ngagulang-gaper pingping katuhu diperbanan.

“Tikait kana lampu pengker, jigana si Maman teh, Kang”. Cek Mang Undang ka Apa.
“Omean, geura isuk mah lampu sapedah teh ? Saur Apa.
Saminggu leuwih teu bisa asup ka sakolana ge harita, malah nepi ka ayeuna, opat puluh taun leuwih, urut raheut kana lampu sapedah tukang, aya keneh, ngajepat leuwih ti sapuluh sentimeter, dina pingping beulah katuhu.

Isukna memeh lampu sapedah diomean, rai pisan Apa nu katilu, ngahaja rek nambut sapedah cenah, ka Kosambi ngagaleuh perlengkapan militer.

Keur di Kosambi harita, sapedah aya nu maok, rai Apa nepi ka nikreuh ti Kosambi ka Jalan Siti Munigar, bari jigana sieun diseuseulan ku Apa pedah sapedahna aya nu maok.

Ti harita, kuring teu pernah tumpak sapedah deui kagungan Apa.


-----mmd-----

Ari ayeuna opat puluh taun leuwih, sapedah teh katingali deui keur dijungjungkeun ku Si Adi, tina bahasi mobil, yakin sapedah teh nu Apa baheula, yakin pisan, malah lampu tukangna ge can diganti, masih saperti baheula keneh, lampu tukang nu ngajadikeun pingping katuhu kuring nepi ka ayeuna pitak, leuwih ti sapuluh sentimeterna.

“Adi…… !, ieu mah sapedah Aki, kapungkur”. Cek kuring ka Si Adi, bari dareuda ngomong teh, teu sangka bakal ningali deui sapedah kameumeut baheula, jaman keur budak.

“Akh…….., piraku Bapa mah, maenya sapedah nu Aki, kapan Akina ge tos teu aya”. Cek Si Adi, yakin teu percayaeun.

“Enyaan….. ! yeuh tingali…….”, Cek kuring bari morosotkeun calana, poho dikaera hareupeun besan, ningalikeun pingping tukang nu katuhu. “Yeuh pitak ieu teh, alatan ti kait kana lampu ieu, lampuna ge kieu keneh teu robah ti jaman Bapa budak baheula”.

“Enyaan eta teh Maman ?” Cek Si Dodi bangun nu teu percaya.
“Yakin pisan, Dod, ieu teh sapedah Apa nu ical di Kosambi keur ditambut ku Mang Udin, rai Apa, baheula”. Cek kuring.

“Lamun kitu urang tanyakeun kanu bogana, timana ieu sapedah nepi ka katabrak ku Si Adi”. Cek Si Dodi, bari gogodeg, ngarasa aneh, puluh-puluh taun sapedah leungit, kari-kari ayeuna, aya di hareupeun bari nu makena katabrak ku si Cikal, nepi ka diopname di Rumah sakit Boromeus.


-----mmd----

-
Isukna pasosore, Si Adi balik besuk cenah mah, jeung babaturanana nu jadi Kapolsek tea, daratang kaimah, dituturkeun ku semah teu wawuh samobil, rengse shalat Maghrib, ngariung di kamar tamu, hadena ruang tamu di imah Si Adi rada lega, nepi ka kuring jeung besan ge bisa milu ngariung, matotoskeun nu katabrak ku Si Adi tea, enya we tipoporongosna mah, lanceukna nu katabrak cenah mah, ti kantor pengacara, disebutkeun kantorna, kaasup pengacara senior di kantor eta, manehna teh cenah mah.

Babadamian nepi kana tungtutan materi, nu diajukeun ku si pengacara tea, alesanana Si Adi nyupiran mobilna kurang ati-ati cenah, jumlah tungtutanana, lain bantrak-bantrakeun model kuring, malah si Dodi ngan ngahuleng we, ngadenge Si Adi ditungtut model kitu teh.

Ari kuring ngan ukur bisa neges-neges sepuh nu marengan si pengacara tea, anu ti barang jol tadi, teu pisan ngajak nyarita, atawa teu pisan milu ngobrol, estu ukur ngeluk we tungkul, teu muka sora pisan.

Ras weh inget kana sapedah Apa tea. Panasaran kuring nanya ka si Pengacara tea :”Punten Yi, megat saur, Akang teh, bade tumaros, dupi nu kagungan sapedah nu katabrak ku pun anak teh saha ?”. Ngahaja nyebut Ayi, da yakin sahandapeun kuring umurna mah, boa sapuluh taunan leuwih gesehna jeung kuring mah.

“Nu Bapa abdi, tah ieu pun Bapa, sapedah antik eta teh, cocoan pun Bapa ti baheula, dan ngan ditatap-diusap bae ku pun Bapa, ti abdi keur budak keneh pisan, malah ti keur abdi dikandung keneh saurna teh, tos aya, teu gentos-gentos sapedah eta mah, sapedah buhun, sapedah antik” Cenah bangun nu reueus.

“Leres eta teh Bapa, sapedah kagungan ? Ceuk kuring, bari malik ka Bapana si Pengacara tea.
“Leres, gagaduhan”. Ngajawabna halon pisan.
“Manawi teu kaabotan, abdi tumaros, timana ngagaleuhna kapungkur teh, sapedah antik model kieu ?” Cek kuring.
Teu ngajawab, kalah ngaheruk, beuki tungkul.
“Naha Bapa sagala ditanyakeun, urusan sapedah bae ditatanyakeun, kuring kadieu teh lain urusan sapedahna, tapi urusan nu ditabrakna, itu tuh nu keur diopnamena, nu rek diuruskeun mah, lain urusan sapedahna, da puguh sapedahna teu nanaon, teu cecel teu bocel ieuh sapedahna mah”. Ceuk si Pengacara, basana mimiti kasar.

“Kieu maksad teh, kaleresan Cep Hanafi nu janten Kapolsek nuju kempel, atuh nu gaduh sapedahna oge kaleresan nuju aya, ngariung sareng urang sadaya, ari dongengna mah kieu ieu teh, pedah ningal sapedah eta, sim kuring teh gaduh kayakinan, sapedah eta teh nu gaduhna kapungkur, pun bapa, akina Si Adi, pun anak. Ari nu mawi wantun ngangken, margi yakin pisan sapedah ieu teh cocoan abdi keur budak baheula, malah kantos dugi ka cilaka alatan naek sapedah ieu, dina pingping pengker anu palih katuhu dugi ka ayeuna aya keneh pitak, tapakna, tikait kana lampu pengker, malihan katingalna ge lampu sapedah pengker teh, teu dirobih, teu digomeng-gomeng pisan jigana teh, dugi katingal deui asa baheula. Harita teh nuju di anggo ka Kosambi ku pun paman, payuneun toko peralatan militer, peuntaseun rel kareta api palih Kulon, sapedah teh aya nu ngiwat, aya nu maok, panginten kasarna mah, dugi ka ayeuna, ari kamari katingali deui ku sim kuring, aya dina bahasi mobil pun anak, bet janten ngangres, da biasana ge ari kana barang sorangan mah, masih puluh-puluh taun ge moal hilap…………”.

“Akh…., teu mungkin, ceuk sayah ge tadi, sapedah ieu mah geus aya ti keur kuring dikandung keneh ge”. Si Pengacara motong carita kuring heuras naker.

“Numawi, Akang teh kumawantun, tumaros ka tuang rama, manawi tiasa ngajentrekeun, nalika ngagaleuh kapungkur teh timana, atanapi ti saha. Insyaa Allah, dina hate mah teu aya sangkian awon Akang teh, ieu mah pedah ku kapanasaran wungkul, wireh sapedah eta teh, akang mah apal keneh pisan nepi ka bubuk leutikna, ti awit sadel, sela, nu rada ngajorok kapayun, teu aya baturna harita ge, jaman Akang masih sok sasapedahan di Tegallega, komo ayeuna, atuh komo kana lampu pengkerna mah, rupina teu dirobih-robih ku tuang Rama teh, malah lampu eta pisan nu matak janten malikan deui gambaran baheula kana eta sapedah teh, numawi hoyong terang asal muasalna ti tuang rama, meungpeung kaleresan nuju kempel kieu, sareng kasaksen ku Cep Hanafi nu utami mah”. Cek kuring panjang lebar.

Si Bapa ngan ukur tambah ngeluk, teu lemek teu nyarek, teu sakecap-kecap acan. Nu ngadago-dago jawaban geus silih pelong, Hanafi babaturan si Adi nu nyoara teh : “Mangga Pa, manawi tiasa ngawaler ?” Cenah.

Si Bapa tanggah, sidik cipanonna ngeyembeng, ku sarerea ge katingali, bari ngusap beungeut, nyanghareup ka anakna :”Hampura….. Bapa ! Ujang. Jigana anu didongengkeun ku ramana pribumi teh bener. Harita, enya ujang keur dikandung keneh, malah keur bulan alaeun harita teh, Bapa teh rumasa geus kausap setan, mikiran pamajikan sabrol-broleun, tapi can boga bekel, keur biaya ngalahirkeunana, keur bingung kitu, di sisi Rel Kareta Api, beulah wetaneun Pasar Kosambi, di hareupeun toko perlengkapan militer, ningali sapedah keur distandarkeun dina trotoar, regeyeng we dibawa, kabeneran teu dikonci, dibawa ka Stasion Cikudapateuh. Ari datang ka imah, Ema hidep hariweusweus, dikeupeulan ku Emang maneh cenah ti Tasik, bekel keur ngalahirkeun, teu panggih jeung Bapa mah, ngan Ema hidep nu tatanya, sapedah saha cenah eta teh, dijawab ku Bapa, nu mihape jualeun, nepi ka hidep brol teh, sapedah teu nepi ka dijual, da Bapa ngarasa dosa, rek dibalikkeun, dibalikkeun ka mana, da teu apal kanu bogana ge, rasa dosa teu weleh ngeusian dada, tungtungna sapedah teh dipiara we, ditatap diusap, diberesihan meh unggal usik, dipake ge ari aya perlu we wungkul, teu perlu-perlu teuing mah, Ujang ge apal, tara dipake sapedah teh. Kabeneran ayeuna kumpul jeung ahli warisna, atuh Bapa Pulisi oge aya, mangga Bapa teh nyerenkeun maneh, sugan bisa nebus dosa, lantaran baheula pernah ngarasa kausap setan, sugan teu beurat teuing wawalesna ti Pangeran, ka pribumi, nyanggakeun sapedah teh, jigana leres nu Tuang Rama………sidik bapa nu maok sapedah teh”. Teu kebat, segruk weh ceurik eueuriheun.

Sarerea olohok, komo anakna mah, teu nyangka jigana Bapana baheula ngalaman jiga kitu, kuring ge bareuheudeun, inget ka Apa almarhum, inget kana sapedah, inget keur Apa ngagugulung nu raheut, keur merbanannana, keur ngurus raheut, ku cai haneut, ku “Permanganat”.

Teu karasa jung nangtung, brek sideku hareupan si Bapa, bari dareuda ”Bapa, sawalerna hapunten abdi, tos kumawantun ka Bapa”.

“Ih, henteu kasep, lain…., lain hidep nu salah mah, Bapa nu puguh salah mah, anggur mah hampura Bapa teh ku hidep, ku kulawarga didieu, sugan dosa Bapa ngurangan saeutik-eutikeun”. Bari tetep nginghak

“Bapa, oge ka sadayana bae para tamu, Insyaa Allah, sim kuring ngawakilan pun bapa, ngawakilan pun Aki nu parantos almarhum, kalepatan sareng kaluluputan Bapa tipayun, dihapunten ku sim kuring sakulawarga, sawalerna sim kuring, nyuhunkeun dihapunten rehna putra Bapa nu kadua parantos kenging kamusibatan alatan kendaraan nu nuju dibantun ku abdi, perkawis ongkos opnameu di Rumah Sakit, sapertos nu didugikeun tadi di rumah sakit, Insyaa Allah, abdi nu tanggel waler pikeun mayarna ka Rumah sakit, mugi-mugi bae pangalaman ieu teh sing janten hikmah pikeun urang sadaya, malah mugia sing janten beungkeutan silaturahmi, antawis kulawarga sim kuring sareng kulawarga Bapa………..” Can ge tamat si Adi nyarita, si Pengacara tea geus ngagabrug manten :”Ulah diteruskeun…….., kasep, hampura anggur mah Bapa, basa ge geus garihal tadi mah, sakali deui hampura Bapa, hampura……… kolot bapa”. Bari nyegruk dina taktak Si Cikal.






-----mmd-----