Rabu, 29 Oktober 2008

ATIKAN "URANG DIAJAR NGARANG YU...... !

Asa kaleuleuwihi saliwat mah mun teu disebut pamohalan oge, baheula waktu di Tanah Suci, mun jamaah lian ngado’a di Multazam teh rupa-rupa kahayang jeung cita-cita nu direkeskeun ka Allah teh, malah pamajikan ge teu eleh geleng cenah, ngado’akeun barudak sing jadi jalma anu shaleh, katut bapana, jigana.

Tapi ari kuring, asa cetek naker pangrasa mah harita, waktu munajat teh :”Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun abdi, sadugina ka lembur deui teh sing janten jalma anu tiasa pidato”. Enyaan kitu, teu kurang teu leuwih. Waktu dibejakeun ka pamajikan, yen kuring hayang bisa pidato, da nyeuleukeuteuk atuh pamajikan teh harita mah, batur mah hayang beunghar hayang naon boa sagala disebutan, ari ieu ngan ukur hayang pidato, asa cetek pisan cenah.

Kieu cekeng teh dibejakeun alesanana ka pamajikan :”Kolot-kolot urang teh jaga bakal narungtutan naringgalkeun urang, nya laun-laun mah urang teh bakal ngolotan, malah bakal dipikolot ku anak-incu urang jaga, Ema jeung Apa ge tangtu bakal digantikeun ku urang, ceuk sareatna mah kitu, najan hakekatna mah urusan Allah, tapi kudu we siap-siap mah keur ngagentos aranjeunna, ayeuna aya keneh Ema jeung Apa, teu susah mun naek kana podium dimana bae oge, da puguh manukna kitu. Ari Urang ? can tepi ge kana podium, tuur teh geus ngeleter jiga nu lilinieun, kesang tiis mah geus karuhan, teu puguh rasakeunana, bisi sakalieun aya nu minangsaraya pikeun nyuluran Ema atawa Apa teh, piraku kekepehan nyebutkeun teu bisa”.

Samulangna ti Tanah Suci, do’a nu hayang bisa pidato teh terus jadi impian, malah diikhtiaran jeung usaha sagala rupa, milu kursus Imam Khatib di Masjid Raya Jawa Barat, Masjid Agung keneh harita mah ngaranna ge, meulian buku-buku ngeunaan pidato, ti mimiti buku-buku karangan lokal nepi ka buku-buku karangan mancanagara, ngeunaan pidato mah ngahaja dibaca deui, dipake latihan.

Kabehdieunakeun, karasa aya keneh nu ku urang mun diimeutan tina perkara pidato dina podium teh, geura we, nu ceramah boh dina seminar-seminar atawa penceramah di majlis-majlis ta’lim upamana, sakumaha capetangna nu pidato, sakumaha pikaresepeun eusi materi nu diceramahkeun, jarakna ngan ukur tina podium kana kana korsi, tina panggung pidato ka tempat jamaah, teu kurang teu leuwih, bubar acara mah bubar sagala eusi pidato teh, teu terus napel dibawa ka imah, bisa jadi nu ngaluuhan ceramah teh aya kana puluhna rebu jalma, tapi da buktina mah, henteu bisa ngarobah tapak lacak sapopoe jadi tingkah polah anu luyu jeung anu ditepikeun dina pidato ?

Buktina ? tingali we jamaah urang kasisi-kagigir, anu cenah 90 % muslim teh, anu teu weleh dipukpruk ku ceramah jeung pidato unggal usik, dina radio dina televisi meh unggal Shubuh aya, teu metu pikeun ngarobah tingkah polah umat jadi tingkah pola anu ditungtun ku aturan agama anu Islami. Anu jadi marga lantaran ? Taya lian eusi ceramah, ngan ukur tina biwir para Da’i kana ceuli mustamina, teu kurang teu leuwih ngan sakitu jarakna ge, nu paling matak prihatin nalika mubaligh sohor, atau Da’i kondang ngantunkeun alam pawenangan, eusi ceramah anu pernah jadi kameumeut jamaahna teh, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.

Ana kitu, para ahli pidato atawa orator ulung anu sakumaha pikanineungeun jeung dipikameumeutna teh dina mangsana mulih ka jati mulang ka asal mah, eusi pidato atawa pituah jeung pituduh-pituduh moral agama anu ditepikeun dina pidato bakal milu carem mun teu diagendakeun jadi tulisan atawa jadi buku.

Mun tulisan naha rek Carpon, Bahasan, Kolom atawa Munara Cahya, malah eusi surat saperti “Surat Ti Barli ka Ramadhan” ge, kapan sakitu matak pogotna, sakitu nyugemakeunana, malah bakal mibanda ajen anu leuwih luhur batan pidato, geura we mun kuring pidato atawa khutbah di masjid gigireun imah, paling-paling ukur dua ratus urang jamaah nu ngahadiranana oge, da masjidna oge ngan ukur sakitu jamaaheun, bari tampolana bubar ceramah atawa bubar khutbah teh, bubar we taya tapak-tapakna acan, amanat agama anu ditepikeun dina ceramah the, teuing kamana boa. Tapi mun tulisan di muat dina “Munara Cahya” upamana, paling copek eusi materi bakal kabaca ku 5.000 urang, lamun majalah Mangle oplahna ngan ukur sakitu.

Karangan “Carpon” nyakitu keneh, geura we baheula keur leutik pernah maca karangan-karangan Bapa Ahmad Bakri, kadieunakeun dibukukeun deui jadi “Dukun Lepus” gahar deui we, seger jiga baheula kaalaman deui, karesep jeung kameumeut anu puluhan taun kaliwat teh, kaalaman deui bari tangtu bakal kakoreh ku generasi sapandeurieunana. Malah kabehdieunakeun mah carita-carita pondok nu pernah dimuat dina “Mangle” baheula, dibundel deui jadi “Kanagan”, karangan-karangan ti pangarang nu geus taya dikieuna ge kaungkab deui. Pidato mah pan moal bisa jiga kitu.

Malah bakal leuwih punjul deui jigana mun nepi ka mampu nulis jeung nyieun buku, lantaran tulisan atawa buku paling copel bakal mawa kanu macana pikeun ngarubah tingkah polahna sapopoe, contona buku-buku anu ditulis ku pangarang-pangarang heubeul, kitu deui buku-buku agama nu ditulis ti abad beh ditu, bisa kakoreh deui mangsa kiwari.

Mun geus nepi kadinya, jigana urang teh geus kudu mitembeyan deui sangkan bisa nuliskeun naon-naon nu jadi buah pikiran boh dina hirup kumbuh sapopoe, atawa dina didikan agama jeung darigama, timana we mimitina mah, naha rek nuliskeun pangalaman pribadi, nuliskeun fiksi boh nu lain fiksi teu jadi masalah, nu penting kari prakna, rek nyieun surat ge pek teh teuing, pan tadi ge “Surat Ti Barli Ka Ramadhan” sakitu tegepna.

Nu penting kari prakna, da mun geus prak mah, rek dikirimkeun ka redaksi mana bae teu halangan, malah pan “Mangle” mah narima tulisan naon bae, nu sakira layak muat mah pasti dimuat. Ngan nu pasti sing apik ngetikna, ulah balatak teuing omeaneunana, malah mun bisa mah sing telik ulah nepi ka aya nu salah ngetik sagala tea, hal ieu teh terus terang wae “Mangle” ge kadang-kadang loba salah ngetikna, sing apik jiga Atang Ruswita Almarhum baheula, nulis ngaran rumah sakit Boromeus ge, dipariksa bener henteuna, “R” na teh aya dua atawa hiji.

Henteu, teu aya tiorina nulis atawa nyieun karangan teh, pan cek Arswendo oge cenah ngarang teh gampang, malah kapan aya nu nyebutkeun, mun tulisan atawa karangan jiga nu ngobrol, ngaguluyur, jiga nu keur ngadongeng teh kapan leuwih luhur ajenna, saperti “Ucang-aceng Angge” beunangna Ayip Rosidi.

Ngan nu pasti, mun tulisan atawa karangan dikirimkeun ka majalah atawa koran, kudu ditalungtik heula koran atawa majalah nu rek dituju, naon jeung kumaha visi-misina, bisi karangan atawa tulisan urang teu sapuk jeung koran atawa majalah nu rek dituju.

Mun geus kitu, urang diajar ngarang atuh yu……… !.

Tidak ada komentar: