Senin, 27 Oktober 2008

BASA SUNDA ( Essay ) "PACAMPUR PAGALIWOTA"


Ku mindeng-mindengna pulang anting Bandung – Semarang, malah tampolana terus ka wetan nepi ka Surabaya ari aya tugas ngajar, nepi ka jarak Bandung – Semarang mah geus asa teu kasebut jauh deui, sapaparat jalan geus lidig jigana, mun teu rek disebut apal jeung pengkolan-pengkolanana oge, lantaran miang ka Semarang mah geus tara diiker-iker deui waktuna, rek mangsa kumaha bae, rek wayah kumaha bae oge, bisa kari jung, cek paribasana rek janari leutik atawa tengah poe ereng-erengan ge, teu jadi halangan, ngan mun miangna peuting mah sok menta dibaturan ku sobat medok ti leuleutik, si Iing, lantaran si eta mah rada istimewa, mun mawa kendaraan ti peuting teh, nyupiranana bisa leuwih gancang, Bandung – Semarang bisa ku waktu genep atawa tujuh jam ge geus tepi.

Ku mindeng-mindengna tea, nepi geus apal deui dimana kudu mengkol ka masjid lamun waktuna shalat, sakalian ngadon reureuh. Ti mimiti Masjid Agung di Tanjungsari - Sumedang, terus maju ka wetan-keun, nepi ka Masjid Agung di Kaliwungu – Semarang, geus pernah kasaba pikeun ngadon reureuh, ngadon shalat, malah mun kabeneran inditna ti Bandung poe Jumaah ge, di masjid-masjid sapaparat jalan geus pernah ngadon Jumaahan.

Nu jadi matak reueus, malah bisa disebut rada-rada sirik jigana, sanajan masjid ayana di sisi jalan nagara, tapi dina waktu Khutbah Jum’at teh, masih keneh rea nu ngagunakaeun bahasa Jawa, bari tangtu jamaahna aya nu teu bisa basa Jawa, tapi Khatib mah tetap make basa Jawa. Ieu nu matak jadi reueus teh, urang Jawa mah, masih keneh cinta kana basana sorangan.

Kumaha ari di urang ? Maaf-maaf, pernah ngadon Juma’ahan, di salah sahaiji masjid, didieu di urang, di Bandung, khatibna make Basa Indonesia, tapi ari lentong, lentong Sunda pituin, malah nepi ka dialekna oge apal, yen dialek kitu mah, tangtuna oge ti lembur Anu, bisa kabade. Ngan nu matak jadi prihatin teh, naha henteu make Basa Sunda bae sakalian, ngarah puguh ngomentaranana, da ieu mah jadi pabaliut, basa Indonesia diselang-selang ku Basa Sunda, nepi ka eusi materi jadi paburantak, taya pupurieunana.

Sakali mangsa pernah aya nu minangsaraya, urang Sunda pituin, hayang dipangaturkeun acarana, dina acara Walimatul Urusy anakna nu awewe. Sok rada talete ti dituna mah, rek ku Basa Sunda naha rek make Basa Indonesia cekeng teh. Kumaha jawabna ? Ku basa Indonesia we cenah, Basa Sunda mah asa rada ngampung cenah, nepi ka kitu tah. Bari padahal anjeunna teh urang Sunda, urang lembur malah, anu sapopoena oge make keneh basa Sunda, tapi ari ngajawabna jiga kitu. Na ana der teh dina waktuna, bubuka dina acara ngahaja make basa Indonesia, sakumaha pesenan nu mere “order”. lagu pihak lalaki nyerenkeun panganten lalaki mah, make basa Sunda, bari tamada, rumaos urang Sunda cenah, rek make basa Sunda we. Nu kaeraanana ? Saha deui mun lain Panata Acarana, nu sok beregegeh mamalayon tea, harita keneh ngahaja, acara ka dituna make deui Basa Sunda, nu boga hajat ukur tungkul, nahan kaera.

Malah teu jauh-jauh, aya baraya, dulur deukeut keneh pisan malah, sakalieun menta dipangaeusiankeun acara Syukuran bari ngomat-ngomatan kudu make Basa Indonesia, cenah. Basa Sunda mah isin ku tatangga.
Waktuna ngariung, disidik-sidik teh, lolobana mah urang Sunda, geus puguh kitu mah, der….. weh, ngagunakeun basa Sunda deui bae, nu dina rencana make basa Indonesia teh, kumaha pamustungannana ? nu jadi dulur kukulutus beak karep, era pajarkeun teh, hayoh wae mamake basa Sunda. Lain dongeng eta teh, kanyataan.

Hiji deui, didieu, di lembur, Di Ciborelang, dina bulan Ramadhan nu anyar kaliwat, sakumaha biasa di masjid-masjid sejenna, samemeh shalat Taraweh teh, sok aya Tausyi’ah singget, bekenna mah KULTUM, kuliah tujuh menit, malah aya nu sok nyebut KUTIL oge, kuliah tilu menit, ngadon dicaratet ku barudak, laporkeuneun ka guru-guruna di sakola. Sakalieun ……., aya weh, nu biantarana make basa Sunda, na da barudak teh ngadadak jadi saheng, ngadon ngobrol bari heureuy silih-surungkeun jeung pada baturna. Waktu ditanya, kunaon teu dicatet nu ceramah teh. Kumaha jawabannana ? “Nggak ngerti”, cenah, “Pake basa Sunda !”, nepi ka kitu tah, waktu ditanya teh anak saha-sahana, ih……, na da kolot-kolotna mah urang Sunda tateh, aki-ninina urang Sunda keneh deuih, tapi na ari incu-incuna ?, “Nggak ngerti”, cenah, “Basa Sunda mah susah”.
“Susah mana sama matematika ?”
“Susah basa Sunda atuh !” Cek budak bari molotot. Nepi ka dinya.

Hiji deui keur ngumplitanana, sakali mangsa dina Poe Jumaah, di hiji sakola, khatibna aya halangan teu bisa datang, pangurus masjid kokotengan neangan khatib cadangan can meunang keneh bae, kakarek bubar mere kuliah, pangurus masjid nyampeurkeun : ”Ulah waka mulih”, cenah. “Didieu teu aya khatibna, pangeusiankeun”. Dina saku aya oge konsep khutbah make basa Sunda. “Keun bae make Basa Sunda ? cekeng teh, lantaran apal ti mimiti pupuhu nepi ka handap nu jadi pangurus masjid di ieu sakola teh, urang Padang wungkul.
“keun bae…lah” Cenah, “Ti batan Juma’ahan bubar, alatan euweuh khatibna mah, wirang sarerea”.

Der …… weh, khutbah make basa Sunda, di hareupeun mahasiswa, di hareupeun dosen-dosen nu kabeneran loba urang Padang-na tea. Beres Juma’ahan, rajol nu ngarajak sasalaman, malah babaturan dosen mah aya nu togmol :“Baru pertama kali saya dengar khutbah Basa Sunda, enak mendengarkannya”. Bari ngeukeuweuk leungeun, nyekelna pageuh pisan. Pangurus masjid nyampeurkeun :“Mulai bulan depan dan seterusnya, Bapa akan kami tetapkan untuk mengisi Khutbah disini, biar memakai Basa Sunda juga”.

Tina sababaraha kajadian nu disebutan tea, jigana bakal kakoreh, kumaha susahna, kumaha hesena para pamikir ngokolakeun cara jeung upaya sangkan basa Sunda, jadi basa nu dipikareueus deui ku seke-selerna, ku urang Sunda. Moal rek ngajukeun usul, da yakin balatak para ahlina, kumaha cara jeung alpukah nu bakal diguar ku para ahli, Sastrawan Sunda, urang Sunda.

Ngan aya hiji pangalaman, praktek di lapangan, kerenna mah, di lembur, di masjid gigireun imah, tiap ba’da Shalat Subuh, jamaah masjid tara terus bubar, tapi ngariung deui, antara satengah jam-an mah, nepi ka jam satengah genep paling beurang ge, kira-kira 20 atawa 30 jamaah paling loba, ngaguar deui Al Qur-an, dipesek jeung tafsirna, tina sabaraha tafsir nu jadi rujukanana, Tafsir Ibnu Katsir, Jalalain, Maraghi, nepi ka jucungna Tafsir Ayat Suci Lenyepaneun, beunangna Bapa Moh. E. Hasim.

Anehna tina sababaraha rujukan anu disebutan bieu teh, umumna jamaah masjid teh, rea keneh nu kataji ku basa Sunda anu digunakeun ku Bapa Moh A. Hasim dina Ayat Suci Lenyepaneun tea, basa sastrana asa nyampak, atuh guaranana dina nafsirkeun Surah-surahna estu merenah pisan. Sok komo mun nu macakeunana tapis dina basa Sunda, ti mimiti ngagunakeun dialek, jeung madakeun kosa-kata, bari puguh ngagunakeun titik koma jeung tanda baca sejenna, nepi ka kadang-kadang, mun kabeneran kudu eureun dina kakagokna nafsirkeun teh, rea keneh jamaah, nu ngarasa gantung denge, gantung teureuyeun mun dahareun mah, cenah.

Kasimpulanana, rea keneh sabenerna mah, nu resepeun make keneh basa Sunda teh, ngan nu jadi halanganana nya tadi tea, nu boga rasa ngampung, mun make basa Sunda, rajeun make basa Sunda, pasolengkrahna beak karep, nepi ka tungtungna, aya sabaraha urang Sunda nu ngarasa inggis jeung sieun salah ngalarapkeun basa Sunda, nepi ka kajeun teuing teu make basa Sunda cenah, sieun ngerakeun, alesanana mah.

Lebah dinyana mah pantes, tong boro nu awam atuh, eta we nengetan acara di TV, dina “Bruk-brak”, ngobrolkeun karangan-karangan basa Sunda, tapi panata acarana, dina ngagunakeun basa Sunda, pacampur-pagaliwota jeung basa malayu, lir jalan di kota Bandung, sedan, beca, mobil, sapedah jeung roda dorong aya kabeh, pasolengkrah.

Malah pamustunganana harita, cik cenah, ka pangarang-pangarang Sunda, hirupkeun deui carita-carita jurig nu baheula pernah jadi primadona di tatar Sunda teh. Sangkan etnis Sunda raresepeun deui maca karangan-karangan dina Basa Sunda.

Teu kudu kitu asana, teu kudu muhit deui jurig-jurig nu marakayangan jiga baheula, malah sakudunu mah diajak kana tauhid ka Allah SWT, urang Sunda teh. Salah sahijina, pangarang-pangarang Sunda ngagiring masarakatna sangkan jadi urang Sunda anu Islami.

Cag.

Tidak ada komentar: