Kamis, 11 Desember 2008

ATIKAN : MULANGKEUN PANINEUNGAN

Maca Mangle No.2077 dina "Panineungan", Cocoan jeung Kaulinan Harita, beunangna "Supriatna" estu bener-bener malikan deui mangsa keur budak harita, malah make jeung dipaparah sagala, jigana, nu nulisna teh, enya "Supriatna", umurna sapantaran, dina nyalahanana oge kitu lah, pakokolot supa jigana jeung kuring.
Ari nu matak kataji teh, lebah nyaritakeunnana, asa sarua jeung nu kaalaman ku kuring dina mangsa-mangsa harita, nepi ka keur maca teh pikiran mah asa malikan deui ka mangsa-mangsa keur budak, mangsa-mangsa keur bangorna budak tea, katambah-tambah nuliskeunnana estu tapis pisan, nepi ka dina sababaraha alinea mah aya nu matak imut kanjut, kapiasem ku kalakuan sorangan harita, malah aya nu nepi ka ngehkey sagala rupa, dina lebah alinea anu sarua pisan jeung kalakuan kuring harita, ngan jigana, lebah tempat kajadianana nu beda teh, mun Supriatna mah di Sumedang, tapi kuring mangsa harita mah di Bandung, ngan teu bina, pantaran kuring harita mah kitu pisan kalakuan teh.
Geura eta lebah nyerewuk-nyerewukkeun taneuh sisi jalan, mun geus monclot teh geus teu ku siku deui diteueulkeunana teh, tapi ku keuneung nepi mun budak sapantaran aya limaan teh, kudu limaanana mancerkeun pancuranana teh, ngarah leuwih gede mun katajong batur teh.
Nu teu kaalaman teh lebah gugusuran make upih, da di Bandung mah tangkal kalapa atawa kawung na ge euweuh, embohna teh meureun eta mun gigilindingan, sok make pelek urut beca, pelek nu geus teu kapake, da baheula mah lebah Gang Wiria teh aya garasi beca, ngahaja pelek teh digilindingkeun make regang awi ti tungtung Jl. Siti Munigar beulah kaler nepi ka beulah kidul.
Atuh eta geura, lamun pareng anak entog tatangga malegar, anu masih keneh kumupu cenah, heg ditewak, terus dipangpengkeun, persis jiga budak keur maen panggal tea, da ngayekyek atuh entog kumupu teh, nepi ka paehna pisan, atuh ngontrog nu bogana, nu jadi kolot weh katempuhan, kudu ngagantian.
Panggalna ge harita mah, mun teu meuli ti tukang barabadan di pasar Tegallega, ngahaja ngadon dipangbubutkeun ku tukang bubut di lebah Jl. Pasirkoja tungtung, kawentar panggalna alus didinya mah, panggal semar cenah, nu rada ngahelob di luhurna, rada dipuncungkeun lebah tengahna.
Enya da harita mah keur budak, nu paling dipikaresep teh mun teu nyoo seuneu, nya nyoo cai, sakali mah nyoo seuneu teh kamalinaan, nepi ka dapur tina bilik di imah teh beak sapotong, mun teu kaburu kapanggih ku tatangga nu sabedeng mah, jigana lapur, kahuruan enya.
Ari nyoo cai, diider tempat kokojayan teh, geus puguheun "Centrum" jeung "Cihampelas" mah, eta we Cikapundung ge, dipake kokojayan harita mah, ti mimiti lebah "pabrik kina", di jalan Pajajaran, nepi ka lebah "dam" di Jl. Sasak Gantung, dipake icikibung, malah ka kulonna lebah Gado Bangkong di Padalarang, handapeun rel kereta api, aya tempat icikibung barudak harita mah, caina entong nanyakeun herang henteuna, da pasti lecek atuh, ngan suka we nu puguh mah, aya nu rada herang teh lebah Sadu di Soreang, lebakkeun halteu Sadu, aya susukan rada tarik caina, da dipake icikibung atuh, malah di Dayeuhkolot mah, di Citarum, harita geus lain dipake babalapan deui atuh, tapi paluas-luas ngajleng ka Citarum, tina rel kareta api wetaneun jalan, nepi ka palid keur budak teh, lain heureuy, mun teu pada nulungan ku tukang ngala keusik mah harita, jigana moal kapuluk.
Nepi ka lamun aya babaturan pohoeun deui, mun panggih geus pada-pada kolot kieu, "Oh ! enya inget, si Maman anu palid di Citarum tea nya ?" bari geeerrr ... eta teh saleuseurian.
Ngadu jangkrik, teu kaasup nyandu, tapi ukur boga mah aya diimah, resep teh kana jangkrik konar, warnana coklat semu koneng, nu denger tea geuning sorana, sapeupeuting ngagandengan saimah-imah. Ngala jangkrik sakali-kalieun mah pernah nepi ka Bale Endah, ngahaja milu nangkel kana treuk nu rek ngala keusik ka Citarum, naekna ti PTT ( PT.Inti ayeuna ), ti Citarum mah laleumpang nepi ka Bale Endah, ngan hanjakal beubeunangan teh lain jangkrik kalung, tapi "Colat" pedah aya garis coklatan lebah huluna, hese ngadukeun jangkrik "Colat" mah kudu dina taneuh, di kali ukuran sajeungkal mah, ditutupan maka kaca da bisi hiber, lalajona ti luareun kaca.
Aya deui kaulinan teh, nyaeta ngala kanari, di Jalan Sunda terus ka kaler ka Jl. Sumbawa nepi ka Taman Maluku, ukur mulungan wungkul nu ragrag tina tangkalna, da naek mah teu bisa, jeung ongkoh deuih ari nu ragrag mah geus karolot kanarina teh, dikerik ku beling sina lemes, geus lemes dihampelas, diherangkeun ku bebek muncang, nu dibungkus ku kaen urut, sagede indung leungeun, nepi ka leucir kanari teh, dibandingkeun jeung nu sejen paherang-herang.
Bosen ngala kanari, diteruskeun ku ngala kembang tanjung, ieu mah ngalana lebah jalan Balonggede, ti mimiti parapatan Balonggede - Pungkur nepi ka sakola Pasundan, baheula mah rajeg tangkal tanjung, buahna sok rajeun didahar, ngan sok nempel koneng dina huntu, jiga Sawo Walanda, nepi ka teu pati beuki, jeung ongkoh harita mah ngala kembang tanjung-na ge sok ngahaja jeung barudak awewe, ditaliiran make benang kanteh. malah sok ngahaja silih jangjaruhkeun keur papangantenan cenah, dikangkalungan ku kongkorong tiiran kembang tanjung.
Nu tara miluan teh mun lebah usum hujan, mun batur huhujanan bari cecerewetan, harita mah teu bisa milu, ukur ningali we tina jandela, sok dicarek huhujanan mah ku kolot teh, lantaran ti bubudak boga panyakit asma, panyakit mengi cenah harita mah nyarebutna ge, malah sok jadi pamoyokan babaturan : "Si Maman mah, jiga embe, teu kaop kahujanan, tuluy we mengi" nu sok riweuh teh nu jadi Emang, mun kabeneran kanceuh, katempuhan kudu ngagandong ka mantri ngadon disuntik di Gang Jaksa, wetaneun TK Gembira, mun teu kitu ka Dr. Sunarko Sunaryo di Jl. Dewi Sartika.
Paling ge mun hujan geus raat, kakara bisa kaluar ti imah, ngadon nyieun paparahuan tina keretas, ditilep-tilep, ngadon dibalapkeun dina kamalir di sisi jalan Siti Munigar, ti mimiti totogan Gg. Adikacih nepi ka pengkolan Gg. Wiria, mun pareng eleh teh, kitu tea we ngahaja ditenggor ku talawengkar, sesemplekan kenteng, malah tampolana ngahaja diwejek.
Tapi ari maen langlayangan mah asa dihucuhkeun ku Apa teh, asal ulah ngarucu cenah, bisi cilaka. da eta we mun pareng angin ka kulon teh, mata teh nepi ka belek atuh, da terus-terusan ngalawan panonpoe meureun, kapok ari ngadon ngarebol mah, lantaran dampal leungeun pernah soek ti mimiti cinggir nepi ka curuk parat, jigana gelasan nu eleh teh ditarik satarikna kunu bogana, nepi ka waktu direbol teh gelasan dina dampal leungeun teu bisa kapegatkeun malah jadi raheut, aya mingguna.
Osok eta ge mimitina mah ngagelas ku sorangan, make bubuk beling urut bohlam dirieus disaring ku kaen bubututan, nepi ka lemes jiga tipung atuh beling teh, tapi angger maen teh sok elehan keneh wae, tungtungna sok ngahaja dipangmeulikeun gelasan ti Jalan Karang Anyar, gelasan warna beureum, beken harita mah gelasan "si Pego" cenah, bosen jigana Apa mangmeulikeun gelasan ti Karang Anyar, aya deui tukang gelasan di Gg. Lebe, bosen gelasan ti Gg. Lebe, ngahaja menta gelasan kanu jadi Emang di Garut, gelasan hade pisan harita mah ti Garut teh, gelasan warna hideung meles, nepi ka euweuh tandingna harita mah, malah kabehdieunakeun mah nu jadi Emang teh pernah jadi juara sa Jawa Barat sagala, ngadon maen langlayangan di Lebak Siliwangi, meunang hadiah ti Gupernur.
Langlayanganana bisa nyieun sorangan harita mah, rada alus deuih rarasaan mah buatan sorangan teh, da eta we sok kapake ku batur teh, malah ngahaja ngurihit ka Apa, menta dipangmeulikeun peso raut ti Cisondari, pedah aya panyawah di Ciwidey, sakalian titip, atuh dipangmeulikeun teh peso raut anu hade pisan rarasaan harita mah, pedah peso rautna make jeung disarangkaan sagala, jiga bedog.
Nyieun katepel ge geus lain make dahan jambu batu nu cagakan tea deuih, tapi geus make dahan anu buleud sagede pipa pralon, keur ngaitkeun tali karetna, ngahaja dikorowek ku peso raut, karetna ngahaja meuli ka Jalan Astana Anyar, kiduleun bioskop Siliwangi, tuntung handapna ngahaja diukir dihade-hade, cetaan "jiga nu kuring pisan", ngahaja sok dibawa ari ngala kembang tanjung, sakalieun keur ngatepel buah tanjung nu geus asak, nu geus beureum, sok resep mun sakalieun barudak awewe nginjeum katepel teh, waktu dikeupeul teh, da ngajerete atuh, ngaragap ukiran katepel jiga kitu, tungtungna kapan moyokannana beak karep harita mah, pajar teh : "Maaan.... toleot, awak si Maman peot". cenah.
Komo mun geus nyieun kekedokan tina bubur keretas koran, keretas koran teh disoehan dileutik-leutik, dicaian tuluy dibebek nepi ka jiga bubur, geus jiga bubur dicampuran aci sampeu, terus ditaplokeun kana tanah liket anu hideung meles, meunang ngala ti Tegallega beulah kaler, harita mah aya paranti ngala tanah liket teh, taneuh liketna diemple-emple, ngan tara payus wae, angger we hasilna teh jiga gambar Gajah Mada dina buku Sejarah tea, nepi ka waktu dipake teh, ku Apa sok digeuhgeuykeun : "Kade keh waktu dibuka kedokna, angger jiga kitu".
Ari di Tegallega beh kidul mah, aya tempat khusus paranti latihan taruna pulisi harita teh, aya paranti teterekelan naek kana benteng kai, aya paranti ngangsrod, anu dina saluhureun sirah bari ngadapang teh diwatesanan ku pager kawat, aya paranti leumpang dina leunjeuran kai sabeulah wae, keur ngalatih kasaimbangan awak jigana. Nu pangresepna di tempat eta teh, nyaeta tempat diajar ngajlengan babalongan, anu ditengah babalonganana aya tambang dadung pikeun ngagulantungna sangkan bisa ngajleng ka peuntas, persis jiga "Tarzan" keur ngagulantung dina akar tea geuning, ari nu jadi matak resep teh, mun pareng aya nu tikosewad, atawa teu bisa ngahontal tambang dadung tea, pasti tigujubar kana babalongan tea, sedeng dina babalongan teh pinuh ku lentah wungkul, jadi mun aya nu tigujubar teh, waktu hanjat mah pasti awak teh pinuh ku lentah, nu pangdipikagimirna harita, mun pareng aya lentah munding napel kana tonggong, da bibirigidiganana teh geus lain caturkeuneun deui, lantaran ongkoh babalongan harita sok dipake guyang ku sabubuhan munding nu dikencarkeun di lapang Tegallega, malah inget keneh ngaran munding nu jadi ketua kelompokna ge "si Baplang", pedah tandukna panjang pisan meh sadeupa kolot, ngelukna teh lebah tuntungna we wungkul.
Nyieun empet-empetan mah, mun pareng waktu panen, ngahaja ka Cigereleng wetaneun Gg Mulya, tina tungtung jarami teh ukur dipencet-pencet ku curuk jeung indung leungeun bari dipuntir-puntir, handapna bari dirojokan, nu apal harita, bari ngarojokan handapna teh sok bari dihariringan : "Ojok-ojok uang aung, ngarojokan nu disaung, ojok-ojok uat-uat, ngarojokan nu dibuat", waktu dicobaan teh bari ajret-ajretan, da bisa disada.
Atuh jajaneun aya embohna, henteu ngan ukur wawayangan tina gaplek wungkul anu warna beureumna semu gandola teh sok ulaweran kana biwir, nyaeta japilus nu sok bari dibarengan ku ngahariringkeun sesebred atawa wawangsalan, malah tampolana mah sok rada cawokah ngahariringna teh. Nu nineung mah tukang "gulali" sok nagog di hareupeun sakola, nu matak nineungna teh waktu motong gulali, ku beusi urut per mobil jigana mah, jeung geus herang ngagenclang deuih, mun keur motong teh sok dilagukeun : "Domba nini, kencar-kencarkeun" cenah. Diturutan ku barudak bari nyentreu-nyentreukeun bujurna ka tukang ka hareup, matak suka.
Ngan anyar-anyar ieu sareretan pernah di TV, teuing stasion mana teu apal, aya gambar toong, warna beureum harita mah, dina TV ge harita masih kitu, gambar toong teh sok dirariung ku barudak, pedah eta nu lalajona, persis jiga nu keur noong, malah sok ngahaja lebah panon teh sok ditungkup ku ramo, supaya cahaya ulah aya nu asup kana gambar, bari dikomentaran ku si emangna, mun ayeuna mah make "narasi" meureun, di surupkeun jeung sora "Akordeon", ngan angger, "narasi" teh ngadongengkeun keur "jaman Jepang", jeung "jaman proklamasi" we wungkul teu robah-robah, nepi ka sora geus peura ge.

Enyaan waas.


-----mmd---

Tidak ada komentar: