Tampilkan postingan dengan label BASA SUNDA : ESSAY. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label BASA SUNDA : ESSAY. Tampilkan semua postingan

Minggu, 01 Maret 2009

Essay : Buruan Batur Mah Sok Leuwih Lendo

BURUAN BATUR MAH SOK LEUWIH LENDO


Dua bulan campleng asana Abah teh teu ngeusian blog deui, teu ngabibisani eta ge sakapeung mah sok aya mangsa-mangsa anu karasana teh, hambar, teu aya eusian, keur teu parurun, malah sok diplesetkeun ku barudak mah “sedang tidak mood” cenah. Abah ge nya kitu kamari teh.
Ari pangpangna mah waktuna ngahaja dipake ningalian blog batur, ti mimiti blog nu aya patula-patalina jeung elmu pangaweruh umum, agama, basa Sunda, malah anu patula-patalina jeung hobi ge ngahaja ku Abah teh dilongokkan, jadi pulsa telpon teh hamburna dipake ngacacang jalan-jalan didunya maya.
Kacindekan anu bisa kacatet saheulaanan, persis nu jadi jejer dina ieu tulisan, “Buruan Batur Mah Sok Leuwih Lendo” ieu teh hiji ungkapan anu sabanerna mah, tapi anu rek ditulis ku Abah lain ungkapanana tapi estudina harti anu hakikina, lantaran nyaeta kitu, waktu ngalongokan blog nu lian teh, disidik-sidik mah enya buruan blog na teh nu batur mah harade nakeran, ti mimiti buruannana katut eusi blog anu diturilisna oge, estu harade pisan, nepi ka lamun ningali “Template” Abah dina blog ieu, asa matak jadi “rendah diri” cenah, pedah ari blog Abah ti mimiti buruanana nepi ka eusi tulisanana ge, asa teu sataikukueun tulisan-tulisan nu lian.
Da eta we sakali mah ngalongok blog nu hobi nguseup, teu ngahaja awalna mah, pedah aya sobat Abah ti bubudak nu hobina nguseup, jorojoy weh hayang ngalongok blog nu hobina nguseup tea, na ari dilongok teh blog-na enyaan lain gawe iseng jiga Abah, da ieu mah istimewa we ceuk Abah, ti mimiti buruanana nepi ka eusi artikelna, geura we waktu nerangkeun kumaha carana ngalungkeun jeujeur, kumaha carana nyieun eupan, kumaha carana ngarawat jeujeur, malah nepi ka kumaha carana ngarawat alam sabudeureunana di tempat nguseup, estu ditataan kalawan telik jeung jentre deuih, teu nyangka tuda, nu ceuk saliwatan mah geura, nu keur nguseup di Cirata atawa di Saguling we nu aya di tatar Sunda, dina rakit ngajajar saurang-saurang asa teu pira, tapi waktu nulis dina blog-na, estu katingali ahlina teh, malah tulisanana,”ilmiah” pisan ceuk barudak mah. Eta hiji.
Terus aya deui, Abah ngalongok tulisan siswa SMA, oge nya kitu keneh, buruan blog-na teh ku hade pisan ceuk rarasaan Abah mah, nyeni meureun “Template” nu katingalina teh, terus waktu dilongok tulisan-tulisanana, enyaan matak helok, najan karek siswa SMA tulisanana geus jiga tulisan pangarang moyan, malah tulisanana teh siga nu geus dialajar mata kuliah “Methode Research” tea, pedah tulisanana make data-data nu ditembrakkeun pikeun nguatan artikelna, ah....... pokona mah garinding we, sok sanajan dina kaca-kaca sejenna aya oge tulisan-tulisan nu make gaya basa barudak siswa pantaranana.
Ari terus ditingali deui blog Abah sorangan, estuning standard pisan, estu biasa-biasa pisan, taya onjoyna, nepi ka aya gerentes dina hate, eureun we kitu ngeusian blog teh, pedah teu kaudag geuning ku Abah mah ngudag-ngudag pangaweruh dina dunya teknologi informasi teh, asa boyot wae, jigana lain keur pantaran Abah meureun pangaweruh ieu teh, macaan bukuna mah ngahaja macaan, ngeunaan internet, ngeunaan blog, ngeunaan e-mail, tapi hih.... angger we hese, mindeng ngajeten. Ceuk barudak mah : “Hese inget gancang poho”. Enya jigana mah kana kitu Abah ge.
Da eta we, ku hese-hesena ngarti teh, keur ngaguar tulisan sangkan loba nu maca atawa nu nganjang kana ieu blog ge, ku teu bisa-bisa wae Abah teh, akibatna nya nu tadi tea, lila weh Abah teh teu nulis deui, meh dua bulan campleng, lain waktu-waktu sakeudeung, malah kapan ceuk para ahli nu nulis dina blog teh, ulah lila teuing ninggalkeun tulisan, kudu mayeng cenah, mun bisa unggal poe eusian, lain teu nyaho eta ge, kapan ceuk tadi ge, ku teu purun tea jeung ku rasa rendah diri meueun nya, pedah ningali blog batur mah ku harade pisan.

Selasa, 06 Januari 2009

ESSAY : MUKA LAMBARAN ANYAR DINA TAUN 2009

MUKA LAMBARAN ANYAR DINA TAUN 2009

Libur keneh barudak sakola mah ayeuna teh, tanggal 12 Januari 2009 karek arasupna deui sakola dina semester anyar, akhir Desember teh dibaragi Rapot, sarua jeung mahasiswa samemeh dibagi Rapot teh aya heula UAS, ujian ahir semester, nu matak jadi reueus teh, awalna mah pedah kapapancenan kudu ngajar Basa Sunda disalah sahaji sakola lanjutan, lain pedah pendidikan ti Jurusan Basa Sunda, wuuuh ... jauh tanah ka langit, jigana mah nu ditingalina teh pedah tiheula sok aya tulisan-tulisan anu dimuat dina Majalah ”Mangle”, jeung kasebutna sok mere kuliah, terus weh dipentaan tulung ku tatangga mun aya keneh waktu mah, pangajarkeun Basa Sunda cenah, pondok carita ditarima weh.
Balik deui kanu jadi kareueus tea, dina ujian ahir semester teh, ngahaja nyieun soal anu jawabanana kudu ditulis ku aksara Sunda ”Kaganga” tea, ngan supaya siswa teu heseeun ngajawabna, ngahaja dilampirkeun koncina, ngahaja deuih runtuyan abjad na ge nu geus ku komputer tea, angkanan teh asal siswa bisa nuliskeunana we heulaanan, da ari sina ditalar mah, kacipta ti awal keneh moal pati bisaeun, bubuhan ngajar aksara Sunda teh ukur ku waktu dua minggu beres, inget keur dina Pelatihan Pa Yus Rusyana ngomat-ngomatan, asal siswa resepeun we heulaanan, cenah.
Bubar ujian, para guru anu ngawas ujian, nyalampeurkeun malah aya nu togmol pisan, hayang ningali pelajaran Aksara Sunda leuwih deukeut cenah, pedah baheula arinyana nyaho aksara Sunda teh ”Hanacaraka” we, ”Cacarakan” tea. Diterangkan eta ge ”Hanacaraka” mah Aksara Jawa lain Aksara Sunda, bari dina jero hate mah kuring ge nyeungseurikeun maneh, da sorangan ge karek engeuh teh anyar-anyar ieu we, pedah eta ge pernah milu Penataran Basa Daerah di Lembang.
Reueus teh, barudak katingali daria ngajawab soalna, meureun resepeun nu matak kitu ge, oge ti lingkungan masyarakat, sanajan saeutik aya keneh nu merhatikeunana, ngan jigana ka para tokoh jeung inohong Sunda, kudu leuwih soson-soson deui mekarkeun aksara Sunda, sangkan masyarakat Sunda leuwih apal kana aksara Sunda-na, komo mun dibantu ku Pamarentah Daerah-na mah, da geuning di daerah Jawa mah, ngaran-ngaran jalan ge ditulis ku aksara Jawa, najan handapeunnana. Matak naon di urang ge kitu.

Kamis, 11 Desember 2008

( BASA SUNDA ) ESSAY : NGAMA'NAAN TULISAN

Mun pareng nguji mahasiswa dina ujian akhir atawa keur ngabingbing mahasiswa nu keur nyusun skripsi, sok rada cerewed teh palebah tulisanana, komo mun pareng manggihan kalimat nu salah ngetikna, sok pangcerewedna rarasaan mah, malah sok bari ngagelendeng sagala rupa ka para mahasiswa nu pareng tulisanana loba salah ngetikna teh, malah sok diembohan ku kalimat saperti kieu : “Skripsi ieu teh mangrupa tulisan hidep atawa karya hidep anu panggedena nepi ka danget ieu mah, nepi ka hidep bakal boga harepan, yen karya hidep ieu teh bakal dibaca ku balarea, bakal dibaca ku masyarakat umum, malah kuduna memang kitu, skripsi ulah ngan ukur jadi eusi perpustakaan sakola wungkul, tapi kudu bisa dibaca malah kudu nepi ka bisa digunakan ku masyarakat, tapi hal ieu pamohalan kahontal mun tulisanana masih keneh balatak salah ketikna, lantaran pasti nu maca ge boseneun manten memeh parat macana”.
Tah, lamun geus nepi kadinya, lamun skripsi geus loba salah ketikna kitu, skripsi teh sok dibalikkeun deui ka mahasiswana, supaya diomean heula, bari tangtuna sok dituduhkeun heula dilebah mana-manana kalimat anu salah ketikna tea.
Nu rada mindeng kapanggih dina kecap “datang” sok jadi kecap “dating” dina skripsina mah, mun dina basa Sunda mah kecap “teh” sok robah jadi “the” geus teu aneh deui eta teh.
Dina “MANGLE” NO. 2075 dina “Lawang Saketeng” aya ajakan ka para mitrana sangkan bisa nuliskeun pangalaman lalampahanana, boh keur tugas atawa keur naon bae, sangkan bisa “sharing” jeung para mitra para langganan “MANGLE”.
Memang panggampangna nulis mah, lebah nuliskeun pangalaman pribadi, samemeh nyieun karangan atawa novel teh, saperti mangsa keur rumaja baheula nulis dina buku harian geuning, sakitu galecokna pan.
Coba geura dam un leukeun mah, ulah jauh-jauh, dina kareta api we, mun pareng merhatikeun leuwih teleb mah, da bisa jadi tulisan anu panjang ngemplad, ti mimiti ngariegna gerbong kareta nu katarik ku lokomotif, terus sora handaruanana kareta waktu keur laju dinu sakitu tarikna, nepi ka ruag-riegna kareta kabawakeun tarikna lokomotif, estu matak pogot nuliskeunana pikeun nu geus biasa nulis mah, tapi pikeun urang ge nu teu biasa nulis, bisa dilatih, asal keyeng tea, pan nulis buku harian ge baheula bisa.
Malah geura eta mun nengetan para panumpang kareta, da matak resep atuh sabenerna mah, ulah jauh-jauh, eta we nu gigireun urang, hareupeun atawa tukangeun urang, kapan mun ditataan mah geura, aya nu jongjon wae maca koran, aya nu nundutan wae, aya nu ngobrol bari jeung pepeta bae, malah aya nu tungkul we geuning ningali kaluar, jiga nu anteng merhatikeun tihang telepon nu jiga keur lulumpatan tea.
Komo meureun mun pangalaman-pangalaman lalampahan nu rada lega ambahanana, nu jarah ka Mekah tea, nu tugas ka Amerika tea, ka Eropa tea, pantes pisan mun dijadikeun tulisan teh, keur “sharing” jeung para mitra nu mikacinta “MANGLE” cenah.
Ngan titip teh nu tadi tea, lebah nuliskeunana, usahakeun ulah aya salah ngetikna, komo nepi ka salah nempatkeun kalimat mah, bisi nu maca salah ngama’naan eusi tulisanana, atawa teu mustahil nu maca geus boseneun manten, samemeh tamat macana.
Ari nu jadi sabab, entong boro nu karek aya kahayang nulis, ieu mah di “MANGLE” na sorangan, anu cenah geus puluhan taun terbit teh, nepi ka poe ieu, masih keneh balatak salah ngetikna, teu ngaleuleungit eta ge, mun tea mah aya kalimat nu kurang merenah dina konsep tulisan sok dibenerkeun langsung ku para “editor” na, tapi tetep nepi ka “MANGLE” nu pang akhirna, salah ngetik mah aya keneh bae.
Geura ieu urang guar nu aya dina “MANGLE” nu pangakhirna katarima we, nomer 2075, dina kolom “Koropak” kolom nu ka hiji, “katembong” ditulis jadi “kateumbong”, “rada resik” ditulis “rasa resik”, “Parisj van Java” ditulis “Parij van Java” teu make huruf “s”, dina kolom nu kadua, “mugia bae” ditulis “mugia baer”, dina kolom nu kaopatna “keur barudak nu lalulus” maksudna mah jigana “keur barudak nu teu lalulus”.
Terus dina kolom “Katurug Katutuh” kolom nu kadua “Asa mobok manggih gorowong” ditulis “Asaa mobok manggih gorowong”, kolom katiluna, “sorangan” ditulis “soarangan”, kolom kaopat “antara” ditulis “anatara”, kolom kalima, “Diitung” ditulis “Ditung”, “Mun” ditulisna teu make “n” jadi “mu”, “ditanyakeun” ditulisna “ditanykeun”, dina kolom nu kalimana, “aras-urus” ditulis “uars-urus”
Dina kolom “Esey” meunang H. Usep Romli HM, ungggal kolom ti anu genep kolom teh, aya salah ngetikna, kolom kahiji “bisa” jadi “bias”, “pinuh” jadi “pinu”, kolom kadua “sagala” jadi “sagal”, “pikeun” jadi “pikeu”, kolom katilu, “tumiba” jadi “tumba”. Dina kolom kaopat mah, aya kecap “rokata” duka teuing tina naon kecap asalna.
Dina kolom “Munara Cahya” nya kitu keneh, dina kolom anu katilu “kaayaan” jadi “kayaan”, dina kolom nu kaopatna mah “nu mecak dibandungan” teuing naon ma’nana, sarua jeung dina kolom anu kagenep, kecap “sagala rohaka” duka teuing timana asalna.
Dina kolom “Barakatak”, dina kolom “Prang-pring” malah dina “Kolom” ge nya kitu keneh. Loba keneh pisan nu salah ngetikna.
Duka tah nu sejen, para mitra nu mikacinta “MANGLE” teu aya bejana ngaributkeun hal-hal nu saperti kieu, duka pedah ngama’lum, duka teuing teu wanieun, pedah “MANGLE” mah geus puluhan taun tea, ngokolakeun majalah Sunda teh, nepi teu wani ngiritikna ge.
Padahal, mun tea mah oplah “MANGLE” teh nepi ka 5.000 exemplar weh, mun sa exemplar di baca ku tiluan we, meureun nu maca teh aya kana 15.000 urangna. Hartina 15.000 jalma nu salah maca kecap atawa kalimat dina majalah “MANGLE”
Peureus memang, tapi mangrupa kanyaah ti anu mikacinta “NYI MANGLE”.