Rabu, 29 Oktober 2008

ATIKAN "URANG DIAJAR NGARANG YU...... !

Asa kaleuleuwihi saliwat mah mun teu disebut pamohalan oge, baheula waktu di Tanah Suci, mun jamaah lian ngado’a di Multazam teh rupa-rupa kahayang jeung cita-cita nu direkeskeun ka Allah teh, malah pamajikan ge teu eleh geleng cenah, ngado’akeun barudak sing jadi jalma anu shaleh, katut bapana, jigana.

Tapi ari kuring, asa cetek naker pangrasa mah harita, waktu munajat teh :”Yaa Allah Yaa Rabbanaa, jantenkeun abdi, sadugina ka lembur deui teh sing janten jalma anu tiasa pidato”. Enyaan kitu, teu kurang teu leuwih. Waktu dibejakeun ka pamajikan, yen kuring hayang bisa pidato, da nyeuleukeuteuk atuh pamajikan teh harita mah, batur mah hayang beunghar hayang naon boa sagala disebutan, ari ieu ngan ukur hayang pidato, asa cetek pisan cenah.

Kieu cekeng teh dibejakeun alesanana ka pamajikan :”Kolot-kolot urang teh jaga bakal narungtutan naringgalkeun urang, nya laun-laun mah urang teh bakal ngolotan, malah bakal dipikolot ku anak-incu urang jaga, Ema jeung Apa ge tangtu bakal digantikeun ku urang, ceuk sareatna mah kitu, najan hakekatna mah urusan Allah, tapi kudu we siap-siap mah keur ngagentos aranjeunna, ayeuna aya keneh Ema jeung Apa, teu susah mun naek kana podium dimana bae oge, da puguh manukna kitu. Ari Urang ? can tepi ge kana podium, tuur teh geus ngeleter jiga nu lilinieun, kesang tiis mah geus karuhan, teu puguh rasakeunana, bisi sakalieun aya nu minangsaraya pikeun nyuluran Ema atawa Apa teh, piraku kekepehan nyebutkeun teu bisa”.

Samulangna ti Tanah Suci, do’a nu hayang bisa pidato teh terus jadi impian, malah diikhtiaran jeung usaha sagala rupa, milu kursus Imam Khatib di Masjid Raya Jawa Barat, Masjid Agung keneh harita mah ngaranna ge, meulian buku-buku ngeunaan pidato, ti mimiti buku-buku karangan lokal nepi ka buku-buku karangan mancanagara, ngeunaan pidato mah ngahaja dibaca deui, dipake latihan.

Kabehdieunakeun, karasa aya keneh nu ku urang mun diimeutan tina perkara pidato dina podium teh, geura we, nu ceramah boh dina seminar-seminar atawa penceramah di majlis-majlis ta’lim upamana, sakumaha capetangna nu pidato, sakumaha pikaresepeun eusi materi nu diceramahkeun, jarakna ngan ukur tina podium kana kana korsi, tina panggung pidato ka tempat jamaah, teu kurang teu leuwih, bubar acara mah bubar sagala eusi pidato teh, teu terus napel dibawa ka imah, bisa jadi nu ngaluuhan ceramah teh aya kana puluhna rebu jalma, tapi da buktina mah, henteu bisa ngarobah tapak lacak sapopoe jadi tingkah polah anu luyu jeung anu ditepikeun dina pidato ?

Buktina ? tingali we jamaah urang kasisi-kagigir, anu cenah 90 % muslim teh, anu teu weleh dipukpruk ku ceramah jeung pidato unggal usik, dina radio dina televisi meh unggal Shubuh aya, teu metu pikeun ngarobah tingkah polah umat jadi tingkah pola anu ditungtun ku aturan agama anu Islami. Anu jadi marga lantaran ? Taya lian eusi ceramah, ngan ukur tina biwir para Da’i kana ceuli mustamina, teu kurang teu leuwih ngan sakitu jarakna ge, nu paling matak prihatin nalika mubaligh sohor, atau Da’i kondang ngantunkeun alam pawenangan, eusi ceramah anu pernah jadi kameumeut jamaahna teh, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana.

Ana kitu, para ahli pidato atawa orator ulung anu sakumaha pikanineungeun jeung dipikameumeutna teh dina mangsana mulih ka jati mulang ka asal mah, eusi pidato atawa pituah jeung pituduh-pituduh moral agama anu ditepikeun dina pidato bakal milu carem mun teu diagendakeun jadi tulisan atawa jadi buku.

Mun tulisan naha rek Carpon, Bahasan, Kolom atawa Munara Cahya, malah eusi surat saperti “Surat Ti Barli ka Ramadhan” ge, kapan sakitu matak pogotna, sakitu nyugemakeunana, malah bakal mibanda ajen anu leuwih luhur batan pidato, geura we mun kuring pidato atawa khutbah di masjid gigireun imah, paling-paling ukur dua ratus urang jamaah nu ngahadiranana oge, da masjidna oge ngan ukur sakitu jamaaheun, bari tampolana bubar ceramah atawa bubar khutbah teh, bubar we taya tapak-tapakna acan, amanat agama anu ditepikeun dina ceramah the, teuing kamana boa. Tapi mun tulisan di muat dina “Munara Cahya” upamana, paling copek eusi materi bakal kabaca ku 5.000 urang, lamun majalah Mangle oplahna ngan ukur sakitu.

Karangan “Carpon” nyakitu keneh, geura we baheula keur leutik pernah maca karangan-karangan Bapa Ahmad Bakri, kadieunakeun dibukukeun deui jadi “Dukun Lepus” gahar deui we, seger jiga baheula kaalaman deui, karesep jeung kameumeut anu puluhan taun kaliwat teh, kaalaman deui bari tangtu bakal kakoreh ku generasi sapandeurieunana. Malah kabehdieunakeun mah carita-carita pondok nu pernah dimuat dina “Mangle” baheula, dibundel deui jadi “Kanagan”, karangan-karangan ti pangarang nu geus taya dikieuna ge kaungkab deui. Pidato mah pan moal bisa jiga kitu.

Malah bakal leuwih punjul deui jigana mun nepi ka mampu nulis jeung nyieun buku, lantaran tulisan atawa buku paling copel bakal mawa kanu macana pikeun ngarubah tingkah polahna sapopoe, contona buku-buku anu ditulis ku pangarang-pangarang heubeul, kitu deui buku-buku agama nu ditulis ti abad beh ditu, bisa kakoreh deui mangsa kiwari.

Mun geus nepi kadinya, jigana urang teh geus kudu mitembeyan deui sangkan bisa nuliskeun naon-naon nu jadi buah pikiran boh dina hirup kumbuh sapopoe, atawa dina didikan agama jeung darigama, timana we mimitina mah, naha rek nuliskeun pangalaman pribadi, nuliskeun fiksi boh nu lain fiksi teu jadi masalah, nu penting kari prakna, rek nyieun surat ge pek teh teuing, pan tadi ge “Surat Ti Barli Ka Ramadhan” sakitu tegepna.

Nu penting kari prakna, da mun geus prak mah, rek dikirimkeun ka redaksi mana bae teu halangan, malah pan “Mangle” mah narima tulisan naon bae, nu sakira layak muat mah pasti dimuat. Ngan nu pasti sing apik ngetikna, ulah balatak teuing omeaneunana, malah mun bisa mah sing telik ulah nepi ka aya nu salah ngetik sagala tea, hal ieu teh terus terang wae “Mangle” ge kadang-kadang loba salah ngetikna, sing apik jiga Atang Ruswita Almarhum baheula, nulis ngaran rumah sakit Boromeus ge, dipariksa bener henteuna, “R” na teh aya dua atawa hiji.

Henteu, teu aya tiorina nulis atawa nyieun karangan teh, pan cek Arswendo oge cenah ngarang teh gampang, malah kapan aya nu nyebutkeun, mun tulisan atawa karangan jiga nu ngobrol, ngaguluyur, jiga nu keur ngadongeng teh kapan leuwih luhur ajenna, saperti “Ucang-aceng Angge” beunangna Ayip Rosidi.

Ngan nu pasti, mun tulisan atawa karangan dikirimkeun ka majalah atawa koran, kudu ditalungtik heula koran atawa majalah nu rek dituju, naon jeung kumaha visi-misina, bisi karangan atawa tulisan urang teu sapuk jeung koran atawa majalah nu rek dituju.

Mun geus kitu, urang diajar ngarang atuh yu……… !.

DAKWAH "TAUBATAN NASHUHA"

Gusti ....... geuning umur abdi teh ngolotan, teu karaos ujug-ujug terang tos kieu we, tanaga ngirangan kalah beuki suda, buuk mah tos puguh, sanes paselang deui antara hideung jeung bodas, ayeuna mah meh rata bodas teh pacampur jeung hawuk.

Careham ge nungtutan coplok ku maneh, nu nyesa ukur tuturusna, kitu ge tos teu mampu deui pikeun nyapek nu rada teuas, hiji-hijieun aya nu walagri keneh ge, saeutik-saeutik marekplekan, sisina heula, lami-lami ngalegaan ka beh tengah.

Mondok tos teu kaur reup, ayeuna mah, ku seringna pulang anting ka paturasan, ngadon miceun jeung kahampangan, beser teh sanes babasaan, estu kaalaman ayeuna.

Panuyun Nabi, mun pareng mondok teu tibra teh, gunakeun saurna pikeun qiyamul lail, sanes……, sanes teu emut eta ge, nanging diri pinuh ku kokotor keneh, rereged nafsu dunyawiyah nyangkaruk keneh na hate, malah pasolengkrah jeroeun dada. Waktos pikeun qiyamul lail teh udag-udagan jeung nongton maen bal.

Memeh madep kapayuneun Gusti teh, kahoyong mah meresihan hate heula, da piraku mun abdi madep teh jiwa raga masih lamokot dosa, teu sae mayunan Gusti dina kaayaan abdi nu masih keneh jiga kieu.

Sok sanaos, saur Gusti dina Al Qur-an, surat Al baqarah ayat nu 222 :

Innallaaha yuhibbut tawaa biina wa yuhibbul mutathah hiriin

Saestuna Allah mikacinta jalma-jalma anu tarobat sareng mikacinta jalma-jalma anu suci.

Atanapi dina surat An Nur ayat nu 31 :

Jeung mangka tarobat anjeun sakabeh ka Allah, he..… jalma-jalma anu ariman, supaya aranjeun meunang kauntungan.

Ari nu janten marga lantaran, mun ditataan gemet, satincak saparipolah ti awit abdi sawawa, tug dugi ka kiwari, sangkan manjing timbanganana, beurat mana beurat mendi, mun ditimbang di Yaumal jaza, jaga.

Asana teu aya pupurieunana pisan, teu kedah dietang ku para malaikat, utusan Gusti, anu pamohalan kaliruna, ieu mah etangan jisim abdi wae, nu sok masih keneh hoyong genahna tea, natrat katingali, malah eces, dengdek na teh seueur ka kenca.

Nya kitu deui, ibadah abdi ka Gusti, upami ditataan mah, teu aya juru-jerena - juru-jerena acan, asa pamohalan kana ditampi, mun tea mah teu aya rahmat Gusti, Anu Maha Welas Asih tur Maha Heman ka makhluq-Na, jigana jisim abdi teh ngan wungkul jadi caduk naraka.

Sanes........, sanes wungkul pedah panggoda setan laknatullah, atanapi pangbibita iblis, da eta mah tos ebreh, natrat, nu puguh mah nafsu we nu teu weleh dipiara, dimumule, sina nyangkaruk dina kalbu. Sangkan batur jenuk balarea ngauluh-uluh salalawasna, paling copel matak hookeun nu lian.

Hapunten Gusti......., saur Nabi ge, nu kitu teh kapan riya tea, hoyong katangar, pada ngabageakeun ku batur salembur, sanes deuih...... sanes teu dugi panggeuing ti Nabi ka jisim abdi, malah ku pun biang ku pun bapa ge, tos karuhan ku para ulama ge, nu janten warasatul anbiya, panggeuing mah teu kirang-kirang, mung ieu hate, estu teuas tanding batu.

Hoyong...., hoyong pisan malah, jisim abdi madep ka payuneun Gusti teh, nanging sateuacanna, hoyong nembrakkeun heula kaabot hate, hoyong meresihan heula diri, bilih kamari seueur keneh ngagugulung dosa sareng kalepatan.

Komo nu dipikapaur teh sieun aya tincak sareng lengkah nu harib-harib midua Gusti, alatan jisim abdi nu teu sadar, malah teu mustahil dilakukeunana bari pinuh ku kasadaran.

Nu mawi, dina mitembeyanana madep ka Gusti teh, jisim abdi neda sih hapunten-Na tina samudaya kalepatan sareng kaluluputan, ti awit jisim abdi nincak sawawa, tug dugi ka danget ieu, tos puguhing nu teu karaosna, da ieu mah seuseueurna ge, nu karaosna pisan, malah seueur nu bari dihajana pisan.
Da saleresna atuh, upami teu aya rahmat Gusti, jigana..... jisim abdi mah kalebet ka jalmi nu pangrugi-rugina, boa janten eusi naraka-na ge beh ditueun ti kerak na.

Oge dina ibadah, tadi ge dipayun disebatkeun, teu satai-kukueunana, ari margina, teu ngabibisani, seuseur ibadah anu dilakukeun teh estuning ngan ukur puraga tamba kadenda we wungkul, shalat ge pimanaeun khusyu teh, atuh tartib-tartib we heula-anan, teu acan...., teu acan dugi jigana.

Bari apal kituna teh, kana tungtunan Nabi ge, margi kapan saur Nabi : “Mun anggota badanna teu daek khusyu, hatena ge mo jauh ti kitu”. saurna teh.

Tapi, hih... da keukeuh we dipaju deui, dipaju deui, shalat teh ngan ukur acong-aconganana wungkul, inti-sari na mah duka teuing disimpen dimana.

Aya eta ge usaha hoyong khusyu shalat teh, boh nu wajibna nya kitu deui nu sunatna, tapi sanes keur munfarid kituna teh, tapi mun bade berjamaah, ngarah katingali batur yen abdi shalatna bangun nu khusyu tea, padahal hate mah kamana boa cus-cosna.

Hoyong katangar batur we wungkul nu puguh mah, ngarah katingali khusyu, padahal kapan saur Gusti ge, shalat nu samodel kieu nu bakal dipalengpengkeun kana beungeutna jaga teh.

Malah embohna, mun pareng ku jamaah dipercanten jadi imam deuih, nu sok sering hoyong kapeunteun khusyu teh, mani ngahaja shalat teh ditartib-tartib, tumaninah sing nepi ka katingali tumaninahna, bacaan shalat ge ngahaja ku abdi teh dianca-anca sangkan katingali tartibna.

Malah lebah bacaan surat mah ngahaja di rorompok teh, ngapalkeun surat-surat nu rada panjang, da aya harepan mun waktosna engke ngimaman, maca surat anu panjang mah, sok pada ngeuleuh-ngeuleuh tea.

Dina waktos Jumaahan mah komo deui, ti awal keneh abdi teh mandi beberesih, diangir sagala, da kitu sunatna saur Nabi, teu hilap malah diminyak seungit sagala.

Tapi ana jung teh ngalengkah, lagu paamprok sareng dulur-dulur abdi nu masih keneh kukurilingan milarian pangupa jiwa, eta hate teu tiasa dipaling, make jeung sok ngagerentes, aing mah geus jung indit Jumaahan, na ari ilaing kalah kukurilingan keneh neangan sahuap sakopeun, neangan keneh teureuyeun. Dasar caduk naraka.

Padahal kapan saur Gusti ge, saha nu terang malah itu nu janten pangawasa surga-na, jisim abdi mah bagean caduk naraka-na, kumargi hate tos wantun milah-milah nu janten hak Gusti. boa teuing itu mah ditungguan ku anak pamajikan nu keur barongkeakan, nungguan nu keur usaha, sedeng abdi ngan ukur boga angkeuhan wungkul. Asa aing nu bakal ka sorga teh, henteu deungeun, aku-aku angga.

Shaum, nya kitu keneh, boh shaum wajibna pon nya kitu nu sunatna, da mung ukur janten angkeuhan wungkul nu puguh mah, pedah nuju shaum, ngarah katangar batur siga jalma shaleh, padahal hate mah Gusti ge uninga.

Buktina we geura mraktekkeun hadits ge janten tibalik lemah, pedah saur Nabi : “Sarena nu keur shaum, sarua jeung ibadah”. Da kolu atuh jisim abdi mah, sapoe jeput ngagoler gegelehean ngadon sare, malah tepi ka emper masjid jiga kitu, jeung sok bari agul deuih kitu na teh, ditembong-tembong kanu lian, geura tingali kulit yeuh kulit beuteung abdi, nepi ka meh adek kana tulang tonggong, pedah keur puasa.

Komo shaum sunat mah, kentel ngagebleg hoyong katangar teh, eta we geura, shaum Syawal nu genep dinten tea, da ceuk nafsu mah, ko hoyong unggal jalma terang yen abdi nuju shaum Syawal.

Aya weh nu sanes ngomentaran : “ Emh..... Bagja temen salira mah, parantos ngalaksanakeun shaum Syawal, kapan sami sareng shaum satan campleng eta teh, saur Nabi”.

Ngucapkeun Alhamdulillaah mah leres bari digerendengkeun, tapi da karaos ku sorangan oge, cukang irung mah ngabeukahaan langkung ti meber.

Shaum Daud nya kitu keneh, satadina mah emut kana tungtunan Nabi dina sunnahna, saur nabi : “Uhyuu quluu bakum biqillatidh dhahki wa qillatisy syab ‘i wa thah hiruuhaa bil juu ‘i tash fuu wa taraq qu”.

Obahkeun hate aranjeun, ulah loba teuing seuri jeung seubeuh teuing, sucikeun ku ngarasa lapar, tanwande hate aranjeun bakal bersih tur lemes.

Dina hadits nu sanes malah dijentrekeun ku Nabi : “Sing saha nu sering ngalaparkeun beuteungna, hartina sering shaum, tanwande pikiranana caang jeung qalbuna cerdas”.

Bari ditataan geuning, rupi-rupi shaum sunatna, ti awit Shaum Senen – Kemis, Shaum Syawal, Shaum tiap tanggal 13, 14 sareng 15, oge Shaum Daud-na, Shaum anu selang-sekar unggal dinten.

Anu dipilih ku jisim abdi dina danget ieu teh, shaum Daud tea, ari akuan leres tos lami pisan, nincak genep taun jalan panginten danget ieu teh.

Tapi da aneh atuh jisim abdi mah, nu masih keneh kandel hayang katangarna ku batur tea, malah sok aya rasa agul dina hate, mun sakalieun aya nu naros : “Tos sabaraha lami salira ngadawamkeun shaum Daud teh ?” Ngawaler teh sok rada bari jeung semu agul diri teh : “Genep taun dugi ka danget ieu teh, alhamdulillah……”

Alhamdulillah mah leres ku jisim abdi teh diucapkeun, tapi da eta, hate mah teu kapalingan, nalika nu naros ngauluh-uluh mah, hate teh ngagerentes : ”Aing tea……………”

Munggah haji ge teu bina ti kitu, estu hoyong katangar ti awal keneh mula, ti memeh jung keneh ge, ondang-ondang ngahaja maparin iber ka tatangga, yen jisim abdi kalih pun bojo aya niat ngalaksanakeun ibadah haji, lisan mah kitu, tapi ieu hate teu kapalingan, sugan we jaga samulangna ti ditu, ka jisim abdi seueur nu nyebat Pa Haji, sangkan katangar, yen diri aya dina kashalehan.

Dongkap teh ka di Mekah nya kitu keneh, ngahaja di Multazam ngadon ngado’a kapayuneun Gusti harita, margi kapan saur Gusti, Multazam hiji tempat lamun dipake ngado’a, do’ana bakal langsung diijabah.

Jisim abdi ge kitu, di Multazam teh ngadon ngado’a, hoyong bisa pidato harita teh, margi ti lemah cai keneh jisim abdi mah harita, boro-boro bisa pidato, sakalieun kedah nyarios payeuneun adi-adi katut dulur-dulur ge teu metu, da tuur kabujeng ngeleter, lilinieun.
Janji Gusti henteu mencog, do’a jisim abdi tinekanan, da aneh mulang ti Mekah teh, enyaan bisa pidato teh, najan teu jiga batur ge pidatona, ari nu jadi marga lantaran, pidato jisim abdi mah dugi ka ayeuna ge, ukur dibaca, teu acan robah.

Jaba aya embohna, mulang ngado’a di Multazam teh, ayeuna mah make jeung bisa ngajar di sakola jeung di mahasiswa sagala, da tadina mah boro-boro ngajar sagala, tadi ge disebatkeun, sakalieun sasanggem ukur jeung dulur sareng baraya teh, kesang tiis mah tos mayunan ngagarajag saawak-awak.

Komo mun satutasna pidato, nalika turun ti mimbar aya jamaah nu ngauluh-uluh bari muji teh, najan lisan nu kaluar mah : Alhamdulillah…., tapi da natrat, rengkak katut polah mah persis jiga nu keur ngucapkeun : “Aing tea…….

Padahal kapungkur mah, salah saurang shahabat Nabi, nalika lungsur ti mimbar bari naros ka para shahabat anu sanesna : ”Kumaha pidato kuring bieu ?” ukur naros kitu.

Pan pada ngarentog, yen ucapan sapertos kitu teh kalebet riya, pedah hoyong kenging komentar, bari teu acan tangtos hoyong katangar anjeunna mah, tapi mani enggal teras taubat ka Salira, bari teras ngusrukkeun anjeun, ngadon nyuuh ngumbar cisoca ka payuneun Gusti.

Ari jisim abdi harita, ........... akh teu rengrot-rengrot, boro-boro ngumbar cimata, pimanaeun bari jeung nyuuh sagala, kalah beregegeh nu puguh mah, legeg nu ieu asa aing uyah kidul tea.

Allaahu Akbar !, hapunten abdi Gusti............

Eta teh nu karaosna wungkul tos sakitu, nu teu karaosna ku jisim abdi mah, jigana langkung ti kitu. Salaput sirah kawasna. Enyaan mun ngetang sapertos kitu mah teu pantes mun jisim abdi miharep surga ka payuneun Gusti teh.

Teu acan kaetang, nu hubunganana sareng sasama mah, boh sareng papada jalma, sareng tatangga, sareng dulur-dulur, sareng baraya nu deuheus, nu laer, sareng nu saiman nu saikhwan, atuh beh dituna sareng papada makhluq.
Ngaleuya kalepatan teh, natrat, ti awit nu kenging katugenah alatan kalakuan sareng talajak jisim abdi, nu kanyenyerian alatan omongan jeung ucapan jisim abdi, malah teu sakedik nu kanyenyerian pedah dicarekanana ku jisim abdi.

Bakal ngantay panjang mun ditataan mah, sok komo mun nu nataanana Malaikat nu janten Utusan Gusti, jigana moal bakal nyesa kasaean ka papada makhluk mah, da kalindes ku talajak anu minculak tea.

Ulah ku Malaikat leresan dinyana mah, da ieu mah kapan ku dulur-dulur abdi ge, anu saiman-anu saikhwan, anu sagulung-sagalang sareng jisim abdi dugi danget ieu, kapan nyarebatna ge “Si Engang” ka jisim abdi teh, ku gampang nyeureud tea, gampang teuing ngumbar amarah.

Teu acan....... jisim abdi teh, teu acan lemes hate mah, masih keneh sering ngumbar amarah tea, heuras keneh genggerong, padahal ti awal keneh ge tadi disebatkeun, umur mah teras nambihan, harib-harib cueut ka hareup, kantun sesana, teu bade disebat sengserang padung ge, ngan nu pasti tos sariak layung umur teh.

Manawi eta ge, manawi tiasa, hoyong neda sih hapunten teh, dikempelkeun we sadayana ayeuna didieu, da teu sanggem upami kedah ditatatan hiji-hiji mah, ku moal sanggem nataanana, alatan ku seueur teuing tea.

Kum we ka sadayana, dulur-dulur jisim abdi, baraya katut tatangga, babaturan, sapantar, saluhureun sahandapeun, utamana ka pun bojo, ka pun anak, tiluannana.

Bisi pernah kaciwit kulit, katodel hate, atanapi kasigeung manah, ku ucapan, paripolah miwah kalakuan jisim abdi kamari, mugi kersa ngahapuntenna, manawi tiasa dilubarkeun tina sagala rupi kalepatan sareng katalingeuhan jisim abdi. Sangkan jisim abdi longsong mun hoyong madep ka payuneun Gusti Nu Murbeng Alam.

Kantos eta ge diwartosan ku Nabi Gusti dina haditsna, malah ku para ulama nu janten warasatul anbiya tea, yen dosa sareng kalepatan ka Gusti mah, tiasa langsung neda si hapuntenna sareng Gusti, tapi ari dosa sareng kalepatan sareng papada makhluq mah, moal waka dihampura ku Gusti lamun ku papada makhlukna dihampura.
Leresan dieu, anu moal sanggem abdi ngalaksanakeunnana teh, alatan seueur teuing kalepatanana, sareng nu puguh mah seueur teuing nu kantos kenging katugenahna ku jisim abdi, kumargi kitu, nyanggakeun sadaya-daya we kapayuneun Gusti.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mun ngimeutan kalakuan abdi tadi, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, ana kitu mah boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira. Sakumaha pidawuh Gusti :

"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.

Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.

Nanging mugia wae dina sakitu kakirang nu tan wilangan teh, langkung seueur rahmat Gusti nu dilimpahkeun ka jisim abdi, sareng manawi aya sakotret mah diantawisna, anu dilaksanakeun ku jisim abdi teh kalayan Ikhlas Lillaahi Ta ‘Alaa, anu diharep teh taya sanes, mugi-mugi we, sok sanaos ukur sakotret, tapi tiasa janten wasilah pikeun jisim abdi janten kakasih Gusti. Margi jisim abdi yakin, rahmat Gusti langkung seueur nu katampi ku jisim abdi.

Dina niat hoyong madep nyaketkeun diri ka Gusti teh, hoyong mitembeyan midamel deui eunteung kahirupan anu ageung, sangkan tiasa dicaangkeun deui, obor -obor kahirupan nu kungsi pareum, tiasa deui nyiapkeun pakakas kahirupan, pikeun meresihan hate, da tadi ge ti awal mula estu nembrak nonggerak, lampah jisim abdi nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah. Lamun tea mah aya nu saena, hoyong tiasa disipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, sangkan tiasa dipasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, niat mah bade enggal-enggal digosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari diniatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh bade dirumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana ngahaja di elap, diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa tea, nu karaos mah da jentre, eces malah nembrak, tapi nu teu karaos ku jisim abdi, estu lemes lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngabulkeun do’a jisim abdi ieu.

Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat,
Watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wan syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilnal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam.
Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab.
Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Allahummaj 'alhu hajjan mabruura, wa sa'yan masykuuraa, wa dzanban maghfuuraa, wa 'amalan shaalihan maqbuulaa wa tijaaratan lan tabuur, yaa 'aalima maa fish shuduur, akhrijnii yaa Allah, minadz dzulumaati ilan nuur.
Allahumma innii as aluka mujiibaati rahmatika wa 'azaa imaa maghfiratika, wassalaamata ming kulli itsmin wal ghaniimata ming kulli birrin, wal fauza bil jannah, wannajata minan naar.
Rabbi qani'ni bima rajaqtanii wa bariklii fimaa 'a thaitanii, wakhluf alayya kulla ghaa ibaatin lii ming ka bi khaiir.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah, wal inayah.
Wallahul muwaffiq ilaa aqwaamith thaariiq.
Wasalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.

Senin, 27 Oktober 2008

DAKWAH 'SILATURAHMI KELUARGA"

Bismillaahirahmaanirrahiim.
Assalamu ‘alaikum warahmatullahi wabarakaatuh.
Innal hamdalillaahi nahmaduhu wa nas ta ‘iinuhu wa nastagh firuhu wa na ‘uudzubillahi min syuruuri amfusinaa wamin say yi -aati -a’ maalinaa may yahdillaahu falaa mudhilla lah, wamay yudh lil falaa haadiyalah. Asyhadu allaa ilaaha illallahu wahdahuu laa syariikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu warasuuluhu laa nabiya ba’dah. Allahumma shalli wasallim wabaarik ‘alaa wamaulanaa muhammadin, wa ‘alaa aalihi wa ash haa bihi aj ma ‘iin. Amma ba’du. Fayaa ‘ibaadallaah, uu shiikum wa nafsii bitaqwallah, faqad faa zal muttaquun, ittaqullaaha haqqa tuqaatihi walaa tamuutunna illaa wa antum muslimuun.

Para Wargi rahimakumullah.
Sateuacan dikawitan, ku emutan teu aya lepatna, kempelan urang dinten ieu, meungpeung urang nuju kempel sapertos kieu, urang sami-sami deudeul du'a, ka sepuh urang sadaya, anu parantos teu aya di kieuna, geura urang tataan:
1. ti awit Aki R. Saleh Mintadireja
2. Ene Wado
3. Ua Idad sareng Ua Istri Idjah Djubaedah
4. Mang Jaja, Bi Iyam sareng Andri
5. Pa Beben sareng ma Unung
6. Pun Biang sareng Pun Bapa
7. Bi Iyat di Yogya
8. Mang Fakih sareng putra mantu Busye, Kang Edi, Apit
9. Mang Engkus sareng Bi Ikah. Oge putrana Iwan, Rudi, Beni, Mukti sareng nandi
10. Mang Maman Suparman, Heri, Asep sareng Kang Nana
11. Mang Mumuh sareng Bi Mimi di Sukabumi
12. Ibu ramana Mas Gatot, Bapa Haryadi, Ibu Sri Latifah sareng Ibu Yuskarni
13. Ceu Betty Kisseri istrina Kang Tata,
Oge teu hilap sepuh-sepuh urang sadaya, anu parantos mayunan urang sadaya madep ka Gusti Allah SWT, urang samni-sami du'akeun, mugia sepuh-sepuh urang sadaya, anu kasebat nembe, boh anu kalangkung na pisan, sing ditampi iman islamna, di tempatkeun sareng para aulia anu diraksa salalamina ku Allah SWT, kalayan du'a :
”Allaahummagh fir lahuu, war ham hu, wa ‘aafihii wa’ fu ‘an hu, wa akrim nuzu lahuu, wa was si’ mad khalahu, bil maa -i wats tsalji wal barad. Wa naqqihii minal khathaa yaa kamaa yunaqqats tsaubul ab yadhu minadz dzanas, wa ab dilhu daaran khairan, min daa rihi, wa ahlan khairan, min ahlihii wa zaujan khairan, min zaujihii, wa ad khil hul jannata wa -a ‘idz hu min ‘adzaa bil qabri, wa fitnatihii wa min ‘adzaa bin naar.
Allaahummagh fir li hayyinaa, wamay yitinaa wasyaa hidinaa, waghaa -ibinaa, washaghii rinaa, wa kabiirinaa, wadzakarinaa, wa un tsaanaa.
Allaahumma man ahyaitahu minnaa fa ahyihii, ‘alal islaam, waman tawaf faitahuu minnaa fatawaf fahuu ‘alal iimaan.
Allaahumma laa tahrimnaa ajrahuu walaa tudhil lanaa ba’dahuu, birahmatika yaa arhamar raahimiin. Walham dulillaahi rabbil ‘aalamiin.

Allaahumma Yaa Allah, mugi ngahapunten anjeunna, pikadeudeuh anjeunna, sehatkeun anjeunna, mulyakeun tempat mulangna, bukakeun tempat lebetna, bersihkeun anjeunna ku cai salju sarta ci-ibun. Bersihkeun anjeunna tina sagala kalepatan, sapertos anggoan bodas dibersihkeun tina sagala kokotor. Gentosan pikeun anjeunna ku tempat anu langkung sae, kulawarga anu langkung sae, istri anu langkung sae. Lebetkeun anjeunna ka lebet surga sareng tebihkeun tina siksa kubur sareng mugi ngariksa tina siksa naraka.
Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti ngahapunten jamaah abdi anu masih keneh jumeneng, anu parantos ngantunkeun, anu masih nyaksian, anu ghaib, anu alit anu ageung, pameget atanapi istri.
Allahumma Yaa Allah, jalma anu masih keneh jumeneng, mugia aranjeunna aya dina kaislaman, anu parantos ngantunkeun mugi ngantunkeunnana aya dina kaimanan.
Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti henteu ngahalangan kana pahalana, sareng mugi Gusti henteu nyasarkeun abdi sadaya kana jalan anu teu dipikarido Gusti.
Sagala puji mung kanggo Anjeun wungkul Yaa Rabbanaa.

Kalihna ti eta, urang anu masih keneh tiasa kempel ayeuna, ulah kendat-kendat tasyakur ka Allah SWT, ku RahmatNa, ku InayahNa, masih keneh aya dina kasehatan, dugi ka urang tiasa riung mungpulung dina wangkid ieu, nanging teu mustahil, aya dulur urang, aya keneh wargi urang, anu teu tiasa sumping dina danget ieu teh, estuning aya karerepet, aya cocoba, kenging ujian nu mangrupi mushibah ti Allah SWT, boh lahirna boh bathinna, margi firman Allah :
"A'uudzubillaahiminasy syaithaanirrajiim, Walanab luwan nakum bisyai-im minal khauuf, wal juu 'i, wanaqshim minal amwaali wal amfus, wats tsamaraati, wa basy syirish shaabiriin, alladziina, idzaa ashaa bat-hum mushiibah, qaaluu innaa lillaahi wa innaa ilaihi raaji 'uun".

Kumplitna eta ayat, Jeung saestuna Kami bakal mere cocoba pikeun aranjeun, tina sauetik kasieun, sieun kaparan, sieun kakurangan harta, ku jiwa katut ku buah-buahan.

Pek bere beja anu pikagumbiraeuun pikeun jalma-jalma anu shalabar, nyaeta jalma-jalma anu upama ditimpa mushibah, maranehanana ngucapkeun "Innaa lillahi wa innaa ilaihi raa ji 'uun".

Tangtosna oge, aya keneh dulur urang nu nuju teu damang dina waktos ieu, boh bathinna boh lahirna, malah teu mustahil, urang oge nu nuju kempel ngariung ayeuna, bathin mah, keur teu damang boa urang teh, ku hal-hal anu sapertos nembe, dina kempelan urang nu ieu, meungpeung urang kempel sadayana, urang sami-sami deudeul du'a, mugia dulur-dulur urang anu nuju teu damang ieu, sing dienggalkeun damang deui mungguh Allah, kalayan damang anu teu nyesakeun kasesah pikeun dirina, pikeun kulawargana, katut pikeun urang sadaya nu jadi dulur-dulurna, kalayan du'a :
"Allaahumma rabbanaasi adz hibil ba’sa isfi, wa antasy syaafii, laa syifa -a, ilaa syifa -uka, syifaa -an laa yughaa diru saqamaa”.

Allaahumma Yaa Allah, mugi Gusti ngadamangkeun anu teu damang ieu, kalayan damang anu teu ngantunkeun kasesah pikeun dirina katut pikeun kulawargana.

Para wargi rahimakumullah.
Aya deui wartos, wireh sababaraha wargi dina taun ieu teh aya anu bade ngalaksanakeun ibadah haji, diantawisna bae :
1. Ayi Nining sareng Kang Rislan ti Jakarta
2. Evi sareng carogena ti Tanggerang
3. Doni putra Bi Iyat ti Yogyakarta.

Meungpeung urang nuju ngariung kieu, urang sami-sami ku urang du’akeun, mugia wargi-wargi urang nu bade ngalaksanakeun ibadah haji ieu teh sing aya dina panangtayungan Allah SWT salalamina, ti awit miang ti lembur sarakan, teras dugi kaditu ka Mekah Al Mukaramah. Ka Madinah Al Munawarah oge dina ngalaksanakeun ibadah-ibadah haji diditu, anu sunatna, anu wajibna, anu rukun-na pisan sing aya dina kaayaan sehat wal afiat, kalayan salawasna aya dina kalancaran, dugia ka engke mulangna deui ka dieu, ka lembur karang banjar pamidangan teh sing sehat teu kirang sawios-wios, kalayan nyandak predikat haji anu mabrur, hajjah anu mabruura. Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal ‘alamiin.

Para wargi rahimukumullah.
Diharewosan ku Kang Dokter Maman kamari teh, tadina mah kempelan teh hoyong di bumina Ceu Neneng saurna teh, nanging ciosna didieu di Bumina Yeti di Mas Gatot, sakantenan saurna teh salametan bumi pedah parantos rengse ngarenovasina, ku jalaran eta, dina kempelan ayeuna ieu urang sami-sami ngadu’a ka Allah SWT, sapertos do’ana Nabi Ibrahim nalika nyandak ngalih kulawargana, anu kaunggel dina Al Qur-an serat Ibrahim ayat nu ka 35 dugi ka 41, anu kieu unggelna :
A 'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim.
Wa idz qaala ibraahiima rabbij ‘al haadzaal balada aaminaw wajnubnii wabaniyya an na’ budal ash naam.
Rabbi innahunna adh lalna katsiiram minannaas, faman tabi ‘anii fa innahuu minnii, waman ‘ashaanii fa innaka ghafuurur rahiim. Rabbanaa innii askantu min dzur riy yatii biwaadin ghairi dzii zar ‘in inda baitikal muharrami.
Rabbanaa liyuqiimush shalaata faj ‘al af -idatam minannaasi tahwii ilaihim war zuq hum minats tsamaraati la ‘allahum yasy kuruun.
Rabbanaa innaka ta’ lamu maa nukhfii wamaa nu’ lin, wamaa yakhfaa ‘alallaahi min syai -in fil ardhi walaa fissamaa -i.
Alhamdu lillaahil ladzii wahabalii ‘alal kibari is maa ‘iila wa ishaaq, inna rabbii lasamii ‘ud du ‘aa.
Rabbanagh firlii waliwaa lidayya walil mu- miniina yauma yaquumul hisaab.

Anu pihartoseunanan eta ayat kirang langkung kieu :

Allaahumma Yaa Allah, Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngajantenkeun ieu tempat teh, tempat anu aman, sareng mugi abdi katut pun anak ditebnihkeun tina nyembah ka berhala.
Margi satemenna berhala-berhala anu parantos nyasabkeun manusa teu kinten seueuerna. Kumargi kitu sing saha nu nurut ka abdi, eta nu kalebet golongan abdi, nanging sing saha anu wangkelang ka abdi, sayaktosna Gusti teh lautan pangampura tur welas asih.
Allahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa, sayaktosna abdi parantos merenahkeun anak katut incu abdi sadaya di ieu tempat, mugi Gusti ngajantenkeun anak incu abdi sadaya ieu, kalebet anu sok ngaradegkeun shalat, sareng mugi-mugi umat manusa dilingkungan abdi sadaya ieu, sing kapincut kalbuna pikeun nyarengan anak incu abdi sadaya ieu, sareng mugia Gusti maparin rejeki anu halal ka maranehanana, sangkan maranehanana muji syukur ka Anjeun Yaa Rabbanaa.
Allaahumma Yaa Allah Yaa Rabbanaa.
Mung Anjeun wungkul anu uninga kana saniskara nu ku abdi sadaya dibuni-buni, miwah sadaya perkara nu ku abdi sadaya ditembrakkeun. Sareng teu aya nu nyumput pikeun Anjeun Yaa Rabbanaa, saniskara perkara nu aya di langit sareng di bumi.
Sagala puji mung kanggo Anjeun Yaa Rabbanaa, Nu Ngaanugrahkeun ka abdi sadaya ku anak incu abdi sadaya anu saroleh. Allahumma Yaa Allah Yaa Rabbana, mugia abdi sadaya miwah anak incu abdi sadaya dijadikeun ummat anu tetep ngadegkeun shalat salalamina, mugi Gusti ngabulkeun do’a abdi.
Allahumma Yaa Rabbanaa, mugi Gusti ngahapunten dosa abdi sadaya miwah sagala dosa sareng kalepatan pun biang sareng pun bapa, sareng sadaya muslim anu ariman, dina nalika di hisab jaga.
Hadirin rahimakumullah,
Dina danget ieu oge, urang sami-sami do’akeun, mugia bae Mas Gatot miwah kulawargana, dina ngeusian bumi anu enggal ieu teh sing sapertos Nabi Ibrahim dina ayat anu nembe, ngadidik sareng ngabina kulawarga anu tiasa janten kulawarga anu sakinah, mawaddah warrahmah, Amiin Yaa Allah Yaa Rabbal Alamiin.

Para sepuh, kadang wargi, rahimakumullah.
Asa nganteng keneh dina emutan, asa nembe cikeneh, urang saanak bojo, saputra putu, ngiring hempak sareng nu sanes, kaum muslimin, sumujud na pangkonan Ilahi Rabbi, dina dintenan Iedul Fitri, anu nembe kalangkung.

Asa karaos keneh, tapak cisoca nu ngalembereh mapay pipi, asa karaos keneh, geterna hate lir aya nu ngacak-ngacak jeroeun dada, nalika urang silih lubarkeun dosa, silih du'akeun saputra putu, ku ucapan "Taqabbalallaahu mina wa mingkum, shiyaa mana wa shiyaa makum, qiyaa mana wa qiyaa makum, wa antum fii kulli amiim bii khaiir".

Bet teu karaos, ayeuna sasih Syawal teh meh kantun tungtungna.
Rupina, betah teuing urang teh, anteng teuing urang teh, dina kahirupan dunya, ti waktos ka waktos teh, nu digugulung, mung ukur haliyah dunya we wungkul, nepi ka dug hulu pet nyawa, ngabelaan kapentingan dunya.
Teu tiasa dipungkir, memang, urang teh saleresna mah , parantos kalebet jalma-jalma anu materialistis, kalebet jalma, nu mung ukur nyeepkeun waktos kanggo kapentingan dunya wungkul, duka sabaraha prosen boa, kahirupan akherat nu nyangsang dina agenda emutan urang teh, margi tampolana, sok sering hilap, urang teh babakuna mah, kana agenda nu paling pasti, nyaeta maot.
Bari jeung tos pada terang urang teh saleresna mah, yen Allah kantos ngemutan :"A'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wabtaghii fiimaa aatakallaahu daarul aakhirati, wa laa tansa nashiibaka minad dun-yaa". Pek, geura sungsi kahirupan akherat, nu dipikaridha ku Allah, ngan omat kade poho, urusan anjeun didunya.
Ngan aneh, urang mah bet sawalerna, sanes nabung kanggo bekel mayunan hirup nu langgeng di akherat jaga, tapi dagdag-degdeg, sieun seepeun bekel, sahuap-sakopeun di panyabaan, bawaning ku kasieunan, dugi ka angkaribung sagala rupi disayagikeun pikeun kahirupan saayeunaeun, di panyabaan.
Padahal urang ge pada yakin, nu langkung peryogi mah, bekel kanggo hirup nu saendeng-endeng tea, jaga. Anumawi pantes, urang mah sok disindiran bae ku Allah teh :

"A'udzubillaahi minasy syaithaan nirrajiim. Wal ashri, innal insaana lafii khusr, illal ladziina aamanuu wa 'amilush shaalihaati, watawaa shaubil haqqi, watawaa shaubish shabr".
Demi waktu, saestuna sakur manusa pinanggih jeung karugian, kajaba jalma-jalma anu ariman, jeung milampah amal shaleh, jeung anu silih wasiatan dina jalan anu haq, jeung anu silih wasiatan dina jalan kashabaran.

Leres, rugi temenan urang teh, ari ngan ukur ngagugulukeun kanggo dinten ieu wungkul mah, dinten ejing mah kumaha behna, kumaha engke bae, temahna, sagala rupi sok hoyong disakalikeun, disugemakeun saayeunaeun, tara ngemut kana waktos nu bakal kaalaman jaga, padahal tos jelas nembe, Allah SWT mepelingan ka urang, supados meryogikeun bebekelan pikeun akherat, bari ulah hilap kana kaperyogian hirup di dunya, kedah zuhud, namung henteu fatalis, henteu kabina-bina ngumpulkeun dunya, nanging oge, henteu ninggalkeun dunya, kedah sineger tengah saur Kang Dokter Maman mah.
Oge dina sasih Syiam nu kamari, sakedahna mah dianggo kasempetan pikeun nabung, pikeun kukumpul harita teh, da parantos pada apal urang ge, dina sasih Syiam teh, sagala rupi amal kasaean, dipaparin bonus nu mangtikel-tikel, nanging duka teh teuing naon margina, cepil urang teh bet sapertos nu torek, henteu nguping kana panyaur Allah sareng RasulNa, hate urang mah bet ngabagel, teuas nandingan batu, teu ieuh katodel ku Ayat-ayat Allah , sareng panuyun Rasulullah teh, noyod we, tunggul dirarud catang dirumpak, sasih Syiam teh kalah nabung dosa, timbangan nu sakedahna abot ka palih katuhu teh, bet dengdek ngenca, urang teh popohoan teuing nguruskeun dunya, kempal-kempil teh ngan urusan dunya we wungkul, urusan eusi peujit wungkul, urusan teureuyeun wungkul, keukeuh wae, dina emutan teh, kabutuh sapopoe janten nu utami, kabutuh lebaran janten nu nomer hiji.
Urang mah arang langka, jigana, ngemutan, kumaha shaum urang, tos leres atanapi teu acan, kumaha zakat urang, tos dibayar atanapi teu acan, kumaha ibadah urang, tos merenah atanapi teu acan, kumaha atikan anak incu urang, tos merenah atanapi teu acan, nu diemutan teh, baju weuteuh we keur lebaran, goreng suuk keur lebaran, kupat, gule , ancoeun keur lebaran.
Yaa Allah Yaa Rabbanaa, hapunten Gusti, rumaos abdi teh sasar, nu sunat dianggap wajib, nu wajib kaluli-luli, boa-boa abdi teh kalebet jalmi nu dibendon ku Gusti, nu bakal janten eusi naraka Salira, sakumaha pidawuh salira :

"A'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Walaqad dara-naa lii jahannama katsiiram minal jinni wal insi, lahum quluubul laa yafqahuuna bihaa, walahum a'yunul laa yub shiruuna bihaa, walahum aadzaa nul laa yas ma -'uuna bihaa, ulaa-ika kal an 'aami bal hum adhal lu, ulaa-ika humul ghaafiluun".

Jeung saestuna Kami geus netepkeun eusi naraka teh kalolobaanana, tina sabangsaning Jin jeung manusa, maranehanana boga hate, tapi eta hate teh teu dipake neuleuman ayat-ayat Kami, maranehanana boga mata, tapi henteu dipake nenjo, maranehanana boga ceuli tapi henteu dipake ngadenge, nu saperti kitu teh lir ibarat sato, malah leuwih hina batan sato, maranehanana kaasup jalma-jalma anu talobeh tur balangah.
Allaahu Akbar Walilllaahil hamd.
Dina sasih Syawal nu ngan kantun sababaraha dinten deui ieu, urang sasarengan, midamel deui eunteung kahirupan anu ageung, urang caangkeun deui, obor -obor kahirupan nu kungsi pareum, urang siapkeun deui pakakas kahirupan, pikeun meresihan hate, piraku henteu nembrak nonggerak, lampah urang nu kamari, boh nu awon na, pimanaeun nu saena mah. Lamun tea mah aya nu saena, urang sipuh deui, sangkan langkung ngagurilap, urang pasieup deui, ku amal-amal sae sanesna. Atuh nu awon na, urang enggal-enggal gosok, ku elap "taubatan nashuuha" bari urang niatan, ti awit ayeuna kapayun mah, ieu hate teh urang rumat, supados henteu keuna ku kekebul nu ngadagleg, carana taya sanes, kedah di elap, kedah diberesihan ku tobat saban usik, margi ari dosa mah, lir ibarat kekebul nu teu patos katingal, terang-terang tos ngadagleg.

Para wargi rahimakumullah.
Bilih panjang teuing, sakitu we nu tiasa didugikeun, nu leresna tina agama nu lepatna estuning kalepatan nu ngadugikeunana, urang tutup ku do’a
Bismillaahirahmaan nirrahiim. Alhamdulillaahi rabbil 'aalamiin, hamday yuwaafii ni 'amahu wa yukaa fi-u maziidah, yaa rabbanaa lakal hamdu kamaa yambaghii lijalaali waj hika wa 'adhiimi sulthaanik.
Allahumma shalli wasallim 'alaa sayyidinaa muhammadin, shalaatan tun jinaa bihaa min jamii 'il ahwaali wal afaati wa taqdhii lanaa bihaa min jamii 'al haajaati wa tuthah hirunaa bihaa min jamii 'is sayyi-aati wa tar fa'unaa bihaa 'indaka a'lad darajaat,
watuballighunaa bihaa aqshal ghaayaati min jamii 'il khairaati fil hayaati wa ba'dal mamaat. Innaka 'alaa kulli syai-ing qadiir.
Allahumma arinal haqqa haqqa, war zuqnat tibaa 'ahu, wa arinal baathila baathila, war zuqnaj tinaabah.
Allaahumma innaa nas-aluka 'ilmaan naa fii 'aan, wa 'amalan mutaqabbalaa, wa rizqaan halaalaan thayyibaa.
Allaahumma innaa na 'uu dzubika min 'ilmin laa yan fa'u, wa qalbin laa yakh sya'u, wa du 'aa in laa yus ma 'uu, wa 'amalin laa yur fa 'u.
Allaahummaj 'alnaa wa aulaa danaa, wa dzurriy yaa tinaa min ahlil 'ilmi wa ahlil khaiir, walaa taj 'alnaa wa iyyaahum min ahlisy syarri wadh dhaiir.
Allaahummar zuqnaa mutaa ba 'atan nabiyyi shalallaahu 'alaihi wasallam, awwalan wa aakhirran, wa dhaa hiraan, wabaa thinan, wa qaulan, wa fi' laan, wa thaa 'atan, wa 'ibaa datan, wa 'amalaan shaalihan wa 'adah.
Allaahumma ahyinaa bihayaatil 'ulamaa-i, wa amitnaa bimautisy syuhadaa-i, wah syurnaa yaumal qiyaamati fii zumratil auliyaa-i. Wa ad khilanal jannata ma 'al ambiyaa-i 'alaihimu salaam. Rabbanaa laa tuzigh quluu banaa ba'da idz hadaitanaa, wa hablanaa mil ladungka rahmah, innaka antal wahhaab. Rabbanaa aatinaa fid dun-yaa hasanah, wa fil aakhirati hasanah, wa qinaa 'adzaa ban naar.
Allahummaj 'alhu hajjan mabruura, wa sa'yan masykuuraa, wa dzanban maghfuuraa, wa 'amalan shaalihan maqbuulaa wa tijaaratan lan tabuur, yaa 'aalima maa fish shuduur, akhrijnii yaa Allah, minadz dzulumaati ilan nuur.
Allahumma innii as aluka mujiibaati rahmatika wa 'azaa imaa maghfiratika, wassalaamata ming kulli itsmin wal ghaniimata ming kulli birrin, wal fauza bil jannah, wannajata minan naar.
Rabbi qani'ni bima rajaqtanii wa bariklii fimaa 'a thaitanii, wakhluf alayya kulla ghaa ibaatin lii ming ka bi khaiir.
Subhaana rabbika rabbil 'izzati 'ammaa yashifuun wasalaamun 'alal mursaliin.
Subhaanaka allaahuma rabbanaa wa bihamdika, asyhadu allaa ilaaha ilaa anta, wa astaghfiruka wa aatubu ilaiih.
Walhamdulillaahi rabbil 'aalamiin.
Billahit taufiq wal hidayah, wal ibadah, wal inayah.
Wallahul muwaffiq ilaa aqwaamith thaariiq.
Wasalamu 'alaikum warahmatullaahi wabarakaatuh.

BASA SUNDA ( Essay ) "PACAMPUR PAGALIWOTA"


Ku mindeng-mindengna pulang anting Bandung – Semarang, malah tampolana terus ka wetan nepi ka Surabaya ari aya tugas ngajar, nepi ka jarak Bandung – Semarang mah geus asa teu kasebut jauh deui, sapaparat jalan geus lidig jigana, mun teu rek disebut apal jeung pengkolan-pengkolanana oge, lantaran miang ka Semarang mah geus tara diiker-iker deui waktuna, rek mangsa kumaha bae, rek wayah kumaha bae oge, bisa kari jung, cek paribasana rek janari leutik atawa tengah poe ereng-erengan ge, teu jadi halangan, ngan mun miangna peuting mah sok menta dibaturan ku sobat medok ti leuleutik, si Iing, lantaran si eta mah rada istimewa, mun mawa kendaraan ti peuting teh, nyupiranana bisa leuwih gancang, Bandung – Semarang bisa ku waktu genep atawa tujuh jam ge geus tepi.

Ku mindeng-mindengna tea, nepi geus apal deui dimana kudu mengkol ka masjid lamun waktuna shalat, sakalian ngadon reureuh. Ti mimiti Masjid Agung di Tanjungsari - Sumedang, terus maju ka wetan-keun, nepi ka Masjid Agung di Kaliwungu – Semarang, geus pernah kasaba pikeun ngadon reureuh, ngadon shalat, malah mun kabeneran inditna ti Bandung poe Jumaah ge, di masjid-masjid sapaparat jalan geus pernah ngadon Jumaahan.

Nu jadi matak reueus, malah bisa disebut rada-rada sirik jigana, sanajan masjid ayana di sisi jalan nagara, tapi dina waktu Khutbah Jum’at teh, masih keneh rea nu ngagunakaeun bahasa Jawa, bari tangtu jamaahna aya nu teu bisa basa Jawa, tapi Khatib mah tetap make basa Jawa. Ieu nu matak jadi reueus teh, urang Jawa mah, masih keneh cinta kana basana sorangan.

Kumaha ari di urang ? Maaf-maaf, pernah ngadon Juma’ahan, di salah sahaiji masjid, didieu di urang, di Bandung, khatibna make Basa Indonesia, tapi ari lentong, lentong Sunda pituin, malah nepi ka dialekna oge apal, yen dialek kitu mah, tangtuna oge ti lembur Anu, bisa kabade. Ngan nu matak jadi prihatin teh, naha henteu make Basa Sunda bae sakalian, ngarah puguh ngomentaranana, da ieu mah jadi pabaliut, basa Indonesia diselang-selang ku Basa Sunda, nepi ka eusi materi jadi paburantak, taya pupurieunana.

Sakali mangsa pernah aya nu minangsaraya, urang Sunda pituin, hayang dipangaturkeun acarana, dina acara Walimatul Urusy anakna nu awewe. Sok rada talete ti dituna mah, rek ku Basa Sunda naha rek make Basa Indonesia cekeng teh. Kumaha jawabna ? Ku basa Indonesia we cenah, Basa Sunda mah asa rada ngampung cenah, nepi ka kitu tah. Bari padahal anjeunna teh urang Sunda, urang lembur malah, anu sapopoena oge make keneh basa Sunda, tapi ari ngajawabna jiga kitu. Na ana der teh dina waktuna, bubuka dina acara ngahaja make basa Indonesia, sakumaha pesenan nu mere “order”. lagu pihak lalaki nyerenkeun panganten lalaki mah, make basa Sunda, bari tamada, rumaos urang Sunda cenah, rek make basa Sunda we. Nu kaeraanana ? Saha deui mun lain Panata Acarana, nu sok beregegeh mamalayon tea, harita keneh ngahaja, acara ka dituna make deui Basa Sunda, nu boga hajat ukur tungkul, nahan kaera.

Malah teu jauh-jauh, aya baraya, dulur deukeut keneh pisan malah, sakalieun menta dipangaeusiankeun acara Syukuran bari ngomat-ngomatan kudu make Basa Indonesia, cenah. Basa Sunda mah isin ku tatangga.
Waktuna ngariung, disidik-sidik teh, lolobana mah urang Sunda, geus puguh kitu mah, der….. weh, ngagunakeun basa Sunda deui bae, nu dina rencana make basa Indonesia teh, kumaha pamustungannana ? nu jadi dulur kukulutus beak karep, era pajarkeun teh, hayoh wae mamake basa Sunda. Lain dongeng eta teh, kanyataan.

Hiji deui, didieu, di lembur, Di Ciborelang, dina bulan Ramadhan nu anyar kaliwat, sakumaha biasa di masjid-masjid sejenna, samemeh shalat Taraweh teh, sok aya Tausyi’ah singget, bekenna mah KULTUM, kuliah tujuh menit, malah aya nu sok nyebut KUTIL oge, kuliah tilu menit, ngadon dicaratet ku barudak, laporkeuneun ka guru-guruna di sakola. Sakalieun ……., aya weh, nu biantarana make basa Sunda, na da barudak teh ngadadak jadi saheng, ngadon ngobrol bari heureuy silih-surungkeun jeung pada baturna. Waktu ditanya, kunaon teu dicatet nu ceramah teh. Kumaha jawabannana ? “Nggak ngerti”, cenah, “Pake basa Sunda !”, nepi ka kitu tah, waktu ditanya teh anak saha-sahana, ih……, na da kolot-kolotna mah urang Sunda tateh, aki-ninina urang Sunda keneh deuih, tapi na ari incu-incuna ?, “Nggak ngerti”, cenah, “Basa Sunda mah susah”.
“Susah mana sama matematika ?”
“Susah basa Sunda atuh !” Cek budak bari molotot. Nepi ka dinya.

Hiji deui keur ngumplitanana, sakali mangsa dina Poe Jumaah, di hiji sakola, khatibna aya halangan teu bisa datang, pangurus masjid kokotengan neangan khatib cadangan can meunang keneh bae, kakarek bubar mere kuliah, pangurus masjid nyampeurkeun : ”Ulah waka mulih”, cenah. “Didieu teu aya khatibna, pangeusiankeun”. Dina saku aya oge konsep khutbah make basa Sunda. “Keun bae make Basa Sunda ? cekeng teh, lantaran apal ti mimiti pupuhu nepi ka handap nu jadi pangurus masjid di ieu sakola teh, urang Padang wungkul.
“keun bae…lah” Cenah, “Ti batan Juma’ahan bubar, alatan euweuh khatibna mah, wirang sarerea”.

Der …… weh, khutbah make basa Sunda, di hareupeun mahasiswa, di hareupeun dosen-dosen nu kabeneran loba urang Padang-na tea. Beres Juma’ahan, rajol nu ngarajak sasalaman, malah babaturan dosen mah aya nu togmol :“Baru pertama kali saya dengar khutbah Basa Sunda, enak mendengarkannya”. Bari ngeukeuweuk leungeun, nyekelna pageuh pisan. Pangurus masjid nyampeurkeun :“Mulai bulan depan dan seterusnya, Bapa akan kami tetapkan untuk mengisi Khutbah disini, biar memakai Basa Sunda juga”.

Tina sababaraha kajadian nu disebutan tea, jigana bakal kakoreh, kumaha susahna, kumaha hesena para pamikir ngokolakeun cara jeung upaya sangkan basa Sunda, jadi basa nu dipikareueus deui ku seke-selerna, ku urang Sunda. Moal rek ngajukeun usul, da yakin balatak para ahlina, kumaha cara jeung alpukah nu bakal diguar ku para ahli, Sastrawan Sunda, urang Sunda.

Ngan aya hiji pangalaman, praktek di lapangan, kerenna mah, di lembur, di masjid gigireun imah, tiap ba’da Shalat Subuh, jamaah masjid tara terus bubar, tapi ngariung deui, antara satengah jam-an mah, nepi ka jam satengah genep paling beurang ge, kira-kira 20 atawa 30 jamaah paling loba, ngaguar deui Al Qur-an, dipesek jeung tafsirna, tina sabaraha tafsir nu jadi rujukanana, Tafsir Ibnu Katsir, Jalalain, Maraghi, nepi ka jucungna Tafsir Ayat Suci Lenyepaneun, beunangna Bapa Moh. E. Hasim.

Anehna tina sababaraha rujukan anu disebutan bieu teh, umumna jamaah masjid teh, rea keneh nu kataji ku basa Sunda anu digunakeun ku Bapa Moh A. Hasim dina Ayat Suci Lenyepaneun tea, basa sastrana asa nyampak, atuh guaranana dina nafsirkeun Surah-surahna estu merenah pisan. Sok komo mun nu macakeunana tapis dina basa Sunda, ti mimiti ngagunakeun dialek, jeung madakeun kosa-kata, bari puguh ngagunakeun titik koma jeung tanda baca sejenna, nepi ka kadang-kadang, mun kabeneran kudu eureun dina kakagokna nafsirkeun teh, rea keneh jamaah, nu ngarasa gantung denge, gantung teureuyeun mun dahareun mah, cenah.

Kasimpulanana, rea keneh sabenerna mah, nu resepeun make keneh basa Sunda teh, ngan nu jadi halanganana nya tadi tea, nu boga rasa ngampung, mun make basa Sunda, rajeun make basa Sunda, pasolengkrahna beak karep, nepi ka tungtungna, aya sabaraha urang Sunda nu ngarasa inggis jeung sieun salah ngalarapkeun basa Sunda, nepi ka kajeun teuing teu make basa Sunda cenah, sieun ngerakeun, alesanana mah.

Lebah dinyana mah pantes, tong boro nu awam atuh, eta we nengetan acara di TV, dina “Bruk-brak”, ngobrolkeun karangan-karangan basa Sunda, tapi panata acarana, dina ngagunakeun basa Sunda, pacampur-pagaliwota jeung basa malayu, lir jalan di kota Bandung, sedan, beca, mobil, sapedah jeung roda dorong aya kabeh, pasolengkrah.

Malah pamustunganana harita, cik cenah, ka pangarang-pangarang Sunda, hirupkeun deui carita-carita jurig nu baheula pernah jadi primadona di tatar Sunda teh. Sangkan etnis Sunda raresepeun deui maca karangan-karangan dina Basa Sunda.

Teu kudu kitu asana, teu kudu muhit deui jurig-jurig nu marakayangan jiga baheula, malah sakudunu mah diajak kana tauhid ka Allah SWT, urang Sunda teh. Salah sahijina, pangarang-pangarang Sunda ngagiring masarakatna sangkan jadi urang Sunda anu Islami.

Cag.

BASA SUNDA ( Carpon ) "SAPEDAH"


Sakumaha nyaahna kanu jadi anak, sakumaha deukeutna hiji anak kanu jadi bapa, tetela geus rumah tangga mah, kanyaah budak kanu jadi kolot teh katambahan ku kulawargana, pamajikannana, minantu awewe meureun kuring mah nyebut teh.

Ti heula waktu mimiti rumah tangga, si Cikal ngahaja datang, bebeja meureun ti dituna mah, hayang diajar rumah tangga sorangan, najan teu jauh, tapi hayang misah cenah, hayang diajar macakal sorangan.

Ningali sareat mah, asa reureug ningali kahirupan rumah tangga si Cikal teh, malah baraya nu sejen mah nepi ka pok pisan, kayungyun cenah ningali rumah tangga barudak teh, taya cawadeunana, matak reueus pikeun nu jadi kolotna, komo indungna mah, katambah-tambah ka minantu teh, teu asa-asa mi-anak teh, lantaran kabeneran boga besan teh, urut sobat, baheula jaman keur kuliah, sagala kasuka nu jadi anak, teu weleh bebeja kanu jadi kolot, boh ka kuring indung bapana, boh ka ditu, ka mitohana, kanu jadi besan, nya kitu deui kasusah nu jadi anak, teu weleh kuring jeung pamajikan kabejaan.

Sakalieun sono kanu jadi anak, sok ngajakan besan, ngahaja nelepon ka Padalarang, ka Si Dodi. “Dodi urang geus sono ka barudak, rek ngadon ngendong di Si Adi, mun maneh salse mah, urang bareng, ngadon malem Minggu diditu”. Mun geus kitu, Malem Minggu teh jadi rame di imah si Cikal, da nu ngendong jadi nambahan, henteu kuring wungkul, katambahan kunu jadi besan.

Kanikmatan ningali rumah tangga barudak, estu komplit mun pareng dina poe Minggu-na, shalat Shubuh teh, kabeh berjamaah di masjid gigireun imah, nu jadi imamna si Cikal, ngahaja dijujurung, da budakna mah sok nolak, hoyong diimaman ku Bapa, basana mah, tapi ku kuring sok digedean hate, Bapa jeung mitohana mah, ukur semah, nu jadi Imam di masjid eta mah, kapan manehna, najan bari rada seunggah ge ari dikeukeuhan ku duaan mah, teu burung laju. Di-imaman kunu jadi anak, bari bapa jeung mitoha ngamamum tukangeunana, kanikmat teh asa nambahan, malah sok teu karasa cimata teh sok miheulaan nyurucud, dibarung ku eusi dada lir aya nu ngeundeuk-ngeundeuk, kanikmatan nu hese neangan bandinganana.

Bari silih tungtun jeung Si Dodi, besan, sobat kuring tea baheula :”Bagja Maman euy, urang mah, boga minantu teh, jaba nyantri, ngimaman sakitu tegepna, lagam kitu mah asa ngadenge Imam Masjidil Haram, baheula, basa urang keur ibadah haji tea nya ! Imah atuh sakieu mah teu goreng-goreng teuing, buktina urang ge bisa ngendong sagala rupa, malah si Lia mah peuting tadi ngadongeng, cenah Si Adi naek deui jabatannana di kantorna, muga-muga we urang teh bisa riung mungpulung kieu teh, nepi ka jaga”.
“Amiiin…….. “ Cek kuring bari ngalimba.


-----mmd----

Poe Senen kuring geus balik deui ka imah, nya kitu deui Si Dodi geus ka Padalarang deui jeung pamajikanana.

Jam 3 Sore, masih di masjid tas Shalat Ashar, aya beja ti Si Lia, minantu, nelepon ka imah, cenah salakina kacilakaan, nabrak nu tumpak sapedah di jalan. Teu kungsi lila, kring telepon disada deui, si Dodi ti Padalarang :”Maman !, si Adi nabrak nu tumpak sapedah, cenah cek si Lia bieu, mun maneh rek kaditu, ku urang disampeur”.

“Enya Dod !, bieu ge Si Lia nelepon kadieu, mun rek kaditu mah, sampeur urang”.

Di imah, Si Adi keur shalat keneh, rada lila ngadagoan teh rarasaan mah, kaluar ti kamar Si Adi katingali teu eureun-eureun babacaan, kuring nu teu sabar, buru-buru nanya :”Kumaha mimitina eta teh Aa ?”, kitu biasana ge kuring mah ka Si Cikal teh, nga-Aakeun adi-adina.

“Ari katingalna mah, nu tumpak sapedah bade mengkol ka katuhu, tapi duka kumaha janten geubis, jalmina persis geubis dina ban payun pisan, teu kabujeng ngerem, tos kagiles manten”.
“Ayeuna dimana jalmana, Aa ?”. Besan milu nanya.
“Harita keneh ge teras dibantun ka Boromeus, malihan sapedahna mah aya keneh dina bahasi mobil, sakantenan dirawatan, bilih ical maksad mah”. Cek si Adi. “Mung tadi teh, aya rakana nu tumpak sapedah tea, rada emosi ka Aa teh, mun teu pada ngahalangan ku bapa-bapa ti pulisi mah, da jigana teh hoyong sabek-bek-keun nonjok, malah bari ngancam sagala rupi, bade nuntut ka pangadilan, saurna teh”.

“Ari geus diuruskeun ku pulisi mah, alus, syukur malah, sugan we beres roes, teu aya barebedanana”. Ceuk kuring.
“Muhun, Pa ! Pidu’ana wae ti sadayana, da tadi teh di Kantor Pulisi, diriungkeun sagala rupi, sareng kaleresan deuih nu janten Kapolsek-na teh, rerencangan sakola Aa nuju di SMA 4 kapungkur, janten ngadon re-uni di kantor pulisi, sono tepang sareng rerencangan sakelas”.

“Ari eta, kumaha nu tumpak sapedahna, parna henteu, cek dokter ?”.

“Kana lami, saur Dokter mah di opnamena, tadi teh, da sampean anu kiwa, kageleng pisan ku ban payun nu palih katuhu, keun soal biaya mah, mung nu janten hariwang teh, eta rakana, emosi bae teu liren-liren”. Cek Si Adi.

Sarerea kaluar ti imah, ngadon ningali sapedah nu rek dtkaluarkeun tina bahasi mobil, bari ngangkat sapedah teh, si Adi nyarita :”Sapedah antik ieu mah, Pa, mani sakieu abotna kieu, sapedah kapungkur jigana teh, mung sae nu ngurusna, jigana teh, mani masih harerang keneh kieu”.

“Geuning sapedahna mah teu kua-kieu, Aa?”. Cek Besan.

“Da sapedahna rada tebih ragrag na teh, mung jalmina wungkul, geubisna pas pisan dina ban payun”.

Ningali sapedah nu keur dijungjungkeun ku Si Adi, kuring mah molotot we mata simeuteun, malah bari jeung ngadegdeg sagala rupa, apal…, apal pisan, kana sapedah ieu mah.

Najan geus leuwih ti opat puluh taun ge, moal nepi ka poho asana, kana sapedah ieu mah, sapedah Apa almarhum, sapedah lalaki, nu make palang tea.


-----mmd-----

Baheula teh keur budak diajar tumpak sapedah, dicorok ti beulah kenca, ngaboseh bari dengdek, lantaran awak mah kahalangan ku palang sapedah tea, ari mancal can nepi kana palangna mah, da budak keneh tea, bulak-balik ti tungtung Jalan Siti Munigar beulah Kaler, nepi ka Jalan Siti Munigar beulah Kidul, malah mun pareng poe Saptu atawa Minggu pasosore mah, sapedah teh tara dianggo ku Apa, sok ngahaja ngadon diajar sapedah ka Tegallega, bari lalajo maen bal, lantaran harita di Tegallega, sisieun lapang maen bal teh, sakurilingna sok dipake nu sasapedahan, sok waas palebah sapedah diboseh teh, ngageleserna ban sapedah ngageleng batubara, nu ngampar sakurilingeun lapang maen bal, mun geus cape, ngadon jajan Es Soda, tina teko keramik bodas, di kucurkeunana ku tukang Es nepi ka sadeupa kaluhur, sangkan cai soda nu dikucurkeun kana gelas teh ngabudah, matak nyereng kana irung.

Mun teu kitu jajan es sirop, sirop jeung cai dikana teko kaleng-keun, nu dieusian es batu, memeh dikucurkeun, sok digodeg-godegkeun heula kana papan tanggungan tukang, sangkan siropna karasa leuwih tiis, matak nyecep kana tikoro nu hanaang, lantaran cape tas kukurilingan, ngurilingan lapang bola.

Bari sakapeung mah sok rada nakal tukang es na teh, lain es batu nu digodeg-godegkeun kana papan teh, tapi tutup keler beling, ti luar mah siga es batu, kanyahoan teh waktu diinum, naha es sirop teh teu karasa-karasa tiis, sihoreng es batuna diganti ku tutup keler beling.

Sakali mangsa Apa teh teu damang, biasa harita mah mun Apa teu damang, sok hoyong dipanggodokkeun susu ti Gang Ijan, nepi ka ayeuna tukang susu di Gang Ijan mah aya keneh, ari nu sok dipiwarang ku Apa, nu jadi Emang rai Ema nu bungsu, ti Jalan Siti Munigar ka Gang Ijan teu pati jauh, kabeneran harita kuring keur ulin jeung babaturan, di lebah Gang Wiria, nu jadi Emang ngaliwat kana sapedah bari ngajingjing rantang, dina setang sapedah.
“Mang Undang……, bade kamana ?” Cek kuring harita.
“Ka Gang Ijan meser susu, rek ngiring ?”.
Teu ngadua kalian nu ngajak, kuring ngajleng, mancal kana boncengan tukang, ninggalkeun babaturan, nu keur ucing sumput.

Balik ti Gang Ijan, nu keur ucing sumput masih keneh aya, kuring ngajleng deui bari nukang, maksud mah rek miluan deui ucing sumput jeung nu sejen, tapi barang turun tina sapedah, dina pingping karasa aya nu peurih, ditingali kahandap, dina bitis katuhu getih baloboran. Kuring ngagoak ka nu jadi Emang. Les weh teu inget naon-naon deui.

Inget-inget, Apa nu nuju teu damang teh, keur ngagulang-gaper pingping katuhu diperbanan.

“Tikait kana lampu pengker, jigana si Maman teh, Kang”. Cek Mang Undang ka Apa.
“Omean, geura isuk mah lampu sapedah teh ? Saur Apa.
Saminggu leuwih teu bisa asup ka sakolana ge harita, malah nepi ka ayeuna, opat puluh taun leuwih, urut raheut kana lampu sapedah tukang, aya keneh, ngajepat leuwih ti sapuluh sentimeter, dina pingping beulah katuhu.

Isukna memeh lampu sapedah diomean, rai pisan Apa nu katilu, ngahaja rek nambut sapedah cenah, ka Kosambi ngagaleuh perlengkapan militer.

Keur di Kosambi harita, sapedah aya nu maok, rai Apa nepi ka nikreuh ti Kosambi ka Jalan Siti Munigar, bari jigana sieun diseuseulan ku Apa pedah sapedahna aya nu maok.

Ti harita, kuring teu pernah tumpak sapedah deui kagungan Apa.


-----mmd-----

Ari ayeuna opat puluh taun leuwih, sapedah teh katingali deui keur dijungjungkeun ku Si Adi, tina bahasi mobil, yakin sapedah teh nu Apa baheula, yakin pisan, malah lampu tukangna ge can diganti, masih saperti baheula keneh, lampu tukang nu ngajadikeun pingping katuhu kuring nepi ka ayeuna pitak, leuwih ti sapuluh sentimeterna.

“Adi…… !, ieu mah sapedah Aki, kapungkur”. Cek kuring ka Si Adi, bari dareuda ngomong teh, teu sangka bakal ningali deui sapedah kameumeut baheula, jaman keur budak.

“Akh…….., piraku Bapa mah, maenya sapedah nu Aki, kapan Akina ge tos teu aya”. Cek Si Adi, yakin teu percayaeun.

“Enyaan….. ! yeuh tingali…….”, Cek kuring bari morosotkeun calana, poho dikaera hareupeun besan, ningalikeun pingping tukang nu katuhu. “Yeuh pitak ieu teh, alatan ti kait kana lampu ieu, lampuna ge kieu keneh teu robah ti jaman Bapa budak baheula”.

“Enyaan eta teh Maman ?” Cek Si Dodi bangun nu teu percaya.
“Yakin pisan, Dod, ieu teh sapedah Apa nu ical di Kosambi keur ditambut ku Mang Udin, rai Apa, baheula”. Cek kuring.

“Lamun kitu urang tanyakeun kanu bogana, timana ieu sapedah nepi ka katabrak ku Si Adi”. Cek Si Dodi, bari gogodeg, ngarasa aneh, puluh-puluh taun sapedah leungit, kari-kari ayeuna, aya di hareupeun bari nu makena katabrak ku si Cikal, nepi ka diopname di Rumah sakit Boromeus.


-----mmd----

-
Isukna pasosore, Si Adi balik besuk cenah mah, jeung babaturanana nu jadi Kapolsek tea, daratang kaimah, dituturkeun ku semah teu wawuh samobil, rengse shalat Maghrib, ngariung di kamar tamu, hadena ruang tamu di imah Si Adi rada lega, nepi ka kuring jeung besan ge bisa milu ngariung, matotoskeun nu katabrak ku Si Adi tea, enya we tipoporongosna mah, lanceukna nu katabrak cenah mah, ti kantor pengacara, disebutkeun kantorna, kaasup pengacara senior di kantor eta, manehna teh cenah mah.

Babadamian nepi kana tungtutan materi, nu diajukeun ku si pengacara tea, alesanana Si Adi nyupiran mobilna kurang ati-ati cenah, jumlah tungtutanana, lain bantrak-bantrakeun model kuring, malah si Dodi ngan ngahuleng we, ngadenge Si Adi ditungtut model kitu teh.

Ari kuring ngan ukur bisa neges-neges sepuh nu marengan si pengacara tea, anu ti barang jol tadi, teu pisan ngajak nyarita, atawa teu pisan milu ngobrol, estu ukur ngeluk we tungkul, teu muka sora pisan.

Ras weh inget kana sapedah Apa tea. Panasaran kuring nanya ka si Pengacara tea :”Punten Yi, megat saur, Akang teh, bade tumaros, dupi nu kagungan sapedah nu katabrak ku pun anak teh saha ?”. Ngahaja nyebut Ayi, da yakin sahandapeun kuring umurna mah, boa sapuluh taunan leuwih gesehna jeung kuring mah.

“Nu Bapa abdi, tah ieu pun Bapa, sapedah antik eta teh, cocoan pun Bapa ti baheula, dan ngan ditatap-diusap bae ku pun Bapa, ti abdi keur budak keneh pisan, malah ti keur abdi dikandung keneh saurna teh, tos aya, teu gentos-gentos sapedah eta mah, sapedah buhun, sapedah antik” Cenah bangun nu reueus.

“Leres eta teh Bapa, sapedah kagungan ? Ceuk kuring, bari malik ka Bapana si Pengacara tea.
“Leres, gagaduhan”. Ngajawabna halon pisan.
“Manawi teu kaabotan, abdi tumaros, timana ngagaleuhna kapungkur teh, sapedah antik model kieu ?” Cek kuring.
Teu ngajawab, kalah ngaheruk, beuki tungkul.
“Naha Bapa sagala ditanyakeun, urusan sapedah bae ditatanyakeun, kuring kadieu teh lain urusan sapedahna, tapi urusan nu ditabrakna, itu tuh nu keur diopnamena, nu rek diuruskeun mah, lain urusan sapedahna, da puguh sapedahna teu nanaon, teu cecel teu bocel ieuh sapedahna mah”. Ceuk si Pengacara, basana mimiti kasar.

“Kieu maksad teh, kaleresan Cep Hanafi nu janten Kapolsek nuju kempel, atuh nu gaduh sapedahna oge kaleresan nuju aya, ngariung sareng urang sadaya, ari dongengna mah kieu ieu teh, pedah ningal sapedah eta, sim kuring teh gaduh kayakinan, sapedah eta teh nu gaduhna kapungkur, pun bapa, akina Si Adi, pun anak. Ari nu mawi wantun ngangken, margi yakin pisan sapedah ieu teh cocoan abdi keur budak baheula, malah kantos dugi ka cilaka alatan naek sapedah ieu, dina pingping pengker anu palih katuhu dugi ka ayeuna aya keneh pitak, tapakna, tikait kana lampu pengker, malihan katingalna ge lampu sapedah pengker teh, teu dirobih, teu digomeng-gomeng pisan jigana teh, dugi katingal deui asa baheula. Harita teh nuju di anggo ka Kosambi ku pun paman, payuneun toko peralatan militer, peuntaseun rel kareta api palih Kulon, sapedah teh aya nu ngiwat, aya nu maok, panginten kasarna mah, dugi ka ayeuna, ari kamari katingali deui ku sim kuring, aya dina bahasi mobil pun anak, bet janten ngangres, da biasana ge ari kana barang sorangan mah, masih puluh-puluh taun ge moal hilap…………”.

“Akh…., teu mungkin, ceuk sayah ge tadi, sapedah ieu mah geus aya ti keur kuring dikandung keneh ge”. Si Pengacara motong carita kuring heuras naker.

“Numawi, Akang teh kumawantun, tumaros ka tuang rama, manawi tiasa ngajentrekeun, nalika ngagaleuh kapungkur teh timana, atanapi ti saha. Insyaa Allah, dina hate mah teu aya sangkian awon Akang teh, ieu mah pedah ku kapanasaran wungkul, wireh sapedah eta teh, akang mah apal keneh pisan nepi ka bubuk leutikna, ti awit sadel, sela, nu rada ngajorok kapayun, teu aya baturna harita ge, jaman Akang masih sok sasapedahan di Tegallega, komo ayeuna, atuh komo kana lampu pengkerna mah, rupina teu dirobih-robih ku tuang Rama teh, malah lampu eta pisan nu matak janten malikan deui gambaran baheula kana eta sapedah teh, numawi hoyong terang asal muasalna ti tuang rama, meungpeung kaleresan nuju kempel kieu, sareng kasaksen ku Cep Hanafi nu utami mah”. Cek kuring panjang lebar.

Si Bapa ngan ukur tambah ngeluk, teu lemek teu nyarek, teu sakecap-kecap acan. Nu ngadago-dago jawaban geus silih pelong, Hanafi babaturan si Adi nu nyoara teh : “Mangga Pa, manawi tiasa ngawaler ?” Cenah.

Si Bapa tanggah, sidik cipanonna ngeyembeng, ku sarerea ge katingali, bari ngusap beungeut, nyanghareup ka anakna :”Hampura….. Bapa ! Ujang. Jigana anu didongengkeun ku ramana pribumi teh bener. Harita, enya ujang keur dikandung keneh, malah keur bulan alaeun harita teh, Bapa teh rumasa geus kausap setan, mikiran pamajikan sabrol-broleun, tapi can boga bekel, keur biaya ngalahirkeunana, keur bingung kitu, di sisi Rel Kareta Api, beulah wetaneun Pasar Kosambi, di hareupeun toko perlengkapan militer, ningali sapedah keur distandarkeun dina trotoar, regeyeng we dibawa, kabeneran teu dikonci, dibawa ka Stasion Cikudapateuh. Ari datang ka imah, Ema hidep hariweusweus, dikeupeulan ku Emang maneh cenah ti Tasik, bekel keur ngalahirkeun, teu panggih jeung Bapa mah, ngan Ema hidep nu tatanya, sapedah saha cenah eta teh, dijawab ku Bapa, nu mihape jualeun, nepi ka hidep brol teh, sapedah teu nepi ka dijual, da Bapa ngarasa dosa, rek dibalikkeun, dibalikkeun ka mana, da teu apal kanu bogana ge, rasa dosa teu weleh ngeusian dada, tungtungna sapedah teh dipiara we, ditatap diusap, diberesihan meh unggal usik, dipake ge ari aya perlu we wungkul, teu perlu-perlu teuing mah, Ujang ge apal, tara dipake sapedah teh. Kabeneran ayeuna kumpul jeung ahli warisna, atuh Bapa Pulisi oge aya, mangga Bapa teh nyerenkeun maneh, sugan bisa nebus dosa, lantaran baheula pernah ngarasa kausap setan, sugan teu beurat teuing wawalesna ti Pangeran, ka pribumi, nyanggakeun sapedah teh, jigana leres nu Tuang Rama………sidik bapa nu maok sapedah teh”. Teu kebat, segruk weh ceurik eueuriheun.

Sarerea olohok, komo anakna mah, teu nyangka jigana Bapana baheula ngalaman jiga kitu, kuring ge bareuheudeun, inget ka Apa almarhum, inget kana sapedah, inget keur Apa ngagugulung nu raheut, keur merbanannana, keur ngurus raheut, ku cai haneut, ku “Permanganat”.

Teu karasa jung nangtung, brek sideku hareupan si Bapa, bari dareuda ”Bapa, sawalerna hapunten abdi, tos kumawantun ka Bapa”.

“Ih, henteu kasep, lain…., lain hidep nu salah mah, Bapa nu puguh salah mah, anggur mah hampura Bapa teh ku hidep, ku kulawarga didieu, sugan dosa Bapa ngurangan saeutik-eutikeun”. Bari tetep nginghak

“Bapa, oge ka sadayana bae para tamu, Insyaa Allah, sim kuring ngawakilan pun bapa, ngawakilan pun Aki nu parantos almarhum, kalepatan sareng kaluluputan Bapa tipayun, dihapunten ku sim kuring sakulawarga, sawalerna sim kuring, nyuhunkeun dihapunten rehna putra Bapa nu kadua parantos kenging kamusibatan alatan kendaraan nu nuju dibantun ku abdi, perkawis ongkos opnameu di Rumah Sakit, sapertos nu didugikeun tadi di rumah sakit, Insyaa Allah, abdi nu tanggel waler pikeun mayarna ka Rumah sakit, mugi-mugi bae pangalaman ieu teh sing janten hikmah pikeun urang sadaya, malah mugia sing janten beungkeutan silaturahmi, antawis kulawarga sim kuring sareng kulawarga Bapa………..” Can ge tamat si Adi nyarita, si Pengacara tea geus ngagabrug manten :”Ulah diteruskeun…….., kasep, hampura anggur mah Bapa, basa ge geus garihal tadi mah, sakali deui hampura Bapa, hampura……… kolot bapa”. Bari nyegruk dina taktak Si Cikal.






-----mmd-----

BASA SUNDA ( Essay ) "TAKSI"

"Entong boro Gusti, Nu Maha Tingali, pelayan di rumah makan Padang ge apaleun ka karuptor mah" kitu cenah ungkapan anu katangkep harita, ari maksudna mah kieu, para pelayan di rumah makan Padang geus pada apal mun pareng aya nu ngadon dahar ka tempatna, heg kaasupkeun atawa kaanggap ku para pelayan teh "koruptor", mun beres daharna waktu diitung jeung ditataan naon-naon nu didaharna, mun tea mah jumlahna teh upamana bae Rp 185.000,- sebutkeun weh Rp 285.000,- tah si koruptor teh cenah bakal ngaluarkeun dompetna Rp 300.000,-, bari ngucapkeun : "Kembaliannya, ambil saja !", bari tara-tara acan menta bon, atawa mun tea mah diasongkeun bon tagihanana, sok langsung diririkes, bari lung dialungkeun kana wadah runtah. Geus umum cenah kitu.

Mun neangan duitna gampang ( komo mun tina basilat tea) ngaluarkeunana ge cenah gampang deui.

Tapi lain deui anu kaalaman ku para supir taksi di Bandung, kabiasaan para tamu, khususna nu datangna ti Jakarta, mun pareng naek taksi di Bandung, baheula eta teh keur anyar keneh kota Bandung aya taksi, make keneh argometer harita mah, mun dina argometer teh jumlah Rp 34.000,- upamana, sok dibayar ku duit Rp 50.000,- bari pulanganana tara ieuh dipenta deui, cukup saperti tadi we kitu : "Kembaliannya, ambil saja !" cenah.

Jiga teu pira, tapi mun dilenyepan geura, rambat kamalena teh kapan ka konsumen anu pas-pasan mah matak bobor karahayuan, da mayar taksi asa dirampog basana ge. Konsumen teh jiga aya kawajiban kudu mayar leuwih tea.

Ku kabiasaan jiga kieu teh, lila-lila mah nya katagihan para supir taksi teh, pamustunganana argometer teh diculkeun, malah teu saeutik nu ngahaja diruksak, sangkan nu naek kana taksina teu make argometer deui, tapi saluyu jeung harga nu geus biasa ku maranehanana katarima, malah kabehdieunakeun mah sok aya nu sok rebut tawar heula.

Mun tea mah aya panumpang nu menta disetelkeun argometerna, dijawabna teh bari kukulutus :"Argo na rusak ti jaman Nabi Adam keneh Pa", atawa mun pareng aya nu tatanya teh, ngajawabna matak pinapsueun : "Meuli mobil sorangan we, hayang nu murah mah".
Kabiasaan kieu teh nepi ka emper-emper ka propinsi sejen, malah sok aya semah ti propinsi sejen, mun rek ka imah teh, geus teu wanieun kana taksi, basana teh : "Taksi di Bandung mah make argo kuda" cenah.

Lila sabenerna mah, taksi kota Bandung boga cap "Argo kuda" teh, tapi nya kitu tea, bisnis jalan terus, rejeki mah kapan aya nu ngatur tea, nu pro jeung nu kontra, teu kurang-kurang, tapi angger jigana bisnis taksi di kota Bandung katingali porsina masih keneh "bisa menjanjikan" nepi ka "Blue Bird" armada taksi ti Jakarta, tohtohan milu guyang di jalan-jalan kota Bandung.

Nu dijadikeun kojona ku "Manajemen Blue Bird" harita, nu tumpak taksi "Blue Bird" mayarna, sakumaha nu dicatet tina argometer. "Bayar sesuai Argo" cenah.

Jiga teu sabaraha katingalina, tapi pikeun konsumen jadi pamikat anu kacida ditunggu-tungguna, komo keur konsumen pituin urang Bandung mah, lila-lila cuw-cew ti para konsumen, komo mun pareng aya tamu ti luar kota Bandung, ti awal keneh geus diwanti-wanti, mun naek taksi pake "Blue Bird", cenah.

Akibatna geus pada mafhum, taksi heubeul teu pati dipirosea deui ku konsumen, mun teu rek disebut pada ninggalkeun oge, nepi ka "Manajemen Blue Bird" na sorangan kawalahan, loba teuing pesenan, jeung jigana 100 taksi teh meh-mehan kawalahan, loba pesenan nu kapaksa bolay.

Supir taksi heubeul murka, beakeun panumpang cenah, nepi ka "Blue Bird" pada nalenggoran, nepi ka aya nu diruksak sagala rupa, alesanana rupa-rupa, taksi "Blue Bird" ngaluarkeun leuwih ti 100, pedah nomor urut mobil aya nu ngaleuwihan angka 100 cenah, malah anyar-anyar keneh mah rek demonstrasi deui, mun teu pada ngalelemu mah jigana matak bangkar enya.

Padahal kasang tukangna lain taksi heubeul beakkeun panumpang, tapi memang panumpangna geus embungeun deui naek taksi heubeul nu make "argo kuda" tea.

Mun tadi diawal tulisan, persenan nu dijadikeun kabiasaan, malikeun deui kana cara nu wajar teh jadi hese menerkeunana oge, tuntungna jalan pintas nu digunakeun, demonstrasi, reformasi nu kabablasan tea.

Malah cek Yayat Hendayana mah reformasi kiwari teh wanohna karek kana kabebasanana wungkul, mun aya teu kapanuju, der weh demonstrasi, paheuras-heuras genggerong.

Da jigana, mun tea mah supir taksi heubeul ngagunakeun deui argometer mah, komo mun dibarengan ku tindak-tanduk "anu someah hade ka semah" tea, piraku rek pada ninggalkeun.

DAKWAH : NGABAGEAKEUN SASIH RAMADHAN


Qalallaahu ta 'alaa fii qitabihil kariim.
A 'udzubillaahi minasy syaithaanirrajiim. Bismillaahirramaanirrahiim.
Yaa ayyuhalladziinaa aamanuu kutiba 'alaikumush shiyaamu kamaa kutiba 'alalladziina min qablikum la 'allakum tattaquun. Al -ayah.
Dina sasih Sya'ban katompernakeun lima belas abad nu parantos kalangkung, sapertos sasih ieu, Nabi Muhammad SAW khutbah dipayuneun para shahabatna : "He sakabeh manusa, satemenna geus datang pikeun aranjeun, bulan Allah Azza wa Jalla, bulan anu mawa barakah, rahmat jeung maghfirah. Bulan anu mungguh Allah mah pang-utamana, bulan anu sapopoena estuning anu pangutama-utamana, nya kitu deui peutingna, estuning peuting anu pangutama-utamana, dina eta bulan, waktuna oge ngarupakeun anu pangutama-utamana waktu. Dina ieu bulan aranjeun diondang khusus ku Allah SWT, jeung aranjeun kaasup kana golongan anu meunang pangbagea khusus ti Allah SWT.

Engabna nafas aranjeun dina ieu bulan tasbeh, sare aranjeun ibadah, pagawean aranjeun ditarima jeung do 'a aranjeun bakal dikabul. Ku kituna aranjeun menta ka Allah, Rabb aranjeun, dibarengan ku niat anu ikhlas jeung qalbu anu beresih, sangkan Allah ngabingbing aranjeun dina maca kitab-Na jeung waktu aranjeun shaum".

"Saestuna jalma anu cilaka teh nyaeta jalma anu henteu meunang ampunan Allah dina bulan anu agung ieu. Rasa lapar jeung halabhab aranjeun dina ieu bulan, sangkan aranjeun inget kana rasa lapar jeung halabhab dina poe kiamat jaga. Sadaqah aranjeun ka fakir miskin, hormat tilawat ka saluhureun, nyaah ka sasama jeung ka sahandapeun, sambungkeun silaturahmi, jaga ucapan aranjeun, jaga panenjo aranjeun tina hal-hal anu lain tenjokeuneun, jaga pangdenge aranjeun tina hal-hal anu lain dengekeuneun. Pikanyaah barudak yatim, tanwande bakal dipikanyaah anak-anak yatim aranjeun. Geura taubat aranjeun ka Allah tina dosa-dosa aranjeun, tamprakkeun leungeun-leungeun aranjeun dibarengan ku do'a dina shalat-shalat aranjeun, saestuna dina eta waktu panghade-hadena waktu pikeun Allah merhatikeun makhluk-Na anu pinuh ku rahmat, Allah bakal langsung ngajawab do'a hamba-Na, Allah bakal langsung ngajawab panggero makhluk-Na, sarta Allah bakal langsung ngabulkeun do'a manusa".
"He sakabeh manusa, saestuna jiwa aranjeun teh kagadekeun ku amal pagawean aranjeun, ku kituna bebaskeun jiwa aranjeun teh ku istighfar. Jeung dina taktak-taktak aranjeun teh pinuh ku dosa-dosa aranjeun, ku kituna entengkeun taktak-taktak aranjeun teh ku jalan ngalobakeun sujud ka Allah. Jeung sing nyaho, saestuna Allah Ta 'Aala, sumpah dina ka-Agungana-Na, yen moal nyiksa jalma-jalma anu shalat jeung sujud, jeung oge Allah sumpah moal bakal nyingsieunan hamba-Na ku Naraka, dina waktu manusa harudang dina waktu ngadeuheus ka Rabbul 'alaamiin".

"He sakabeh manusa, sing saha diantara aranjeun aya nu mere dahareun pikeun buka ka para mu'minin anu keur shaum dina ieu bulan, pagaweanana ieu pikeun Allah disaruakeun jeung hiji pagawean ngabebaskeun hamba sahaya, jeung ampunan Allah tina dosa-dosana nu kaliwat". (Ditengah-tengah khutbah Rasulullah SAW ditaros : "Yaa Rasulullah ! henteu sadayana diantara nu hadir ieu, mampu ngalaksanakeun anu disebatkeun nembe !". Saur Rasul : "Jauhan seuneu naraka sanajan ngan ukur ku korma sasiki, jauhan seuneu naraka sanajan ngan ukur ku cai sagelas. Saestuna Allah Ta 'Aala bakal ngalimpahkeun pahala pikeun jalma anu ngalakukeun pagawean anu saeutik, saupami eta jalma henteu mampu ngalakukan pagawean anu leuwih ti eta". )

"He sakabeh manusa, sing saha di antara aranjeun dina ieu bulan ngomean akhlakna, tangtu manehna bakal bisa ngaliwatan shirat, dina waktu nu sejen mah tikosewad. Sing saha anu dina ieu bulan ngentengkeun hamba sahaya anu dipimilikna, nya Allah bakal ngentengkeun manehna dina hisabna. Sing saha anu dina ieu bulan mampu nahan pagawean-pagawean jahatna, nya Allah bakal nahan bendu-Na jaga, waktu manehna ngadeuheus ka Allah Azza wa Jalla. Sing saha anu dina ieu bulan ngamulyakeun anak yatim, nya Allah bakal ngamulyakeun eta jalma dina waktu ngadeuheus ka manten-Na".

"Sing saha anu dina ieu bulan nyambungkeun silaturahmi, nya Allah bakal nyambungkeun rahmat-Na ka eta jalma dina waktu ngadeuheus ka manten-Na. Tapi sing saha anu dina ieu bulan mutuskeun silaturahmi, nya Allah bakal mutuskeun rahmat-Na. Sing saha anu sukarela dina ieu bulan ku silaturahmi, nya Allah bakal netepkeun kabebasan pikeun maranehanana".

"Sing saha anu dina ieu bulan migawe pagawean fardhu, sarua jeung geus migawe 70 kali tikel fardhu dina bulan-bulan sejenna. Sing saha anu dina ieu bulan ngalobakeun shalawat ka kami, nya Allah bakal ngabeungbeuratan timbanganana, dimana timbangan-timbangan nu sejen hampang kacida, jeung sing saha anu dina ieu bulan maca Al Qur-an najan ukur saayat, pikeun dirina pahalana disaruakeun saperti manehna khatam Al Qur-an dina bulan-bulan sejenna.

"He sakabeh manusa, saestuna panto-panto surga dina ieu bulan dibukakeun, ku kituna aranjeun ngado'a ka Allah sangkan panto-panto surga henteu ditutupkeun pikeun aranjeun. Jeung saestuna panto-panto naraka ditutupkeun, ku kituna aranjeun ngado'a ka Allah sangkan panto-panto naraka henteu dibukakeun pikeun aranjeun. Jeung saestuna setan-setan dina ieu bulan dicangkalak, ku kituna aranjeun ngado'a ka Allah sangkan setan-setan henteu haben-habenan ngokop jeung ngagoda aranjeun".

Ngalenyepan khutbah Nabi nu panjang lebar ieu, saestuna urang tatan-tatan nyiapkeun diri pikeun jadi tamu Allah dina ieu sasih, nohonan pangulem anu agung ieu, malah sawadina urang nyiapkeun diri ku adab-adab kasopanan, paling saeutik ku gambaran lahiriahna, sok padahal adab-adab kasopanan anu paling hakiki mah ku jalan soson-soson dina ngalaksanakeunana, anu teu weleh disarengan ku ku kasulitan katut pinuh ku kacape.

Shaum sanes mung ukur nahan tina tuang sareng leueut wungkul, oge nebihan padamelan-padamelan ma'siat, ngarupikeun adab sareng kasopanan anu paling utama, saupami ngan ukur henteu kalebetan tuangan sareng leueuteun dina waktos siang, nanging dina wengi-wengina dieusian ku tuangeun sareng leueuteunana sapertos nu kamalinaan, bari diembohan ku padamalen-padamelan hina, sapertos ghibah, mitenah, ngupat sareng sajabana, atuh poos shaumna teh teu aya naon-naon pisan. teu kenging faedah saeutik-eutik pisan.

Yaa Allah Yaa Rabbanaa, tebihkeun abdi sadaya, tina sagala rupi godaan anu baris ngirangan kana ajen shaum Ramadhan taun ieu.

Allaahumma Yaa Allah, taun ieu abdi sadaya mayunan shaum Ramadhan, mugi Allah maparin taufik sareng hidayah ka abdi sadaya, sangkan abdi sadaya tiasa ngalaksanakeun ibadah shaum ieu, numutkeun aturan Allah.

Amiin Yaa Rabbal 'Alamiin




-----mmd-----